Kamis, 30 Agustus 2018

RESÉNSI FILM

RESÉNSI FILM
:Pikeun Bahan Pangajaran basa Sunda Kelas 12

Naon ari resénsi téh?
Babari henteu nya cara nulisna?

Sacara étimologis, kecap resénsi asal kecap tina basa Latin, nyaéta kecap pagawéan revidere atawa recensere. Kadua kecap ieu téh ngandung harti nitén deui/melihat kembali, nimbang, atawa ngajén. Dina basa Belanda dipiwanoh ku istilah recensie jeung dina basa Inggris dipiwanoh ku istilah review. Sababarha ieu istilah téh nyoko kana hal nu sarua nyaéta neuleuman hiji buku.
Numutkeun Gorys Keraf resénsi téh ”hiji tulisan atawa bahasan ngeunaan ngajén hiji hasil karya atawa buku” (Keraf, 2001 : 274). Tina sababaraha harti ieu téh ayana istilah séjén tina kecap resénsi nyaéta kecap tinimbangan buku, nyaritakeun buku, jeung bahasan buku. Intina ngabahas ngeunaan eusi hiji buku boh fiksi boh nonfiksi.
Dumasar kana sababaraha pamadegan resénsi téh bisa dicindekeun nyaéta tulisan ilmiah nu ngabahas eusi hiji buku, kahéngkéran, jeung kaunggulanna pikeun méré nyaho ka masarakat nu maca.
Sakumaha nulis karangan séjénna, nulis resénsi mibanda tujuan. Gorys Keraf nétélakeun tujuan nulis resénsi nyaéta: ”…nepikeun ka nu maca naha hiji buku atawa hasil karya sastra téh meunang pamapag ti masarakat atawa henteu?” (Keraf, 2001 : 274). Daniel Samad (1997 : 2) nétélakeun tujuan nulis resénsi nu ngawengku lima tujuan di antarana:
a)     Méré informasi atawa pamahaman nu kompréhénsif ngeunaan naon nu aya jeung kaungkab dina hiji film.
b)     Ngajak nu lalajo pikeun mikirkeun, neuleuman, jeung nyawalakeun ngeunaan fénoména atawa problema nu muncul dina hiji film.
c)     Méré tinimbangan ka nu lalajo naha hiji film téh pantes meunang pamapag nu hadé atawa henteu ti masarakat.
d)     Ngajawab patalékan nu tumuwuh/timbul, lamun salah saurang jalma nongton film nu anyar rilis, diantarana: saha sutradarana, naha manéhna nyieun éta film.
Nulis hiji resénsi henteu gampang. Pikeun ngalakukeun ieu kagiatan téh diperlukeun sababaraha sarat pikeun saurang nu nulis. Numutkeun Brotowojoyo (1985, 125), aya tilu sarat utama pikeun nu nulis ngaresénsi sangkan mampuh resénsi, diantarana:
a)     Nu nulis kudu boga pangaweruh dina widangna. Hartina, lamun seug nu nulis rék ngaresénsi hiji film, ku kituna manéhna kudu boga pangaweruh ngeunaan tiori film jeung kamekaranana. Ieu hal diperlukeun sangkan nu nulis bisa méré babandingan kana karya séjénna nu sarupa. Kamampuh analisis ogé dipangaruhan ku ieu unsur.
b)     Nu nulis kudu mibanda kamampuh analisis. Hiji film ngawengku unsur internal jeung éksternal. Nu nulis resénsi kudu mampuh ngungkab ieu unsur-unsur. Éta unsur téh dianalisis pikeun ngajén luyu henteuna. Kamampuh analisis ieu téh bakal nganteurkeun nu nulis kana kamampuh ngajén naha hiji film pantes dibaca masarakat atawa henteu.
c)     Nu nulis ogé dipiharep mibanda pangaweruh dina acuan nu sabanding. Hartina, nu nulis bakal ngabandingkeun hiji karya jeung karya séjénna nu sarupa. Ku ieu hal nu nulis bakal mampuh manggihan kahéngkéran jeung kakurangan hiji karya.

SISTEMATIKA RESÉNSI
Sistematika resénsi atawa babagian resénsi dipiwanoh ogé ku istilah unsur resénsi. Unsur nu ngawangun hiji resénsi numutkeun Samad (1997:7-8) nyaéta: (1) judul resénsi; (2) data buku; (3) bubuka; (4) eusi/tubuh resénsi; jeung (5) panutup.
a)     Judul Resénsi
Judul resénsi kudu ngagambarkeun eusi resénsi. Nulis judul resénsi kudu jelas, singget, jeung henteu nimbulkeun kasalahan nafsirkeun/penafsiran. Judul resénsi ogé kudu kataji/narik, nepika nimbulkeun minat maca ka rék maca. Sabab mimitina nu bakal dititén téh nyaéta nitén judul tulisan
b)     Data film
Sacara umum aya dua cara nulis data buku nu bisa kapanggih dina nuliskeun resénsi di média citak diantarana:
a. Judul film (judul, genre, bintang film, sutradara)
b. Pangarang (éditor, penyunting, nu narjamahkeun, atawa kecap panganteur, produksi, taun rilis.
c)     Bubuka/Pendahuluan
Bagian bubuka bisa dimimitian ku ngajéntrékeun ngeunaan awal carita, seperti ngaranna, atawa préstasina. Aya ogé resénsi film nu dina bagian bubuka téh ngawanohkeun gurat badagna eusi film. Bisa ogé ku méré sinopsis film.
d)     Tilikan Eusi/Tubuh Resénsi
Dina ieu bagian téh nu nulis resénsi (peresensi) meunang ngamimitian ku sinopsis film. Biasana nu diébréhkeunana téh poko eusi film nu ringkes. Tujuan nulis sinopsis dina ieu bagian nyaéta pikeun méré gambaran sacara global ngeunaan naon nu hayang ditepikeun dina eusi/tubuh resénsi. Lamun sinopsisna geus diwanohkeun peresensi satuluyna ngungkabkeun kaunggulan jeung kahéngkéranna eusi film.
e)     Panutup
Bagian ahir resénsi biasana dipungkas ku sasaran nu dituju ku éta buku. Satuluyna ditambahan ku ngajelaskeun naha ieu film téh pantes atawa henteu ku pangarang saluyu jeung nu dipiharepna. Gunakeun alesan-alesanna nu logis.

Léngkah-léngkah nulis resénsi nyaéta:
1.   Tahap ngararancang, ngawengku: (a) Maca conto-conto resénsi; jeung (b) nangtukeun film nu rék diresénsi.
2. Tahap ngumpulekun data: (a) Nongton/lalajo film nu rék diresénsi; (b) Nandaan babagian nu rék dijadikeun kutipan data; (c) nuliskeun data-data nuliskeun resénsina.
3. Tahap nuliskeunana, ngawengku: (a) nuliskeun idéntitas film; (b) Ngungkabkeun sinopsis film; (c) ngungkabkeun kapunjulan/kaunggulan jeung kahéngkéran film; (d) Ngungkabkeun sasaran nu maca; jeung (e) Ngoméan/ngoréksi dumasar runtuyan kalimahna, kohési jeung kohérénsi karangan, diksi, éjahan jeung tanda bacana.

UNSUR-UNSUR FILM
Film téh mangrupa hasil karya babarengan atawa rukun gawé koléktif. Ku kituna, prosés nyieun film téh pasti ngalibetkeun gawéna sababaraha urang atawa profési. Unsur-unsur nu panggedéna dina prosés nyieun film diantarana nyaéta: produser, sutradara, nu nulis skénario, nu nata kaméra (kaméramen), nu nata artistik, nu nata musik, éditor, nu ngeusi sora suara, aktor-aktris (bintang film).
1.     Produser
Unsur paling utama (nu pangluhurna) dina tim produksi atawa nyieun film nyaéta produser. Sabab produser téh nu nyiapkeun waragad/dana nu digunakeun dina produksi film. Produser mangrupa pihak nu tanggungjawab kana sagala hal nu diperlukeun dina prosés nyieun film. Salian ti waragad/dana, ide atawa gagasan, produser ogé kudu nyadiakeun naskah bakal difilmkeun, sarta sajumlah hal séjénna nu diperlukeun dina prosés produksi film. 
2.     Sutradara
Sutradara mangrupa pihak atawa jalma nu pangtanggungjawabna kana prosés nyieun film di luar hal-hal nu patalina jeung waragad/dana jeung propérti séjénna. Ku sabab kitu, biasana sutradara nempatkeun posisi salakujalma penting kadua” di hiji tim produksi film. Dina prosés nyieun film, sutradara boga pancén ngarahkeun sakabéh alur jeung prosés pindahna hiji carita atawa informasi tina naskah skénario kana aktivitas produksi.
3.     Nu Nulis Skénario
Skénario film nyaéta naskah carita film nu ditulis kalawan gugon kana standar atawa aturan-aturan nu tangtu. Skénario atawa naskah carita film téh ditulis kalawan nekenkeun nu leuwih ngutamakeun kana sual visualisasi tina hiji situasi atawa peristiwa ngaliwatan adegan demi adegan nu jelas ngungkabkeunana. Jadi, nu nulis skénario film nyaéta nu nulis naskah carita nu rék difilmkeun. Naskah skénario nu ditulis skénario nu satuluyna digarap atawa diwujudkeun ku sutradara jadi hiji karya film. 
4.     Nu Nata/Penata Kaméra (Kaméramén)
Penata kaméra atawa popilérna mah kaméramén nyaéta nu tanggungjawab dina prosés ngarékam (pengambilan) gambar dina nyieun film. Ku sabab kitu, kaméramén dipiharep mampuh nyieun carita nu matak kataji/menarik, mempesona jeung ngirut émosi nu lalajo ngaliwatan gambar unggal gambar nu dirékamna dina kaméra. Dina tim gawé produksi film, penata kaméra mingpin departemen kaméra.
5.     Nu Nata/Penata Artistik
Penata artistik (art director) nyaéta salah saurang jalma nu boga pancén pikeun mintonkeun/menampilkan cita rasa artistik dina hiji film nu diproduksi. Saacan hiji carita divisualisasikeun kana film, penata artistik sanggeus leuwih ti heula meunang kajelasan ti sutradara pikeun nyieun gambaran kasar adegan demi adegan dina sketsa, boh hitam putih boh warna. Pancén penata artistik di antarana nyadiakeun sarana, diantarana lingkungan kajadian, tata rias, tata pakéan, alat kalengkapan nu rék digunakeun ku parapalaku (pemeran) film jeung nu séjénna
6.     Nu Nata/Penata Musik
Penata musik nyaéta salah saurang nu boga pancén atawa nu tanggungjawab sapinuhna kana sora musik. Penata musik dipiharep lain ngan saukur ngawasa musik wungkul, tapi kudu boga kamampuh atawa apal kana carita atawa pesen nu ditepikeun ku film. 
7.     Editor
Hadé goréngna hiji film nu diproduksi ahirna mah bakal ditangtukeun ku éditor nu boga pancén ngédit unggal gambar dina film. Jadi, éditor nyaéta salah saurang nu boga pancén atawa nu tanggungjawab dina prosés ngédit gambar.
8.     Nu Ngeusi/Penata Suara
Pengisi suara nyaéta salah saurang nu boga pancén ngeusian sora pamn film. Jadi, henteu sakabéh pamn film ngagunakeun sorana sorangan dina dialog film. Nu nata/Penata sora nyaéta salah saurang atawa pihak nu tanggungjawab dina nangtukeun hasil sora nu karékam dina hiji film. Dina tim produksi film, penata sora boga tanggungjawab mingpin departemen sora/suara.
9.     Bintang Film (Pemeran)
Bintang film atawa pemeran film jeung biasana disebut aktor jeung aktris nyaéta nu merankeun atawa bintang filmna dina hiji film nu diproduksi kalawan merankeun tokoh-tokoh nu aya dina carita éta film nu luyu jeung skénario nu aya. Hadé-henteuna hiji film téh teu leupas tina hadéna paraaktor jeung aktris dina merankeun tokoh-tokoh nu diperankeunna luyu jeung tungtutan skénario (carita film), utamana dina mintonkeun watek jeung karakter tokoh-tokohna. Pemeran dina hiji film kabagi jadi dua, nyaéta pemeran utama (tokoh utama) jeung pemeran pembantu (piguran).

GÉNRE/JENIS-JENIS FILM
1.     Action/Laga
Action nyaéta film nu ngandung lobana gerak sacara dinamis para aktor jeung aktris dina gegedénna adegan film, siga adegan silih témbak, gelut silih udag, perang, jsté.
Contona: The Raid
2.     Adventure
Adventure nyaéta génre film nu nyoko kana hiji alur petualangan nu pinuh tetebakan/teka-teki dina sababaraha adegan film.
Contona: Gerbang Neraka (2017), 3 Hari untuk Selamanya.
3.     Animation/Kartun
Animation génre film kartun animasi kalawan sababaraha alur carita. Biasana génre film ieu téh miboga sub génre méh sarua jeung génre utama film non animasi.
Film kartun dina sinématografi dikatégorikeun salaku bagian nu integral film nu boga ciri jeung wangun/bentuk husus. Film sacara umum mangrupa runtuyan gambar nu diangkat tina objek nu bagerak. Gambar obyék satuluyna diproyéksikeun kana hiji layar jeung muterna dina waktu nu tangtu nepika ngahasilkeun gambar hirup. Film kartun dina sinématografi nyaéta film nu dina mimitina dijieun tina leungeun jeung mangrupa sababaraha ilustrasi.
Contona: Garuda Riders, Sopo Jarwo, jeung Sahabat Pemberani.
4.     Biograpi
Biograpi nyaéta génre film nu ngandung unsur sajarah, lalakon hirup atawa karir salasaurang tokoh, ras jeung kabudayaan atawa kelompok.
Contona: Habibi & Ainun
5.     Komédi
Comedy nyaéta génre film nu pinuh ku komedi jeung heureuy salaku gurat badagna alur carita film.
Sarua jeung film fantasi, inti film komédi bisa sarua jeung film séjénna. Nu ngabédakeunana nyaéta unsur komédi atawa lucu nu bisa nyieun nu lalajo sareuri.
Contona: Warkop DKI
6.     Crime/Detéktif
Crime nyaéta génre film nu mintonkeun skénario kajahatan kriminal nu jadi intina tina sagemblengna film Koréa.
Contona: The Snowman (2017)
7.     Documentary/Dokuméntér
Génre film ieu pasti réa nu apal. Padahal réa élmu nu bisa dicangking ku uarang tina ieu film.
Documentary nyaéta génre film nu eusina ngeunaan kajadian jeung peristiwa nu kajadian sacara nyata.
Film dokuméntér némbongkeun réalita/kanyataan ngaliwatan sababaraha cara jeung dijieun pikeun sababaraha rupa tujuan. Ngan kudu diaku, yén film dokuméntér teu pernah leupas tina tujuan ngémbarkeun informasi, pendidikan, jeung propaganda pikeun jalma atawa kelompok séjénna. Intina, film dokuméntér tetep nyoko/berpijak kana kanyataan. (Adhi Nugroho, 25/8/2013).
Contona: Indonésia Kirana, Petani Terakhir, jeung Gesang Sang Maestro Keroncong.
8.     Drama
Drama nyaéta génre film nu ngandung hiji alur nu miboga hiji téma nu tangtu siga halna cinta, kahirupan, sosial, jeung nu séjénna.
Film ieu kaasup film nu hampang dibandingkeun jeung film horor. Umumna nyaritakeun ngeunaan konflik kahirupan. Rupaning film drama bisa katégorikeun luyu jeung téma atawa ide caritana.
Contona: The Philosophers, Merantau, jeung Cinta dalam Kardus.
9.     Family/Kulawarga
Film ieu téh umumna mah mibanda carita nu hampang, ide carita jeung konflikna babari diréngsékeunana. Ieu film luyu mun dilalajoan ku barudak.
Family nyaéta génre film nu luyu pikeun lalajoanan jeung kulawarga
Contoh: Garuda di Dadaku
10.  Fantasi
Fantasy nyaéta génre film nu pinuh ku imajinasi jeung fantasy. Ieu film téh biasana nu leuwih alus mah film jieunan bangsa deungeun, soalna visualna ngarojong kana jalanna carita.
Téma atawa konflik tina film ieu henteu béda-béda teuing jeung film séjénna. Nu ngabédakeun film fantasi jeung film séjénna nyaéta setting atawa kasang tukang sarta karakter tokoh nu unik, nu henteu aya di dunya nyata. Setting waktu film fantasi biasana mangsa katukang atawa nu bakal datang, tapi aya ogé nu settingna mangsa kiwari.
Contona: Ambilkan Bulan (2012), The Mentalist (2011), jeung Aladin dengan Lampoe Wasiat (1941)
11.  Film-Noir
Film-Noir nyaéta génre film nu nyokot hiji istilah sinematik nu digunakeun pikeun ngagambarkeun gaya film Hollywood nu mintonkeun drama-drama kriminal, hususna nu nekenkeun kaambiguan moral jeung motivasi séksual.
Contona: They Live by Night (1948), Kiss Me Deadly (1955), jeung Out of The Past (1947)
12.  Game-Show
Game-Show nyaéta génre film nu témana hiji pintonan kaulinan nu jadi inti dina sakabéh carita.
Contona: Deal or no Deal jeung How Want to be Millioner
13.  Histori
History nyaéta génre film nu ngandung carita mangsa katukang luyu jeung kajadian atawa peristiwa nu geus jadi hiji sajarah.
Contona: Janur Kuning (1979), Sang Pencerah (2010), jeung Tjoet Nja Dhien (1986)
14.  Horror
Horror nyaéta génre film nu eusina ngeunaan kajadian mistis jeung nu aya patalina jeung kajadian-kajadian nu serem jeung pikasieuneun nu jadi nyawana ieu film.
Contona: Pengabdi Sétan (2017), Jailangkung (2017), jeung Air Terjun Bukit Perawan (2016)
15.  Musikal
Musicals nyaéta génre film nu patalina jeung musik. Biasana ieu film téh ngagabung jeung film séjénna, kayaning film drama romance documentary, tapi nu leuwih némbongkeunana téh nyaéta musikna.
Contona: Rumah Tanpa Jendela (2011), Cahaya Kecil (2013), jeung Laskar Semut Merah (2014)
16.  Misteri
Misteri nyaéta génre film nu ngandung alur carita nu pinuh ku lalangsé atawa teka-teki pikeun ngungkabkeun inti tina ieu film. Film ieu téh film nu matak jadi mikir jeung degdegan nu lalajo.
Contona: Nafsu Gila (1973), Belenggu (2013), jeung Kabut Unggu di Bibir Pantai (1981)
17.  Romantis
Film nu nyaritakeun ngeunaan konflik cinta antara manusa.
Contona: Heart (2006), AADC (2002), jeung Arisan (2003)
18.  News
News nyaéta génre film nu loba méré informasi ngeunaan hiji hal nu sipatna informatif, karéréanana ieu génre téh sipatna talk-show jeung komédi.
19.  Sci-Fi (Fiksi Ilmiah)
Sci-Fi nyaéta génre film fantasi imajinasi pangaweruh hususna nu sipatna exact nu dimekarkeun pikeun meunangkeun dasar nyieun alur film nu nyoko kana panalungtikan jeung pamanggih ngeunaan teknologi.
Sci-Fi ogé kalibet téma- téma nu lega jeung miboga subgenre nu ngaakibatkeun hésé pikeun didéfinisikan sacara jelas. Sci-Fi sorangan nyaéta salah sahiji génre tina carita fiksi (fiction) nu mibanda ciri husus nyaéta hal imajinasina nu pakait jeung miboga kamungkinan pikeun dijelaskeun.
Contona: Pandawa 5 (1983), Darna Ajaib (1980), jeung Topeng Besi (1953)
20.  Sport
Sport nyaéta génre film nu dikasangtukangan ngeunaan olah raga
Contona: Juara Karate (1977), Garuda di Dadaku (2009), jeung Tendangan dari Langit
21.  Thriller
Teu saeutik nu nyebutkeun ieu film thriller téh film horor, nu jadi sababna mah film thriller sarua ngajadikeun jantung ngageder nalika lalajona sarua jeung film horor. Bédana, film thriller mah henteu nyaritakeun ngeunaan mistik atawa supranatural nu jadi ciri utama film horor. Film thriller bisa dihartikeun salaku film nu ngagederkeun jajantung.
22.  War
War nyaéta génre film nu luyu jeung katégorina nyaéta miboga inti carita jeung kasangtukang peperangan.
Contona: Saving Private Ryan (1998), Amercan Sniper ((2014)
23.  Western
Western nyaéta génre film nu patalina jeung suku di Amérika jeung kahirupan di jaman kabudayaan Indian nu masih aya kénéh, biasana cirina aya tokoh koboy nu make kuda, sherif jeung adeganna nu tétémbakan. 
Contona: Dance With Wolves (1990)
24.  Film Kolosal
Kolosal ngandung harti gedé pisan. Film ieu téh umumna diproduksi kalawan ngagunakeun waragad nu leuwih loba jeung ngalibetkeun loba pamaén, ti mimiti tokoh utama nepi ka figuran. Biasana, film kolosal méh unggal film témana sajarah atawa zaman kuno nu mintonkeun adegan peperangan nu leuwih gedé. Contona: film Gladiator (2000) jeung The Last Samurai (2003).
25.  Film Pondok
Durasi film carita pondok biasana di handapeun. Di sababaraha nagara, diantara waé: Jérman, Australia, Kanada, Amérika Serikat, jeung Indonésia, film carita pondok dijadikeun laboratorium ékspérimén jeung léngkah salah saurang pikeun  satuluyna diproduksi film carita nu panjang.
26.  Film Panjang
Film kalawan durasi leuwih ti 60 menit sakumaha umumna/lazimna durasi 90-100 menit. Film nu diputer di bioskop umumna kaasup kana ieu kelompok film. Contona: Dances With Wolves, malah durasina leuwih ti 120 menit. Film-film produksi India rata-rata durasina nepika 180 menit.

Conto Resénsi Film 5 CM karya Rizal Mantovani

Judul Film     : 5 CM
Sutradara      : Rizal Mantovani
Produsér       : Sunil Soraya
Pemeran       :
1.     Fedi Nuril salaku Genta
2.     Igor salaku Ian
3.     Herjunot Ali salaku Zafran
4.     Deni Sumargo salaku Arian
5.     Raline Shah salaku Riani

Sinopsis:

Lima urang pamuda nu geus lila babarengan saprak mimiti kuliah nepi ka kiwari. Hiji waktu maranéhna ngarasa bosen ku aktivitas maranéhna jeung asa ngarasa biasa waé jeung hambar. Genta boga pikiran nu jadi sumber kabosenna téh tina hubunganana jeung babaturanana nu biasa-biasa waé, nu dilakukeun jeung pagawéanana sapopoé téh kitu-kitu waé. Genta boga karep pikeun misah jeung babaturanana salila 3 bulan jeung ahirna papanggih dina waktu nu geus ditangtukeun. Mimitina mah babaturan Genta téh teu nyatujuan, ngan ahirna mah maranéhna pada panuju kalawan tinimbangan nu tangtu.
Sanggeus 3 bulan misah, maranéhna ngarasa sono, ku kituna ngayakeun kagiatan nu sakirana piraméeun nyaéta naék gunung nu pangluhurna sa-pulo Jawa nyatana Mahaméru. Sajeroning lalampahanana ka Mahaméru téh tangtuna waé loba halangan-harunganana nu kasanghareupan ku maranéhna, ahirna mah maranéhna bisa sanggup ngabuktikeun yén maranéhna bisa nepi ka puncakna Mahaméru.

Resénsi:

Film ieu téh nyaritakeun ngeunaan sosobatanna 5 urang pamuda nu ngaranna Arial, Genta, Ian, Zafran, jeung Riani. Film 5 CM diadaptasi tina novel nu judulna 5 cm karya Donny Dhirgantoro. Dina hiji waktu nalika maranéhna ngumpul di imahna Arial. Geus jadi kabiasaan maranéhna pikeun indit babarengan mun seug ahir bulan datang téh. Keur genah-genahna ngobrol ngalér-ngidul, ujug-ujug Genta nepikeun katugenah haténa ka sobat-sobatna. Genta nyebutkeun yén unggal poé nu geus kalakonan ku maranéhna téh ngarasa bosen jeung karasana kitu-kitu waé. Riani teu satuju, jeung nyebutkeun yén sosobatan maranéhna téh teu aya masalah. Malah Riani malik  nanya ka Genta, kunaon pangna ngarasa bosen téh? Ahirna mah Genta ogé ngajelaskeun alesanana pangna kitu téh. Genta ngusulkeun sangkan maranéhna henteu papanggih heula salila 3 bulan. Sajeroning 3 bulan téh maranéhna teu papanggih jeung teu meunang aya komunikasi. Lamun waktu 3 bulan geus kalakonan, Genta bakal méré nyaho ka sobat-sobatna yén maranéhna bakal papanggih deui.
Salila 3 bulan lumangsung, maranéhna teu papanggih jeung teu komunikasi. Réa hal nu ku maranéhna dilakukeun masing-masing. Genta sibuk ku pagawéan Event Organizerna, Harvan sibuk ku karesepna kana puisi, Ian sibuk ku pancén ahirna, Arial sibuk ku kagiatan fitnessna, jeung Riani sibuk nekunan pagawéanana jadi karyawan swasta. Diantara limaan téh, ngan Ian nu pangsibukna bajoang ngaréngsékeun pancén ahirna, Ian réa ngalaman kasulitan. Sababaraha halangan-harungan ku Ian dilakonan. Tungtungna mah Ian nya bisa ngalaksanakeun sidang skripsina.
Tiga bulan geus kalakon, Genta ngémbarkeun ka opat urang sobatna ngaliwatan SMS yén saminggu saacan papanggih unggal poé maranéhna kudu ngalakukeun olah raga jeung ngalakukeun tatahar sapuratina. Nepika nalika maranéhna papanggih, Genta can bisa nyebutkeun bakal kamana maranéhna téh. Maranéhna papanggih dina tanggal 15 Agustus di stasiun karéta jeung ngajugjug ka hiji tempat nu dirusiahkeun kénéh ku Genta. Rasa kapanasaran téh ahirna mah ka jawab, maranéhna ngalakukeun naék gunung nu pangluhurna di pulo Jawa nyaéta gunung Mahaméru.

Kapunjulan/Kelebihan Film 5 CM
Film 5 cm téh leuwih cocok mun seug dilalajoanan ku rumaja atawa pamuda. Milih tempat syutingna kasebut otentik dumasar novel aslina. Satuluyna Film 5 cm cocok dilalajoan ku rumaja atawa pamuda, pelajar, jeung kolot sabab nepikeun pesen sosobatan, henteu épés méér dina ngudah impian atawa cita-cita sarta kahayang sangkan hirup maju jeung nyieun karya.

Kakurangan Film 5 CM
Film 5 cm téh henteu aya konflik nu jadi klimaks nu ngawarnaan eusi carita novel, nepika karasana rada hambar.

#diropéa tina sababaraha sumber

1 komentar:

NOVÉL

Pedaran Ngeunaan Novél Novél nyaéta carita rékaan (fiksi) nu méré kesan kesan lir enya-enya kajadian tur ukuran panjang. Novél ogé kaasup wa...