Pedaran Ngeunaan Novél
Novél nyaéta carita rékaan
(fiksi) nu méré kesan kesan lir enya-enya kajadian tur ukuran panjang. Novél
ogé kaasup wangun basa lancaran nu miwujud lalakon, sarta palaku, latar jeung
leunjeuran caritana ngarancabang, tapi angger gumulung dina leunjeuran carita.
Sedengkeun unsur-unsur dina novél minangka salasahiji wangun prosa fiksi
ngawengku sababaraha bagian, nyaéta (1) téma, (2) fakta carita, nu ngurung (a)
galur, (b) palaku, jeung (c) latar, sarta (3) sarana carita, nu ngurung (a)
judul, (b) puseur panyawang, (c) gaya jeung nada.
Salian ti novél, aya deui
istilah roman jeung novélét. Tapi dina sastra Sunda mah éta istilah téh henteu
dibédakeun jeung novél. Maksudna mah, nu di batur disebut novél jeung novélét
téh, di urang mah disebut novél baé.
Dina kamekaranana, novél Sunda leuwih ti heula batan novél Indonésia. Novél Sunda pangheulanana dina basa Sunda téh nyaéta “Baruang ka nu Ngarora” karangan D.K. Ardiwinata (1914), sastrawan moyan saméméh perang. Lahir di Bandung taun 1886. Ari dina basa Indonésia novél nu pangheulana téh nyaéta “Azab dan Sengsara” karangan Mérari Sirégar (1920), ganjorna ogé genep taun sapandeurieun novél Sunda. Jadi ku kituna kurang merenah upama novél dina sastra Sunda téh mangrupa pangaruh tina sastra Indonésia.
Papasingan Novél
Novél téh bisa
dipasing-pasing jadi sababaraha bagian:
1.
Novél Barudak
Novél barudak nyaéta novél nu diajangkeun pikeun bacaeun
barudak. Masalah nu dicaritakeunana, masalah-masalah nu raket patalina jeung
kahirupan barudak. Kitu deui dina cara nyanghareupan jeung ngarésékeun éta
masalah, luyu jeung pikiran katut jiwa barudak, palaku utamana ogé barudak.
Novél barudak jeung pangarangna dina sastra Sunda, di
antarana:
a. Budak Teuneung, Budak Minggat beunang Samsudi
b. Miang jeung Kaludeung, Si Paser beunang Tatang Sumarsono
c. Guha Karang Legok Pari, Bima Rengkung beunang Hidayat Soesanto
d. Nu Sengit Dipulang Asih beunang
Ahmad Bakri
e.Tanah Anggar di Sebambam, Kedok Tangkorék,
Andar-andar Pangandaran, Paul di Pananjung Paul di Batukaras beunang Aan Merdéka Permana.
f. Budak Calakan, Néangan Bapa, jeung Dang
Umar ti Situraja beunang Adang S.
2.
Novél Rumaja
Novél rumaja nyaéta novél nu eusina nyaritakeun
masalah-masalah rumaja. Kitu deui palaku utamana ogé pararumaja. Di urang mah
novél rumaja téh henteu loba. Sawatara contona Cinta Pabaliut beunang Éddy D. Iskandar, Rini beunang Yoséph Iskandar, jeung Lalangsé beunang Aam Amilia.
3. Novél Déwasa
Novél déwasa nyaéta novél nu diajangkeun pikeun bacaeun nu geus déwasa (sawawa). Eusina nyaritakeun masalah-masalah jalma nu geus déwasa. Kitu deui palaku utamana ogé jalma déwasa. Sawatara contona Rusiah nu Goréng Patut beunang Yuhana jeung Sukria, Lain éta beunang Moh. Ambri, jeung Asmaramurka beunang Ahmad Bakri.
Pangarang Novél Sunda jeung Karyana
Sanajan henteu saloba novél basa Indonésia, novél basa Sunda nu dipedalkeun mangrupa buku, henteu kurang réana. Utamana taun 60-an jeung taun 70-an. Pangarang novél Sunda jeung karyana, di antarana:
NO. |
PANGARANG |
KARYANA |
1 |
D.K. Ardiwinata |
Baruang ka nu Ngarora |
2 |
Joehana |
Mugiri, Agan Permas,
Carios Eulis Acih, Kalepatan Putra Dosana Ibu Rama, Rusiah nu Goréng (Karnadi
Anémer Bangkong). |
3 |
Moh. Ambri |
Lain Éta, Numbuk di Sué,
Pusaka Ratu Teluh (saduran), Pependeman Nabi Sulaéman (saduran), Urang Désa. |
4 |
R. Méméd Sastrahadiprawira |
Pangéran Kornél, Mantri
Jero |
5 |
M.A. Salmun |
Gogoda ka nu Ngarora,
Randa Jegud |
6 |
Caraka |
Sripanggung |
7 |
Candrahayat |
Carmad |
8 |
Yus Rusamsi |
Dédéh, Wilujeng Énjing |
9 |
Aam Amilia |
Puputon, Buron, Lalangsé,
kalajengking |
10 |
Ahmad Bakri |
Juragan Batik, Srangéngé
Surup Mantén, Nu Sengit Dipulang Asih, Rajapati di Pananjung, Asmaramurka,
Mayit dina Dahan Jéngkol, Dina Kalangkang Panjara, Sanghiang Lutung Kasarung. |
11 |
R.A.F. |
Pipisahan, Nu Kaul Lagu
Kaléon, Béntang Lapang. |
12 |
Adang S. |
Ngepung Kahar Muzakar,
Néangan Bapa, Budak Calakan, Juragan Kabayan. |
13 |
Ningrum Julaéha |
Arca |
14 |
Abdullah Mustappa |
Mikung, Lembur Singkur,
Taréh Rosululloh |
15 |
Yoséph Iskandar |
Perang Bubat, Putri
Subanglarang, Pamanahrasa, Déwawarman, Rini. |
16 |
Éddy D. Iskandar |
Cinta Pabaliut |
17 |
Tatang Sumarsono |
Demung Jaggala, Miang
jeung Kaludeng, Jaro Bantahan, Kolébat Kuwung-kuwungan Kinasih Katumbirian,
Si Paser. |
18 |
Taufik Faturohman |
Patepung di Bandung |
19 |
Hidayat Soesanto |
Guha Karang Legok Pari,
Bima Rengkung, Kurawa Pandawa. |
20 |
Dédén Abdul Azis |
Pangantén |
21 |
Ki Umbara |
Si Lamsijan Kaédanan,
Bedog Si Rajapati. |
22 |
Samsu (Sambas &
Susangka) |
Laleur Bodas |
23 |
Margasulaksana |
Diarah Pati |
24 |
Nanie Sudarma |
Rasiah Geulang Rantay |
25 |
Min Resmana |
Napsu nu Matak Kaduhung,
Néangan Bapa, Imah nu Réa Kamarna. |
Tidak ada komentar:
Posting Komentar