Rabu, 29 Agustus 2018

TATAKRAMA BASA SUNDA BAGIAN 1


bagian 1
PERKARA TATAKRAMA BASA SUNDA
Tatakrama basa Sunda nyaéta ragam basa Sunda (diksi) anu dipaké atawa dipilihna dumasar kana kaayaan anu nyarita, anu diajak nyarita, jeung anu dicaritakeunana.
Istilah tatakrama basa dipaké pikeun ngaganti undak-usuk basa sabada Kongrés Basa Sunda 1988 di Cipayung, Bogor, dipaké pikeun ngagantikeun istilah undak-usuk basa Sunda. Alesanana nyaéta lantaran undak-usuk basa awalna dimaksudkeun salaku panta-panta basa pikeun ngabédakeun kaayaan sosial masarakatna.
Tatakrama basa biasa disebut ogé undak usuk basa. Numutkeun sawatara ahli asupna undak-usuk kana basa Sunda téh ti mimiti abad ka-17, dina mangsa sabagian tatar Sunda kaéréh ku Mataram. Utamana wewengkon Priangan, saperti: Ciamis, Tasikmalaya, Garut, Bandung, Sumedang, Sukabumi, jeung Cianjur (Tamsyah (1987: 9).
Numutkeun Sudaryat, Spk. (2013: 294) undak usuk basa atawa tatakrama basa mangrupa sopan santun makéna basa dina waktu komunikasi. Ieu sopan santun (etiket) téh geus disayuluan jeung dianjénan jadi hiji kahadéan ku warga masarakatna pikeun silih hormat jeung silih anjénan. Palebah dieu, undak usuk basa atawa tatakrama basa téh jadi hiji sistem ngagunakeun ragam basa (hormat-teu hormat) anu raket patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, kaakraban, jeung kontak antara panyatur jeung pamiarsa katut jalma nu dicaritakeun. Tatakrama basa di sakola kacida perlu diajarkeun, lantaran kujalan ngajarkeun tatakrama basa, sacara teu langsung ngajarkeun ogé karakter kasopanan, rasa hormat, silih ajénan, silih pikanyaah, rasa hormat ka sasama, rasa hotmat ka saluhureun, ka guru, ka kolot, jeung kaluhuran budi pekerti.
Dina seuhseuhanana mah nu disebut tatakrama basa téh silihargaan, silihajénan jeung papada jalma dina ngagunakeun basa, lain pikeun ngabéda-béda jalma dumasar kana harkat-darajatna atawa kalungguhanana.
Demi basa anu dipakéna nyaéta basa lemes atawa ragam basa hormat. Aya basa lemes keur ka sorangan jeung aya basa lemes keur batur. Tapi anu kitu wandana mah henteu loba. Tina rébuan kecap basa Sunda téh, paling loba ogé ngan 40 kecap. Kitu  ogé geus loba anu carang dipaké deui, saperti kajang mastaka (bantal), ampeg (asma), langgukan (topi), kacalikan (kasurupan), ngalelet (ngaroko), sesek (seubeuh), mariksa (nanya), jeung ngaweweratan (mihapé). Lolobana mah basa lemes anu sarua, boh keur ka batur boh keur ka sorangan.

Prinsip Tatakrama Basa
Undak usuk basa atawa tatakrama basa mangrupa kasopanan dina makéna basa. Wujud kasopanan bisa mangrupa (a) lisan/kecap, (b) pasemon, (c) rengkuh jeung peta, jeung (d) lentong nu merenah (Adiwidjaya, 1951:100).
Prinsip kasopanan téh miboga sababaraha rupa maksim. Sakumaha numutkeun Sudaryat, Spk. (2013: 294) undak usuk basa atawa tatakrama basa mangrupa kasopanan dina makéna basa. Ari prinsip kasopanan téh miboga sababaraha rupa maksim, nyaéta: (1) maksim kawijaksanaan, (2) maksim handap asor, (3) maksim kacocog, (4) maksim katumarima, (5) maksim kasimpati, jeung (6) maksim balabah.
1)  Maksim kawijaksanaan meredih omongan ku cara ngaréaan kauntungan atawa ngurangan karugian ka pamiarsa, diwangun ku omongan komisif jeung impositif. Contona:
a)  Mun bisa, kuring rék nepungan ka imah Bapa. (teu hormat).
b)  Upami tiasa, abdi badé nepangan ka bumi bapa. (hormat)
2)  Maksim Katumarima meredih sangkan omongan panyatur ngurangan kauntungan keur dirina atawa loba ngarurugi karep, diwangun ku omongan komisif jeung impositif. Contona, omongan kurang hormat, sabalikna omongan leuwih hormat.
a)  Cing ulah ngaroko baé, atuh! (teu hormat)
b)  Aya saéna upami rokona dipareuman. (hormat)
3)  Maksim pangcocog meredih sangkan omongan panyatur kudu leuwih cocog jeung pamiarsa, kurangan omongan anu teu cocog, biasana diwangun ku omongan asertif jeung éksprésif. Omongan si B dina wacana leuwih sopan tur cocog jeung kalimah si A, sabalikna omongan si C mah henteu cocog.
A : Basa Sunda téh énténg bangga, nya?
B : Enya.
C : Ah, ceuk saha sakitu babarina.
4)  Maksim kasimpatian meredih sangkan omongan panyatur ngalobaan rasa simpati atawa ngurangan antipasti ka pamiarsa, biasana diwangun ku omongan asertif jeung ékspérsif. Dina ieu wacana di handap, omongan si B nuduhkeun rasa simpati ka si A, sabalikna omongan si C nuduhkeun rasa kurang simpati atawa antipati.
A : Kuliah téh tiwas, teu bisa maju.
B : Sabar wé, laina nasib mereun.
C : Wah, pinter, nya.
5)  Maksim Balabah meredih sangkan omongan panyatur ngalobaan panghormatan jeung pamuji ka pamiarsa atawa ngurangan pamuji ka dirina, biasana diwangun ku omongan ékprésif jeung asertif. Contona, dina wacana di handap, omongan si A loba muji pamiarsa, jawaban si B ngurangan pamuji ka dirina. Kitu deui, jawaban si C loba muji si A.
A : Raos pisan angeun téh, Ceu.
B : Ah, angeun kieu disebut raos.
C : Saha heula atuh nu ngangeunna, ceu Juju.
6)  Maksim handap asor meredih sangka omongan panyatur leuwih loba ngahormatan atawa ngomah-ngomahan haté pamiarsa atawa ngurangna basa loma atawa kasar, diwangun ku omongan asertif jeung éksprésif. Dina wacana ieu di handap, omongan si A narekahan sangkan nguntungkeun pamiarsa, sabalikna jawaban si B ngurangan panghormatan atawa handap asor.
A : Saurna, tuang putera téh juara umum di sakolana?
B : Ah, saur saha? Pun anak mah ngedul, tara ngapalkeun.

Ragam Basa Hormat jeung Basa Loma

Sahenteuna aya dua ragam dina tatakrama basa Sunda, nyaéta basa hormat jeung basa loma. Basa hormat umumna dipaké dina suasana resmi, nyarita jeung nu dipihormat, ogé nyarita jeung nu can wanoh. Sedengkeun basa loma umumna dipaké dina suasana loma atawa jeung batur nyarita nu geus loma.
Dina enas-enasna mah, munculna tatakrama basa téh gumantung kana tilu perkara, nyaéta:
1)  Pamaké basa, saha panyatur (I), saha pamiarsa (II), jeung saha nu di caritakeun (III);
2)  Kalungguhan pamaké basa, naha sahandapeun (h), sasama (s), atawa saluhureun (I); jeung
3)  Gambaran rasa panyatur waktu komunikasi lumangsung, naha hormat (H), biasa atawa loma (L), naha teu hormat atawa kasar (K).
Basa lemes atawa hormat dipaké lamun urang nyarita bari hayang netelakeun panghormatan, boh ka diri sorangan (jalma I), boh ka diri batur nu diajak nyarita (jalma II) atawa nu dicaritakeun (jalma III). Nurutkeun satata henteuna antara panyatur, pamiarsa, jeung nu dicaritakeun, aya dua rupa kacap lemes, nyaéta lemes keur sorangan jeung lemes keur batur.
Contona:
1)  Abdi mah dongkap téh wengi. Dupi akang iraha sumping? (lemes keur batur)
2)  Mugi diantos heula, pun adi teu acan dongkap.(lemes keur sorangan)
Kecap dongkap disebut kecap lemes keur sorangan, ari sumping disebut kecap lemes keur batur. Keur jalma katilu nu umurna satata atawa sahandapeun panyatur, mun nyarita ka saluhureun, digunakeun kecap lemes keur sorangan.
Basa loma atawa kasar dipaké lamun jalma kadua jeung jalma katilu tanggapana sahandapeun jalma kahiji, atawa babaturan nu geus loma pisan. Sakapeung kecap loma téh dipaké nyarita harepeun balaréa. Contona:
A : Iraha datang ti Jakarta téh, Dén?
B : Kamari pabeubeurang.
Kecap datang jeung pabeubeurang dina wacana di luhur kaasup kana kecap loma. Dina kahirupan sapopoé sok kapanggih basa kasar pisan, biasana mun nyaritakeun sato atawa mun keur ambek. Contona:
Cekel cokor hayam téh, ngarah teu teterejelan baé.
teu neuleu pisan, cokor kotor dibanjut ka gogobrog.
Kecap cokor, neuleu, dibanjut, jeung gogobrog masing-masing kaasup kana basa kasar pisan atawa cohag.

Nu Maké Basa jeung Nu Dicaritakeun


Nu Maké Basa
Nu maké basa ngalibatkeun saha nu nyarita (panyatur) atawa nu nulis (panulis) jeung saha nu diajak nyarita (pamiarsa) atawa nu maca (pamaca). Lumangsungna komunikasi basa antara panyatur jeung pamiarsa museur kana objék nu dicaritakeun.
Panyatur jeung pamiarsa bisa béda-béda nurutkeun (1) umurna, (2) kaayaan warugana, (3) kaayaan mentalna, jeung (4) kamahéran maké basana. Tina segi umurna, nu maké basa téh bisa budak, rumaja, bisa kolot. Tina segi warugana, nu maké basa téh bisa lalaki bisa awéwé, malah bisa ogé banci. Tina kaayaan mentalna, nu maké basa téh bisa pinter bisa bodo, atawa siger tengah. Tina kamahéran basana, nu maké basa téh bisa capétang bisa arapap-eureupep, atawa lumrah baé.

Nu Dicaritakeun
Objék nu dicaritakeun dina omongan atawa wacana bisa mangrupa jalma, barang, kaayaan atawa kajadian. Objék nu mangrupa jalma sok disebut jalma katilu. Hal atawa perkara anu jadi galeuh omongan atawa wacana disebut jejer omongan.
Patali jeung topik, aya nu disebut téma jeung judul. Topik (tina basa Yunani topoi = tempat lumangsungna kajadian). Topik mangrupa jejer atawa galeuh omongan, biasana diwujudkeun dina hiji frasa, klausa, atawa kalimah. Saenyana mah, wacana téh boga topik; da anu boga topik mah ngan panyatur. Henteu salawasna topik téh nyampak dina wacana, tapi datang padeuri luyu jeung konteks situasi. Gelarna topik gumantung kana kasaluyuan maksud antara panyatur jeung pamiarsa waktu interaksi. Malah mindeng kajadian béda persepsi‘ antara panyatur jeung pamiarsa.
Tampolana topik téh karasa umum nepi ka kudu diwatesna jadi leuwih spesifik. Cara ngawatesan topik téh bisa disingget PUSAT B, nyaéta medar topik ngan kudu dumasar kana:
P (eranan) atawa fungsional,
U (ntung-rugina) alus goréngna, ngeunah-henteuna;
S (ajarah) asal-usulna, kaang tukang, jeung sikep panyatur;
A (ayana) kaayaan, fakta, data, atawa cara migawéna;
T (tipe-tipe)na, warna, wanda, atawa wangunna; jeung
B (ener-henteuna), luyu-henteuna, jeung kanyataanana.
Nilik kana eusina, aya tilu rupa topik, nyaéta topik salancar, topik jembar, jeung topik sambung luncat.
Topik salancar mangrupa topik anu dicaritakeun ku para panyatur kalawan babarengan. Hiji topik direreyang ku sababaraha urang. Contona:
A : Di sakola abdi mah nuju seueur kagiatan. Aya lomba maca sajak, biantara, ngarang, jeung ngadongéng.
B : Resep atuh.
A : Ih, puguh wé!
B : Ngiringan henteu?
A : Nya, ngirigan.
A : Sukur atuh, Muga-muga kénging.
Topik jember mangrupa topik anu dicaritakeun ku panyatur kalawan séwang-séwangan, tapi tetep sinambung lantaran aya babagian omongan ti panyatur saméméhna. Contona :
A : Di sakola abdi mah nuju seueur kagiatan. Aya lomba maca sajak, biantara, ngarang jeung ngadongéng.
B : Kamari abdi gé tos ti Borobudur Widyawisata.
C : Seueur guru anyar di sakola abdi mah. Ngawulangna ogé raoseun tur pikaresepeun. Matak genah diajarna ogé.
Topik sambung luncat mangrupa topik wacana anu béda-béda, anu dicaritakeun ku panyatur séwang-séwangan. Contona :
Dokter I : Kuring mah, alhamdulilah, dina sapopoéna téh ari ngawelas mah kudu. Matak, karék tilu taun gé geus ganti mobil deui.
Dokter II : Komo kuring mah, teu sirikna ngantay, nu uubar téh boa ka hareup mah teu kudu ngingu suster keur nganter pasén.
Dokter III   : kuring mah dina sabulan gé paling ogé dua atawa tiluan.
Dokter I : leuh, karunya, nya? Tapi, naha bisa kitu?
Dokter III   : Da kuring mah dokter matih, sakali datang ogé, tuluy cageur.
Topik raket patalina jeung téma. Topik mangrupa jejer pasualan nu dipidangkeun. Ari téma mangrupa amanat utama nu dipidangkeun ku panyatur dina wacana, wengkuan leuwih jembar tur abstrak batan topik. Najan kitu, sakapeung mah téma jeung topik téh padédémpét.
Topik ogé patali jeung judul atawa titel, nyaéta label, merek, atawa ngaran nu dilarapkeun kana hiji wacana, gunana pikeun ngahudang kapanasaran pamiarsa kana pasualan nu di pedar. Judul mangrupa slogan anu midangkeun topik dina wangun nu leuwih narik ati. Ku kituna, judul kudu luyu jeung nyuluran sagemblengna eusi wacana, écés, tur singget. Dijieuna judul biasa saméméhna atawa sabada wacana réngsé, utamana judul karya sastra. Judul karya ilmiah biasana ditangtukeun ti anggalna. Wujudiah judul bisa nembrak bisa linambang atawa ngiaskeun topik kalawang teu langsung.
Judul téh gedé gunana, wacana anu sagala-galana sarua, lamun dijudulan béda, baris ditapsirkeun béda. Bandingkeun wacana anu judulna béda, padahal runtuyan kalimah-kalimahna sarua.
Tos lohor, nya. Badé solat di masjid, Ceu. Ti luar aya sora ngagentraan. Mangga baé, ceuceu mah nuju dongkap tamu.
Wacana ngébréhkeun yén ceuceu “katatamuan nepi ka teu bisa solat”. Lamun judulna diganti ku “palangan”, anu dimaksud ku tamu” téh saenyana ménstruasi.

Galur Omongan
Galur omongan mangrupa jenglengan basa anu dipaké waktu lumangsungna komunikasi. Galur omongan aya patalina jeung (1) adegan omongan katut (2) laku basa. Di handap ieu pedaran hiji-hijina.
1) Adegan Omongan
Ari adegan omongan atawa adengan basa diwujudkeun ku sora, runtuyan kecap (word order), wangunan (konstruksi), jeung pilihan kecap (diksi). Ku kituna, adegan omongan miboga dua lapisan, nyaéta adegan lahir jeung adegan batin. Adegan lahir (surface structure) mangrupa kedaling sora (representasi fontesis), wujudiahna sora (kayaning fonem, morfem, kecap, frasa, kalusa, jeung kalimah), ayana dina wilayah baham, mangrupa paripolah ucap (parole, competence), sipatna hétérogen tur rinéka, antukna gancang robah. Adegan batin (deep structure) mangrupa aturan, rumus, atawa kaédah basa ( kayaning flonologi, morfologi, sintaksis, leksikon, jeung sematik), ayeuna dina wilayah uteuk, mangrupa kamampuh basa (langue, competence), sipatna homogén tur rélatif angger.
Dina galur omongan, anu relatif hésé robah téh nyaéta langue (rumus-rumus basa), sipatna angger, sawarna, tur teu kapangaruhan ku sistem anyar. Najan kitu, kedaling atawa éksprésina mah nu sok disebut parole (ucapan) relatif robah tur anékawarna, loba kapangaruhan ku sistem anyar, katembresan pangaruh waktu, tempat jeung situasi.

2) Laku Basa
Laku basa (language event) atawa pola ucap (speech act) mangrupa paripolah omongan anu dipaké ku panyatur waktu komunikasi basa. Disawang tina jihat pragmatis, sakurang-kurangna aya tilu rupa laku basa, nya éta lakuning ucap, lakuning gawé, jeung lakuning rasa.
Lakuning ucap atawa tindak lokusi mangrupa polah basa pikeun ngedalkeun hiji hal ka nu lain (Teh act of saying something). Dina lakuning ucap diwawarkeun hiji perkara saayanaan, teu dijieun-jieun, komo bari disumputsalindungkeun mah. Contona :
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (Sunda) aya dina wengkuan Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni (FPBS) Universitas Pendidikan Indonesia (UPI). Pernahna di jalan Dr. setiabudhi no 229. Teleponna (022) 2013163 Pes. 2407, Bandung 40154.
Lakuning gawé atawa tindak ilokusi mangrupa polah basa pikeun milampah hiji hal (Teh Act of Doing Something). Dina lakuning gawé henteu ngan ukur dipaké pikeun ngawawarkeun hiji hal, tapi ogé dipaké pikeun milampah hiji hal.
Contona:
Jang, geus panjang buuk téh. Gimbal deuih.
Omongan di luhur henteu ngan sakadar ngabéjaan yén buuk geus panjang‘, tapi nitah sangkan ―buuk téh kudu dicukur jeung dikuramas.

Lakuning rasa atawa tindak perlokusi mangrupa pola basa anu dipaké pikeun mangaruhan pamiarsa (Teh Act of Affecting) basa anu dipaké ku golongan masyarakat nu tangtu, di antarana, aya basa budak, basa rumaja, jeung basa kolot, disebut sosiolék atawa dialék sosial. Ragam basa anu dipaké dina wengkuan waktu anu béda, upamana, aya basa sunda buhun, jeung aya basa sunda kiwari, disebut kronolék atawa dialék temporal. Ragam basa anu dipaké pikeun tujuan nu tangtu luyu jeung fungsina disebut fungsiolek atawa dialék fungsional. Ragam basa anu has dipaké ku saurang panyatur disebut idiolek atawa dialek individual.
Disawang tina sikep pamaké basa, aya nu disebut gaya basa, nyaéta ragam basa anu has tur imajinatif nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka pamiarsa. Gaya basa bisa dipasing-pasing dumasar kana (1) adegan kalimah, saperti gaya basa klimaks, antiklimaks, pararelisme, antitesis, jeung repetisi; (2) nada, saperti gaya basa basajan, singer tengah, jeung gaya basa ruwed; (3) pilihan kecap (diksi), saperti gaya basa resmi jeung teu resmi; jeung (4) harti, saperti gaya basa aliterasi, eufimismeu, litotes, pleonasme, hiperbola, paradok, metafora, personifikasi, metonomia, jeung sindiran.
Disawang tina pamakéna basa, ragam basa bisa dibédakeun nurutkeun (1) jejer omongan, kayaning ragam basa agama, politik, ilmiah, téhnologi, ékonomi, seni, jeung hukum; (2) médium (sarana), kayaning ragam basa lisan jeung ragam basa tulis; jeung (3) hubungan pamaké basa, kayaning ragam basa hormat jeung loma, ragam basa resmi jeng teu resmi, ragam basa baku jeung teu baku.

Amanat Omongan
Amanat omongan mangrupa pesan panyatur nu geus katarima ku pamiarsa. Eusina mangrupa rasa, pikiran, jeung kahayang. Dina amanat aya maksud panyatur saperti ngawawarkeun, nanya, marentah, atawa cumeluk. Omongan wawaran meredih sangkan pamiarsa aya perhatian ka panyatur. Omongan pananya meredih sangkan pamiarsa ngajawab naon-naon nu ditayangkeun ku panyatur. Omongan parentah meredih sangkan pamiarsa malimpah pagawéan nu dikedalkeun ku panyatur. Ari omongan panyeluk digunakeun pikeun ngébréhkeun sora bituna rasa panyaturna.
Amanat omongan kacida raketna jeung eusi atawa harti nu dikandung ku omongan. Ku kituna, aya amanat nu langsung katarima ku pamairsa aya nu kudu di pikiran heula. Aya amanat nu torojogan bisa kaharti atawa kacangkem, aya amanat omongan anu merlukeun dadasar kalantipan atawa kasturi. Lamun pesan ti panyatur teu katarima jadi amanat ku pamiarsa, matak salah paham atawa pasalia (miscommunication, misunderstanding). Dina ngama‘naan atawa ngainferénsi wacana, aya dua hal nu perlu di diténan, nyaéta (1) paraduga jeung (2) implikatur. Di handap ieu dipedar hiji-hijina.
Paraduga atawa paraanggapan mangrupa pangira atawa panyangka anu aya patalina jeung kamustahilan bisa kajadian, masalah proyéksi atawa nonjolkeun hiji hal jeung rupa-rupa katerangan nu sipatna ngajéntrékeun. Praduga mangrupa prasarat pikeun nyindekkeun bener henteu omongan nu lain. Ku kituna, paraduga raket patalina jeung inferénsi kawacanaan, nyaéta prosés nu dipilampah ku pamiarsa geusan nyangkeum atawa maham ma‘na wacana anu henteu diébréhkeun langsung dina wacana. Inferénsi dipibutuh dina ngama‘naan wacana anu malibir atawa henteu togmol kana tujuan. Dina lebah dieu, sok aya omongan ―ulah ngan cukup ku ngarti wungkul, tapi kudu bari jeung surti deuih. Contona :
A : Bu, punten gelas nu bapa.
B : Badé cai hérang atanapi ci téh?
Kalimah nu diucapkeun ku si A lain ngan sakedar nanyakeun gelas wungkul, tapi aya maksud nu leuwih jero, nyaéta ménta cai nginum. Ku kituna, si B geus surti naon nu dipimaksud ku si A, nepi ka manéhna nanyakeun cai naon nu dipikahayang ku si A. kamampuh si B napsirkeun maksud nu teu torojogan ti si A téh disebutna kamampuh inferensi.
Hiji kalimah disebut méré praduga kana kalimah séjén lamun teu benerna kalimah kadua. (anu dipraduga) ngabalukarkeun kalimah kahiji (nu méré praduga) can bisa disebut bener atawa salah.
Contona:
Di alun-alun Bandung téh ramé pisan.
Kalimah di luhur dipraduga-duga yén ‗di alun-alun Bandung téh ramé pisan‘. Hal éta téh bisa ditarima lamun memang ―di alun-alun téh bener-bener ramé pisan. Sabalikna, lamun kanyataanana henteu kitu, nya kalimah di luhur bisa diajén bener-salahna.
Omongan atawa kalimah bisa ngaimplikasikeun proposisi anu lain bagian tina éta omongan. Proposisi anu diimplikasikeun téh disebutna implikatur (implicature). Ku sabab implikatur téh henteu jadi bagian omongan anu ngaimplikasikeunana, hubungan diantara éta dua proposisi téh konsékwénsina henteu multak (innecessary consequence) Contona:
A : Kang, seueul beuteung.
B : Tuh, aya warung nasi.
Dina wacana di luhur, omonan B lain bagian tina omongan A. Omongan B muncul lantaran ayana inferensi nu didadasaran ku kasang tukang pangaweruh yén di warung nasi téh pasti aya sangu nu bisa didahar. Ari sangu téh kapan ubar seueul beuteung atawa lapar.
Ku lantaran teu aya kakaitan ma‘na antara hiji omongan jeung nu diimplikasikeun, atuh teu kudu anéh mun hiji omongan téh bisa nimbulkeun rupa-rupa implikatur nu tan wates wangen jumlahna. Contona, omongan si A dina wacana (67) bisa nimbulkeun omongan si B, si C, atawa si D.
A : Kang ujang datang.
B : Rokona sumputkeun heula
C : Abdi mah badé permios heula.
D : Kamerna benahkeun heula.

Tatali omongan A-B nu sipatna multak téh sok disebut entailment.
A : Tiasa nyuhunkeun citéh. Asa hanaang pisan.
B : Abdi gé, tos ngaleueut mah, hanaang téh leungit.
Omongan B dina di luhur mangrupa bagian atawa konsékwénsi multak (necessary consequence) tina omongan A.

Gelarna Kecap-kecap Ragam Hormat (Lemes)
Gelarna kecap-kecap hormat téh bisa ku rupa-rupa cara, di antarana:
a. Dibalibirkeun: beuteung jadi patuangan
b. Diganti ku kecap séjén
(1) Ku basa Jawa:
kénca jadi kiwa
bulan jadi sasih
(2) Ku basa Sansekerta:
paéh jadi palastra
kawajiban jadi darma
(3) Ku basa Arab:
kuring jadi abdi
paéh jadi maot
(3) Ku basa Indonesia:
tuur jadi dengkul
leungeun jadi panangan (asalna: tangan)

c. Diganti salasahiji fonémna:
(1) /u/ jadi /i/ : kuat jadi kiat
(2) /u/ jadi /a/ : sebut jadi sebat
(3) /a/ jadi /i/ : rupa jadi rupi
(4) /i-u/ jadi /é-a/ : itung jadi étang

d. Dirobah engang panungtungna:
(1) …os : nyarita jadi nyarios
(2) …jeng : payu jadi pajeng
(3) …nten : kira jadi kinten
(4) …ntun : kirim jadi kintun
(5) …wis : nawar jadi nawis

Wanda Tatakrama Basa
Kecap-kecap anu dipaké dina tatakrama basa téh nyaéeta ragam kecap hormat (lemes)  jeung kecap loma. Kecap hormat dibédakeun jadi kecap hormat keur sorangan jeung kecap hormat keur ka batur. Variasi makéna ragam kecap hormat jeung loma téh aya sababaraha kamungkinan, di antarana:
a. Kecap loma =/= kecap hormat keur sorangan = kecap hormat keur batur
Kecap-kecap tatakrama basa anu polana kieu kapanggih kira-kira 199 kecap. Contona: abus =/= lebet = lebet utama =/= utami = utami
b. Kecap loma = kecap hormat keur sorangan =/= kecap hormat keur batur
Kecap-kecap tatakrama basa anu polana kieu kapanggih kira-kira 241 kecap. Contona: adu = adu =/= aben turut = turut =/= tumut
c. Kecap loma =/= kecap hormat keur sorangan =/= kecap hormat keur batur
Kecap-kecap tatakrama basa anu polana kieu kapanggih kira-kira 92 kecap. Contona: ajang =/= kanggo =/= haturan anggir =/= kuramas =/= kujamas

Panta-pantana Basa Sunda
Dina ieu pedaran, undak-usuk basa Sunda diwangun ku: basa Sunda Loma, Basa Sunda Sedeng, jeung basa Sunda Lemes (Tamsyah, 1987: 9-11) Basa Sunda Loma digunakeun ka sasama, ka babaturan anu geus loma. Salian ti éta, baréto mah sok dipaké ogé pikeun nyarita ka jalma anu sahandapeunana, pangkatna, umurna, atawa pikeun nyaritakeun jalma nu sahandapeun upama anu dicaritakeunana téh sahandapeun nu diajak nyarita.
Basa Sunda Sedeng, sok disebut ogé basa Sunda lemes keur ka sorangan, nyaéta basa anu dilarapkeun keur ka disi sorangan upama nyarita ku basa lemes, atawa pikeun nyaritakeun sasama ka saluhureun. Salian ti éta, basa sedeng ogé sok dipaké nyarita jeung jalma nu tacan wanoh atawa loma lamun nu ngajak nyaritana ngagunakeun basa lemes.
dilajeng ka bagian ka-2


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

NOVÉL

Pedaran Ngeunaan Novél Novél nyaéta carita rékaan (fiksi) nu méré kesan kesan lir enya-enya kajadian tur ukuran panjang. Novél ogé kaasup wa...