Adat istiadat nu
diwariskeun ku karuhun urang Sunda masih dipiara jeung diajénan. Dina daur
hirup manusa dipiwanoh upacara-upacara nu
sipatna ritual adat
seperti: upacara adat Mangsa hamil, Mangsa lahiran, Mangsa budak, kawinan, nalika maot, jsb. Kitu ogé dina kagiatan tatanén/pertanian jeung kaagamaan dipiwanoh upacara adat nu
anéh jeung matak kataji. Éta kabéh pikeun némbongkeun ungkaban rasa sukur jeung ménta karaharjaan jeung kasalametan lahir batin dunya jeung ahérat.
Istilah Husus pikeun
nu Kakandungan dina Prosésna
- Kakandungan sabulan disebut ngahérang, hartina kandungan masih kaciri hérang sarta wujudna disebut alkah.
- Kakandungan dua bulan disebut lumenggang, hartina geus kentel sanajan transparan kénéh (ngalangkang) sarta wujudna disebut kasapah.
- Kakandungan tilu bulan disebut kumambang, hartina geus mengkel jeung buleud, wujudna pada nyebut nutpah.
- Kakandungan opat bulan disebut gumulung hartina geus padet tur buleud wujudna disebut amarulah.
- Kakandungan lima bulan disebut ngarupa/mangrupa nu hartina geus kaciri buleungkeukanna, wujudna disebut ahmad.
- Kakandungan genep bulan disebut usik hartina janin geus karasa usik, wujudna disebut kénéh ahmad.
- Kakandungan tujuh bulan disebut malik hartina posisina geus bisa malik, wujudna disebut muhamad.
- Kakandungan dalapan bulan disebut kumentar-kumentir hartina geus néangan jalan kaluar, wujudna masih disebut muhamad.
- Kakandungan salapan bulan disebut ngaruang-ruang hartina geus aya di jalan kaluar, wujudna masih disebut muhamad.
- Asup bulan kasapuluh orok dibabarkeun, miboga gelar Rosulluloh.
UPACARA 4 BULANAN
Baheula mah di priangan mun seug istri kakandungan 2 atawa 3
bulan téh can bisa disebut hamil, masih disebut nyiram/mengidam. Sanggeus liwat 3
bulan kakara disebut hamil. Upacarana Tilu Bulan jeung Lima Bulan dilakukeun pikeun méré nyaho ka tatangga jeung dulur yén éta istri téh geus bener-bener hamil.
Tapi ayeuna karéréanna ngalaksanakeun upacara dina waktu hamil nincak kana opat bulanna, sabab éta mangsa téh waktuna ditiupkeunna roh ka jabang bayi ku Allah SWT. Biasana ngalaksanakeun upacara opat Bulanan téh ku pangajian pikeun kasalamatan, biasana maca doa nurbuat jeung doa séjénna sangkan orok mulus, sampurna, séhat, jeung salamat.
UPACARA 7 BULANAN/TINGKEBAN
UPACARA NGALAHIRKEUN JEUNG MANGSA OROK
UPACARA 7 BULANAN/TINGKEBAN
Upacara Tingkeban nya éta upacara nu dina waktu kakandungan 7 bulan. Ieu hal téh sangkan orok dina kandungan jeung
ibuna dina ngalahirkeunana salamet.
Tingkeban asal kecap tina tingkeb nu hartina tutup, maksudna si indung nu keur kakandungan tujuh bulan téh henteu meunang campur gaul jeung salakina nepi ka opat puluh poé sanggeus lahiran, jeung ulah baranggawé nu beurat-beurat, sabab orok nu dikandungna geus gedé, ieu hal pikeun nyingkahan tina hal-hal nu teu dipiharep. Dina ieu
upacara biasana diayakeun pangajian maca ayat-ayat Al-Quran surat
Yusup, surat Lukman jeung surat Maryam.
UPACARA HAMIL 9 BULAN
UPACARA HAMIL 9 BULAN
Upacara salapan bulan dilaksanakeun sabada umur kandungan nincak ka salapan bulan. Dina ieu upacara diayakeun pangajian kalawan maksud sangkan orok nu dikandung gancang lahir kalawan salamat, sabab geus waktuna lahir. Dina ieu upacara téh dibuar bubur lolos, salaku simbol tina ieu upacara nya éta sangkan dibabarikeun dina waktu ngalahirkeun, lolos. Bubur lolos téh biasana dibagikeun jeung sangu
tumpeng atawa kadaharan séjénna.
UPACARA REUNEUH MUNDINGEUN
Upacara Reuneuh Mundingeun dilaksanakeun lamun seug awéwé nu kakandunganna leuwih ti salapan bulan, malah aya nu nepi ka 12 bulan tapi can ngalahirkeun kénéh, awéwé nu kakandungan kieu téh disebut Reuneuh Mundingeun, siga munding atawa kebo nu reuneuh. Ieu upacara dilaksanakeun sangkan awéwé nu kakandungan gancang ngalahirkeun kalawan
lulus banglus.
Ngalaksanakeunana beuheung éta awéwé téh dikangkalungan kolotok jeung ditungtun ku indung beurang sabari macakeun doa sarta dibawa ka kandang kebo. Lamun seug teu aya kandang kebo cukup ku ngurilingan imah tujuh kali.UPACARA NGALAHIRKEUN JEUNG MANGSA OROK
1) Upacara Miara Bali/Tembuni/Placenta
Bali/Tembuni/Placenta disebut dulurna orok ku sabab éta teu meunang dipiceun sambarangan, tapi kudu diayakeun upacara waktu ngubur atawa malidkeun ka walungan.
Babarengan jeung orok nu dilahirkeun, bali/tembuni/placenta nu kaluar
biasana dirawat diberesihan jeung diasupkeun kana bokor/pendil dicampuran samara/bumbu-bumbu uyah, asem jeung gula beureum, tuluy ditutup maké lawon bodas nu geus dibéré angin ngaliwatan awi leutik (élékan). Pendil dibawa ku lawon panjang jeung dipayungan, biasana ku paraji pikeun dikuburkeun di
buruan imah atawa deukeut imah. Aya ogé nu dipalidkeun ka walungan dumasar adat. Upacara nguburkeun bali/tembuni/placenta dibarengan maca doa salamet jeung maca hadiah atawa tawasulan ka Syéh Abdul kodir
Jaélani jeung ahli kubur. Di deukeut kuburan bali/tembuni/placenta téh
hurungkeun
lampu cempor/pelita nepi ka tali puseur orok leupas dina beuteungna. Upacara miara bali/tembuni/placenta dipimaksud sangkan éta orok salamet jeung jaga sangkan jadi jalma nu bagja.
2) Upacara Nénjrag Bumi
Upacara Nénjrag Bumi nya éta upacara nakolkeun halu kana taneuh tujuh kali
di deukeuteun orok, atawa cara séjén nya éta orok dikedengkeun diluhureun palupuh, tuluy indung beurang nénjrageun sukuna kana palupuh deukeuteun orok. Maksud jeung tujuan tina ieu upacara nya éta sangkan orok jaga jadi budak nu teu babari reuwasan atawa sieun/borangan lamun ngadéngé sora nu ujug-ujug pikareuwaseun.
3) Upacara Puput Puseur
Sanggeus orok leupas tali puseurna, biasana diayakeun salamatan. Tali puseur nu geus leupas téh ku indung beurang diasupkeun kana jero kanjut kundang. Satuluyna puseur orok ditutup ku duit logam/bénggol nu geus dibungkus kasa atawa kapas jeung ditalian kana beuteung orok, maksudna sangkan puseur orok henteu dosol, nonlol ka luar. Aya ogé
nu sakalian ngalaksanakeun upacara jeung méré ngaran budak. Dina
ieu upacara dibacakeun doa salamat,
jeung disadiakeun bubur beureum
bubur bodas.
Aya kapercayaan yén tali puseur (tali
ari-ari) téh
nganggap dulurna orok nu kudu dipiara bener-bener. Anapon dulur
orok nu 3 deui nya éta bali/tembuni/placenta, bungkus
lawon, jeung
kakawah. Tali ari-ari, bali/tembuni/placenta, bungkus
lawon, jeung
kakawah biasa disebut dulur opat kalima pancer, nya
éta opat sadulur jeung kalimana
salaku puseurna
nya éta éta orok. Kabéhanana
kudu dipiara kalawan sahadé-hadéna sangkan orok engkéna nalika déwasa
bisa hirup rukun jeung
dulur-dulurna (lanceuk
jeung adina) nepi
ka kahontal kabagjaan nu sanyatana.
4) Upacara Ékah.
Kecap ékah
asalna tina basa
Arab, tina
kecap aqiqatun “anak
kandung”. Upacara ékah
nya éta upacara nebus jiwa budak
nu mangrupa paméré ti Alloh SWT,
atawa ungkaban rasa
sukur lantaran
geus dipaparin turunan/budak ku Alloh SWT, jeung miharep sangkan éta budak téh
jaga jadi jalma nu saléh nu
bisa nulung ka kolotna (indung-bapana) jaga di ahérat. Dilaksanakeunana
ieu upacara téh
biasana sanggeus
orok umur 7 poé, atawa 14
poé, jeung
meunang ogé sanggeus 21 poé. Alat-alatna
nu kudu disadiakeun nya éta domba atawa embé
peunciteun, lamun
budakna lalaki dombana kudu
dua (iwal
pikeun nu teu mampuh cukup hiji
waé), jeung
lamun budak awéwé ngan 1 waé dombana. Domba nu
rék dipeuncit téh kudu nu alus,
sangkan nyumponan sarat
pikeun kurban. Satuluyna
domba téh
dipeuncit ku tukangna atawa Ajengan kalawan
maca
doa selamat, satuluyna
mah diasakan jeung dibagikeun ka dulur jeung tatangga.
5) Upacara Nurunkeun
Upacara Nurunkeun nya
éta upacara nu
mimiti nalika orok di bawa ka buruan imah, maksudna pikeun
mikawanoh lingkungan jeung
ngawanohkeun ka tatangga, yén orok téh geus bisa digandong
di bawa
ulin/leuleumpangan di
buruan imah. Upacara Nurunkeun dilaksanakeun sanggeus
tujuh poé
upacara puput
Puseur. Ngalaksanakeunana
mah bisa ngayakeun pangajian pikeun
kasalametan jeung
mangrupa hiburanna diayakeun tangkal
tiwu
atawa tangkal
cau nu digantungan ku rupa-rupa kadaharan,
kaulinan budak nu diteundeun di
rohang tamu. Maksudna
sangkan diparebutkeun ku
tamu, utamana ku
barudak.
6) Upacara Cukuran/Marhabaan
Upacara cukuran dipimaksud
pikeun meresihan buuk orok tina sagala rupa najis. Upacara cukuran atawa marhabaan ogé
mangrupa ungkaban rasa sukur atawa tumarima
kanyaah ti Alloh SWT nu geus méré hiji rundayan, nya éta budak nu lahir kalawan
salamet. Upacara cukuran dilaksanakeun nalika
umur orok 40 poé.
Prakna mah orok téh dikedengkeun di tengah-tengah para uleman
sarta digigirkeun bokor nu
eusian cai jeung kembang 7
rupa ogé
gunting nu
digantungan kalung emas, cincin
atawa gelang pikeun
nyukuran buuk orok. Babarengan
jeung éta hal para tamu uleman macakeun do’a jeung barjanji
atawa disebut marhaban atawa pupujian, maksudna
muji kana sipat-sipat nabi Muhammad saw. jeung
macakeun doa nu
boga ma’na kasalametan lahir batin dunya ahérat.
7) Upacara Turun Taneuh
Upacara Turun Taneuh nyaéta upacara mimiti orok nincakeun sukuna kana taneuh, dilaksanakeunana sanggeus orok rada gedé. Sanggeus bisa ngorondang atawa léléngkah halu. Ieu upacara dipimaksud sangkan si budak mikawanoh kana urusan dunya jeung pikeun mikawanoh bakal jadi naon jagana, naha jadi patani, pedagang, atawa bakal jadi jalama nu boga pangkat.
Alat upacara nu disadiakeun nyaéta rupa-rupa kadaharan, kaén panjang pikeun ngais/ngagandong, samak atawa taplak bodas, paré sakeupeul, emas (kalung,
gelang, cincin), duit lambaran ratusan, rébuan, jeung puluh rébuan.
Upacara Mangsa
Budak
1. Upacara
Gusaran
Gusaran nyaéta ngaratakeun huntu budak awéwé ku alat husus. Maksud upacara Gusaran nyaéta sangkan huntu budak awéwé téh rata
jeung utamana sangkan katingalina geulis. Upacara Gusaran dilaksanakeun nalika budak awéwé geus umur tujuh taun. Jalanna upacara, budak awéwé sanggeus didangdanan diuk di antara para uleman, satuluyna macakeun doa jeung solawat ka Nabi
Muhammad SAW. Tuluy Indung beurang ngalaksanakeun gusaran ka éta budak awéwé, sanggeus bérés tuluy disawér (dinaséhatan ngaliwatan sa’ir lagu). Sanggeus disawér, tuluy diteruskeun ku balakécrakan. Biasana dina upacara Gusaran ogé dilaksanakeun tindikan masang anting-anting,
sangkan katingalina leuwih geulis.
2. Upacara Sepitan/Sunatan
2. Upacara Sepitan/Sunatan
Upacara sunatan/hitanan dilakukeun kalawan maksud sangkan bobogaanna/alat vitalna beresih tina najis. Budak nu geus disunat dianggap geus ngalaksanakeun salahsahiji sarat utama salaku umat Islam.
Upacara Sunatan budak awéwé dilaksanakeun nalika masih kénéh leutik atawa orok kénéh, sangkan teu éraeun. Upacara sunatan dilasanakeun biasana nalika budak laki-laki umur 6 tahun.
Upacara Adat Perkawinan
1) Upacara sebelum akad nikah
Ieu upacara biasana dilaksanakeun adat:
(1) Neundeun Omong: yaitu kunjungan orang tua jejaka kepada orang tua si gadis untuk bersilaturahmi dan menyimpan pesan bahwa kelak anak gadisnya akan dilamar.
(1) Neundeun Omong: yaitu kunjungan orang tua jejaka kepada orang tua si gadis untuk bersilaturahmi dan menyimpan pesan bahwa kelak anak gadisnya akan dilamar.
(2) Ngalamar: nanyaan atau nyeureuhan yaitu kunjungan
orang tua jejaka untuk meminang/melamar si gadis, dalam kunjungan tersebut dibahas pula
mengenai rencana waktu penikahannya. Sebagai
acara penutup dalam ngalamar ini si pelamar memberikan uang sekedarnya kepada
orang tua si gadis sebagai panyangcang atau pengikat, kadang-kadang dilengkapi pula
dengan sirih pinang selengkapnya disertai kue-kue
& buah-buahan. Mulai saat itu si gadis telah terikat dan disebut
orang bertunangan.
(3) Seserahan: yaitu menyerahkan si jejaka calon pengantin pria kepada calon mertuanya untuk dikawinkan kepada si gadis. Pada
acara ini biasa dihadiri oleh para
kerabat terdekat, di samping menyerahkan calon pengantin pria juga
barang-barang berupa uang, pakaian, perhiasan, kosmetik dan perlengkapan wanita, dalam hal ini tergantung pula
pada kemampuan pihak calon pengantin pria. Upacara ini dilakukan 1 atau 2 hari sebelum hari perkawinan atau adapula yang
melaksanakan pada hari perkawinan sebelum akad nikah dimulai.
(4) Ngeuyeuk
Seureuh: artinya mengerjakan dan mengatur sirih serta mengait-ngaitkannya. Upacara ini dilakukan sehari sebelum hari perkawinan,
yang menghadiri upacara ini adalah kedua calon pengantin,
orang tua calon pengantin dan para
undangan yang
telah dewasa. Upacara dipimpin oleh seorang pengetua, benda perlengkapan untuk upacara ini seperti sirih beranting, setandan buah pinang, mayang pinang, tembakau, kasang jinem/kain, elekan, dll semuanya mengandung makna/perlambang dalam kehidupan berumah tangga. Upacara ngeuyeuk seureuh dimaksudkan untuk menasihati kedua calon mempelai tentang pandangan hidup dan cara menjalankan kehidupan berumah tangga berdasarkan etika dan
agama, agar bahagia dan selamat. Upacara pokok dalam adat perkawinan adalah ijab kabul atau akad nikah.
Upacara Adat sabada
akad nikah
a) Munjungan/sungkeman: nyaéta kadua pangantén sungkem ka kadua kolot pangantén pikeun ménta do’a réstu.
b) Upacara
Sawér (Nyawér): alat nu diperlukeun nyaéta bokor nu dieusian ku béas, konéng, duit logam (récéh), kembang, tékték 2 siki (seupaheun), jeung permén.
Ngalaksanakeunana kadua pangantén diuk dina panopo/hareupeun imah handapeun cucuran hateup (panyawéran), upacara dipingpin ku juru sawér. Juru sawér ngawurkeun eusi bokor tadi ka kadua pangantén jeung ka parauleman dina sela-sela sair nu dihaleuangkeun. Anapon ma’na tina upacara nyawér nu dihaleuangkeun ku juru sawér, intina nyaéta méré naséhat ka pangantén sangkan silih pikanyaah, jeung ngadoakeun sangkan pangantén meunang karaharjaan jeung kabagjaan dina ngabina rumah tanggana, hirup rukun nepika puput umurna.
c) Upacara
Nincak Endog: upacara nincak endog nyaéta upacara sanggeus nyawér pangantén, lebah dieu geus disiapkeun alat-alat: ajug/lilin, sabeungkeut harupat (sagar enau) eusina 7 teukteuk, tunjangan atawa baréra (alat ninun tradisional) nu dibeungkeut ku kaén tinun poléng, élékan, endog hayam atah, kendi nu dieusian cai, jeung batu pipisan, sakumna ieu alat ngandung ma’na. Ngalaksanakeunana lilin dihurungkeun, pangantén istri meuleum tungtung harupat satuluyna dipiceun, sanggeus kitu pangantén lalaki nincak endog, sanggeus kitu sukuna disimpen dina luhureun batu pipisan pikeun dikumbah ku cai kendi ku pangantén istri jeung kendina langsung dibeubeutkeun kana
taneuh nepika ancur. Ma’na tina ieu upacara nyaéta ngagambarkeun pangabdian saurang istri ka salakina.
d) Upacara
Buka Pintu: ieu upacara téh dilaksanakeun sanggeus upacara nincak endog, pangantén istri asup ka jero imah, sedengkeun pangantén lalaki nungguan di luar, ieu hal nuduhkeun yén pangantén istri can daék mukakeun panto saacan pangantén lalaki ngucapkeun sahadat. Maksud ieu upacara pikeun ngayakinkeun bebeneran ageman agaman
Islam.
Sanggeus maca sahadat panto dibuka jeung pangantén lalaki sina asup. Tanya
jawab antara duanana dilakukeun kalawan dibarengan ku nyanyian (tembang) nu dilakukeun ku juru tembang.
e) Upacara
Huap Lingkung: Kadua pangantén diuk ngarérédéng, nu istri belah kéncaeun pangantén lalaki, dihareupeun pangantén geus sadia sangu konéng jeung bakakak hayam. Mimitina bakakak hayam dicekel ku kadua pangantén, tuluy pabetot-betot. Saha nu meunang bagian nu gedé tandana bakal meunang rejeki nu gedé. Satuluyna kadua pangantén silih huapan nu disebut huap lingkung. Ieu upacara dipimaksud sangkan kadua pangantén silih pikanyaah kalawan haté nu ihlas. Sanggeus upacara huap lingkung kadua pangantén diuk di pelaminan diapit ku kadua kolotna pangantén pikeun narima ucapan pangwilujeng ti parauleman (acara resépsi).
Upacara Adat ngurus
Mayit/Maot
Runtuyan upacara adat ngurus mayit nyaéta ngamandian mayit, ngaboéhan, nyolatkeun, nguburkeun, nyusur taneuh jeung tahlil nyaéta ngadoa jeung zikir ka Allah swt.
sangkan arwah
nu karak ninggalkeun alam dunya dihampura sagala dosana jeung ditarima amal amal ibadahna,
ogé ngadoakeun kulawarga nu ditinggalkeun sangkan sobar dina nandanganana. Tahlilan dilaksanakeun di imahna, biasana
soré/peuting, poé kahiji maot disebut poéna, dua poéna, ....tujuh poéna (sidekah), matangpuluh (empat puluh poéna), natus (saratus poéna), mendak taun (haolan), jeung néwu (sarébu poéna).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar