Wangenan
Sisindiran
Istilah
sisindiran téh geus aya ti mimiti abad ka-16. Ieu hal bias dibuktikeun dina
Naskah Sunda Kuno Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian (1518 Maséhi).
Sisindiran
dina sastra Sunda mah sarua jeung pantun dina sastra Malayu atawa Indonésia. Sakumaha
ari pantun, sisindiran ogé kawengku ku dua bagian, nyaéta cangkang “sampiran” jeung eusi. Aya ogé nu nyebeutkeun sisindiran téh susualan,
jeung bangbalikan. Disebut
susualan bias jadi lantaran sampiran
téh dianggap sual “soal” nu geus dijawab siga teka-teki; jeung aya jawabanana
dina eusina. Teka-teki nu mangrupa sampiran tok tar deuh, eusina nyaéta tai
kotok dina gantar nanggeuh. Sampiran ditepikeun ku nu méré teka-teki,
sedangkeun nu narima teka-teki ku néangan jawabanana. Anapon istilah bangbalikan
leuwih nuduhkeun eusi, hartina nu aya dina sampiran, sabab bangbalikan asalna tina kecap balik nu dibéré
rarangkén N- jadi malik. Sora eusi pantun nyaéta bagian séjénna
nu aya dina sampiran. Ku hal kitu bias disebutkeun yén istilah susualan nyoko tina sampiran, sedengkeun
bangbalikan tina eusi.
Pikeun urang Sunda mah sisindiran téh
lain baé jadi kalangenan atawa hiburan, tapi sok dalit dina omongan sapopoé.
Buktina, dina omongan baheula atawa dina karya sastra sok kapanggih sisindiran
keur ngedalkeun hiji maksud. Malah mah nu dikedalkeun téh rajeun tara lengkep
cangkang jeung eusina, tapi cukup cangkangna baé. papadaning kitu nu diajak
nyarita atawa anu maca geus surti kana naon hartina.
Sisindiran
ogé mangrupa hiji kabinangkitan pikeun urang Sunda. Séké sélér séjén ogé
barogaeun kabinangkitan anu sarimbag jeung urang Sunda. Hirup huripna
sisindiran méh teu kapapay, teuing saha nu ngamimitian jeung ti iraha
dimimitianana. Éta kabinangkitan anu mangrupa sisindiran téh, kiwari mah geus méh
paéh kadéséh ku ayana pangaruh téhnologi. Malah moal boa geus dianggap musnah
ku sawatara kelompok urang Sunda, pangpangna pikeun maranéhna nu geus teu
maliré kana budaya Sunda.
Nyiptakeun
suasana diajar-ngajar sangkan dipikaresep turta matak pogot mikeun siswatéh
taya lian gumantung kana métode jeung téhnik ngajarna, jaba ti éta ogé cara
milih jeung nangtukeun bahan pangajaranana deuih.
Sisindiran
téh kaasup wangun sastra pituin Sunda jadi hartina hasil kabinangkitan pituin
urang Sunda, malah lain ngan urang Sunda wungkul tapi bangsa Indonésia (dina
basa Indonésia sisindiran téh: pantun). Sisindiran nurutkeun tatabasa mah
(wangunan kecap) kaasup kecap rajékan dwipurwa, asal kecapna tina sindir.
Sindir dihartikeun salaku kecap atawa omongan anu henteu langsung ka nu
dimaksud (henteu togmol) tapi dibalibirkeun (ngomong malibir). Sindir sampir
nya éta ngomong ku sindir (biasana leuwih ti sakali, mindeng) serta boga tujuan
(maksud) anu kurang hadé.
Sisindiran
téh hiji cara pikeun ngedalkeun kereteg atawa naon-naon nu aya dina eusi haté
ku jalan dibalibirkeun. Nurutkeun M.A. Salmun mah dina buku Kandaga
Kasusastran, sisindiran nyaéta kasenian ngaréka basa anu diwangun ku
cangkang jeung eusi, pikeun ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna bari
dipambrih karesmianana.
Sisindiran
téh kagolong kana puisi, nyaéta wangun sastra anu boga ugeran atawa
patokan-patokan. Sisindiran boga ciri-ciri kieu.
§ Sapadana diwangun ku opat jajar.
§ Unggal jajaranana diwangun ku
dalapan engang.
§ Jajaran kahiji jeung kadua
disebutna cangkang.
§ Jajaran katilu jeung kaopat
disebutna eusi.
§ Sora vokal dina tungtung jajaran
cangkang, murwakanti (sasora) jeung
§ vokal dina tungtung jajaran eusi.
Numutkeun
M.A. Salmun, eusi sisindiran téh aya tilu rupa. Aya nu ngandung piwuruk
(naséhat), aya sésébréd (heureuy/pikaseurieun), aya ogé nu silih asih.
Numutkeun
M.A. Salmun kénéh, ditilik tina wangunna sisindiran téh kabagi dua. Aya
paparikan jeung aya rarakitan. Nu ngabédakeunana téh dina rarakitan mah sok aya
kecap-kecap (boh sakecap, boh dua kecap) dina jajaran cangkang nu dibalikan
deui dina jajaran eusi.
Numutkeun Wibisana, istilah
sisindiran geus aya ti abad ka-16 mula. Naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian méré informasi ngeunaan ieu hal, ngan
dimimitianana mah tina kecap kawih, jadi
kawih sisindiran. Ieu hal bisa jadi
lebah ngaran lagu, lain ngaran wangun sastra.
Satuluyna numutkeun Wibisana kénéh,
sisindiran dina sastra Sunda sarua jeung pantun dina sastra Malayu atawa Indonésia.
Siga pantun, sisindiran ogé ngawengku dua bagian, nyaéta cangkang ‘sampiran’ jeung eusi.
Numutkeun
Ajip Rosidi mah wawangsalan téh sabangsa kamonésan basa ku jalan nyebut hiji
maksud henteu langsung ku kecapna nu paranti, tapi kalah ka nyebut kecap séjén nu
salah sahiji engangna atawa leuwih, dalah sok sagemblengna pisan, murwakanti
jeung kecap nu dimaksud téa. Ku sabab kitu, dina wawangsalan mah siga
tatarucingan, kecap nu dimaksud téh disumputkeun tur kudu ditéangan dina
cangkangna, nu sorana deukeut atawa murwakanti jeung kecap nu dimaksud téa.
Numutkeun Ékadjati, sisindiran nyaéta wangun puisi
tradisional Sunda nu sawangun/sarua jeung pantun dina sastra Melayu; umumna ngawengku
opat jajar, tapi bisa kurang atawa leuwih, ngan pasti jajaranana jangkep/genap,
sabab kabagi jadi dua bagian nu sarua jumlah jajaranana. Bagian nu ka hiji disebut
cangkang (kulit=sampiran) jeung
bagian kadua disebut eusi.
Satuluyna Ékadjati nétélakeun: sabab
sisindiran téh siga wangun sastra nu séjén, ku kituna teu perlu nyebutkeun cangkang jeung eusi hiji sisindiran, sabab
nu diajak nyarita bakal mafhum. Jeung numutkeun Gunardi dina Inferensi dan Referensi Wawangsalan Bahasa
Sunda “Sisindiran nyaéta salahsahiji hasil rékayasa basa Sunda dina karya
sastra Sunda, nu dijerona aya cangkang (sampiran) jeung eusi, pikeun nepikeun maksud
sacara teu langsung, sangkan henteu nyigeung batur nu diajak nyarita.
Sisindiran dibagi jadi, paparikan,
rarakitan, jeung wawangsalan.”
Lian
ti paparikan jeung rarakitan, aya deui nu disebut wawangsalan. Sarua baé ieu gé
baheulana mah sok biasa dilisankeun dina omongan sapopoé urang Sunda. Ngan
unikna téh wawangsalan mah cangkang jeung eusina téh diwangun ku dua jajar baé.
Sajajar cangkang jeung sajajar eusi. Nu sok dilisankeun téh sakapeung
cangkangna wungkul, da eusina mah papada kaharti ku balaréa.
Tengetan
wangun sisindiran ceuk M.A. Salmun bagan ieu di handap!
Wangun
jeung Unsur Instrinsik Sisindiran
a. Nilik kana wangunna sisindiran téh aya
tilu rupa nyaéta:
1) wawangsalan
2) rarakitan, jeung
3) paparikan
b. Nilik unsur intrinsik sisindiran
téh aya tilu rupa nyaéta:
1) piwuruk;
2) lulucon;
jeung
3) asmara.
Wawangsalan
Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun
deui ku cangkang jeung wangsal. Nu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun,
tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah
sahiji kecap nu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh
diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah
engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh
ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi.
Ku kituna,
pikeun néangan nu dimaksud téh nyokot tina salahsahiji kecap nu aya dina eusi.
Ari anu jadi soalna nyaéta kecap-kecap nu aya dina cangkang. Jadi, cangkang téh mangrupa
tarucing anu kudu diteguh. Dina neguh nu dimaksud téh biasana urang niténan
engang-engang mana kira-kirana anu luyu jeung cangkang, jadi salawasna urang
téh balik deui, balik deui kana cangkang téa. nu matak sisindiran sarupa kieu
disebut bangbalikan atawa wawangsalan, lantaran dina neguh téh salawasna kudu
balik ninténan kecap-kecap anu aya dina cangkang.
Wawangsalan (bangbalikan)
téh aya dua rupa nyaéta a) bangbalikan lanjaran, jeung b) bangbalikan dangding.
a)
Bangbalikan Lanjaran
Bangbalikan
lanjaran nyaéta bangbalikan anu henteu didangdingkeun. Jadi, ngaleunjeur baé,
malah sok dipaké dina basa sapopoé, ngan biasana upama dipaké dina baa sapopoé
mah sok tara diteruskeun kana eusi, cukup ku cangkang wungkul. Nu matak disebut
bangbalikan lanjaran ogé. (lanjaran sawanda jeung leunjeuran, teu sarua jeung
lancaran).
Contona:
(a) Ngadéngé béja
kitu téh kuring mah bati ngembang kudu baé, da puguh teu nyaho mimitina
(b) Ih nyarita téh
bet teu puguh monyét
hideungna, hanas didéngékeun.
(c) Na dagangan
téh bét ngembang awi
b)
Bangbalikan Dangding
Bangbalikan
dangding nyaéta bangbalikan anu disusun diwangun dangding. Jadi, bangbalikan
dangding téh gelarna dina dangding. Ku sabab éta, réana engang dina unggal
jajaran, katut sorana engang nu panungtung dina saban padalisan kudu nurutkeun
patokan dangding, gumantung kana pupuhna.
Contona:
Dina
Pupuh Kinanti
Di Cikajang aya gunung
Asa paturay jasmani
Kalong leutik saba leuweung
Bawaning sumedot pikir
Kembang biru di astana
Abot pisan
jeung nu asih
Dina
Pupuh Sinom
Balandongan
ngujur jalan
Sok hayang los
baé indit
Kendang gedé
pakauman
Dagdigdug
rasaning ati
Balé diréka
masjid
Mun émut bati
rumanjung
Tegal tengah
nagara
Laun-laun
sugan hasil
Kadal gedé
pareng alus bagja awak
Dina
pupuh Asmarandana
Simpay réma
beulit cinggir
Ulah lali mun
geus angkat
Mugi émut
saban waktos
Pangcalikan
tonggong kuda
Ka nu tuhu
buméla
Ulah matak
gender kayu
Matak bingbang
pipikiran
Rarakitan
Rarakitan hartina:
a) lalayaran dina rakit;
b) rakit tiruan (kana gebog); jeung
c)
ngaran salahsahiji sisindiran.
Sarakit ngandung harti
sepasang. Rarakitan sisindiran anu cangkangna sarakit, eusina sarakit. Sok
rajeun aya sisindiran anu cangkangna sarta eusina leuwih ti dua kalimah, nu
kitu ogé rarakitan kénéh. Aya deui anu minangka jadi tanda rarakitan téhnyaéta
sawatara kecap dina cangkang sok dipénta deui dina eusina. Rarakitan téh eusina
aya nu ngandung: rarakitan piwulang, rarakitan lulucon, jeung rarakitan asmara.
Conto:
Rarakitan Piwulang
Méméh ngagelarkeun kasur
Samak heula ambéh rinéh
Méméh nyaritakeun batur
Tilik heula awak manéh
Rarakitan Lulucon
Sisindiran boh
rarakitan atawa paparikan anu ngandung lulucon disebutna sésébréd. Lulucon téh
ngandung sagala rupa nu matak pikalucueun, pikaseurieun, sakapeung
pikakeuheuleun, tapi keuheul gé teu weléh lucu, teu weléh pikaseurieun jiwana
ngandung rasa birahi, gumbira, sedih, jst.
Contona:
Tipeuting samping geresik
Tibeurang tumpal bandéra
Tipeuting pagiling gisik
Tibeurang papangih éra
Rarakitan Asmara
Batur mah dibaju hideung
Kuring mah kabaya baé
Batur mah dipikatineung
Kuring mah sangsara baé
Paparikan.
Paparikan asal
kecapna parik. Kecap parik sawanda jeung parek, anu hartina deukeut. Sora i sok
roba jadi e. Paparikan téh ngandung harti deukeut, maksudna padeukeut sora
(padeukeut sora dina cangkang jeung sora dina eusi). Dina omongan sapopoé urang
mindeng ngadéngé: Didu‘akeun ku ibu, hidep téh masing parek rejeki jauh balai.
Parek rejeki = deukeut rejeki.
Jadi paparikan
téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku dua jajar atawa leuwih cangkang jeung dua
jajar (leuwih) eusi. Dina paparikan mah biasana anu diarah téh pedeukeutna sora
(sada) dina cangkang jeung sora-sora (sada) dina eusi. Nurutkeun eusina,
paparikan téh aya tilu nyaéta: a) paparikan piwulang; b) paparikan asmara;
jeung c) paparikan lulucon.
Contona:
Paparikan
Piwulang
Samping
kageutahan dukuh
Dikelab
dikacaikeun
Nu matak manéh
sing kukuh
Papatah guru
imankeun
Paparikan
Asmara
Pipiti
dibungawari
Téténong
dibobokoan
Lalaki jaman
kiwari
Hadé omong
pangoloan
Paparikan Lulucon
Baju tablo
dibulao
Kembangna
katuncar mawur
Ari bogoh ti
baréto
Terang-terang
geus ku batur
#diropéa tina sababaraha sumber
Tidak ada komentar:
Posting Komentar