Selasa, 02 September 2025

Wawacan

 Wawacan 

ku Gusniawan Sastrawiguna, S.Pd., Gr.


Pedaran Ngeunaan Wawacan

Nurutkeun étimologi, wawacan nyaéta élmu nu maluruh asal-usul katut robahna harti kecap, kecap wawacan téh asalna tina “waca” atawa “baca”. Tuluy robah jadi “wawacan”. Hartina kira-kira bacaan, atawa sagala rupa nu dibaca.

Dina sastra, wawacan téh mangrupa salasahiji hasil karya sastra buhun nu ditulis dina wangun dangding. Ku sabab ditulis dina wangun dangding, susunan basana dumasar kana patokan pupuh. Pupuh nu sok mindeng digunakeun nyaéta pupuh Asmarandana, Sinom, Dangdanggula, Kinanti, Durma, jeung Pangkur. Dipakéna éta pupuh téh gumantung kana adegan atawa kajadian nu keur lumangsung.

Ku kituna bisa dicindekkeun, yén wawacan téh nyaéta carita nu didangding, ditulis dina wangun puisi pupuh. Lantaran wangunna dangding, macana sok ditembangkeun, saluyu jeung pupuhna. Nu matak di sagigireun seni sastra, wawacan téh kaasup seni tembang, sarta ka tukang-tukang mah mindeng diulem jeung dipintonkeun dina acara-acara husus. Upamana baé dina upacara tujuh bulanan, geus ngalahirkeun, nyunatan, gusaran, hajat laut, jeung sajabana. Biasana mah sapeuting jeput, ti bada isa nepi ka subuh.

Nurutkeun paraahli, gelarna wawacan dina sastra Sunda téh lantaran pangaruh tina sastra Jawa. Asupna kana sastra Sunda mah kira-kira dina mangsa kadua abad ka-19. Waktu harita tatar Sunda diéréh ku Karajaan Mataram (Islam). Parabupati Sunda, utamana nu di wewengkon Priangan, wajib séba ka Mataram. Ayana di Mataram téh tara sakeudeung-sakeudeung. Balikna mawa sawatara adat – cahara di ditu ka tatar Sunda. Salian ti éta, teu saeutik deuih pangagung urang Mataram nu ditempatkeun di tatar Sunda. Pangaruhna dina widang sastra, urang Sunda mimiti wanoh kana guguritan jeung wawacan.

Salian ti paraménak, paraulama ogé boga andil nu pohara gedéna asupna wawacan kana sastra Sunda. Sabab kalolobaanna ulama atawa ajengan nu boga pasantrén di tatar Sunda saméméhna kungsi masantrén di Mataram. Salasahiji buktina, nepi ka kiwari masih kénéh kapanggih wawacan-wawacan nu ditulis ku aksara Arab (Pégon) di pilemburan. Eusina mangrupa da’wah Islamiyah.

Dina kahirupan masarakat Sunda, aya kabiasaan mandiri dina nembangkeun wawacan, nyaéta dina hiji riungan. Nembangkeunana dibedaskeun, disebutna seni beluk. Baheula mah ampir di unggal wewengkon aya rombongan (group) kasenian beluk. Sarombongan téh diwangun ku opat nepi ka tujuh urang. Bédana jeung maca wawacan nu biasa, sakapeung sok diheureuykeun. Biasana mah kapeutingnakeun, meujeuhna nu lalajo tarunduheun. Hanjakalna ayeuna mah, boh ngawawacan biasa, boh seni beluk, beuki langka kapanggih.

Pangarang wawacan jeung karyana

1.        Rd. Demang Brawidjaja: wawacan Petikan Badayatussalik.

2.        R. Haji Muhamad Musa: Wawacan Raja Sudibya, Wawacan Panji Wulung, Wawacan Sarébu Sawengi, Wawacan Ali Muhtar, Wawacan Secanala.

3.        H. Abdulsalam: Wawacan Rengganis.

4.        R.A.A. Martanagara: Wawacan Batara Rama, Wawacan Angling Darma, Wawacan Babad Sumedang.

5.        M. K. Harjakusumah: Wawacan Dipati Ukur, Wawacan Dipati Imbanagara.

6.        Tubagus Jayadilaga: Wawacan Kidung Sunda, Wawacan Lenggang Kancana.

7.        R. Suradiredja: Wawacan Purnama Alam.

8.        M. Sastradiredja: Wawacan Prabu Udayana, Wawacan Prabu Damarwulan.

9.        R. Méméd Sastrahadiprawira: Wawacan Endén Saribanon, Wawacan Mahabharata.

10.    Engkawijaya: Wawacan Nyai Sumur Bandung, Wawacan Lutung Kasarung.

11.    M. A. Salmun: Wawacan Ciung Wanara, Wawacan Munding Laya di Kusumah, Wawacan Ékalaya Palastra, Wawacan Mintaraga, Wawacan Asmara Dahana, Wawacan Déwa Ruci.

12.    R. Haji Hadijah Mahtum: Wawacan Rusiah nu Kasép.

13.    O. Jun: Wawacan Nimu Luang tina Burang.

14.    Margasulaksana: Wawacan Roro Mendut.

15.    Mas Kartadinata: Wawacan Rasiah Priangan, Wawacan Kangjeng Pangéran Sumedang.

Salian ti éta, aya deui wawacan nu teu kanyahoan nu ngarangna, di antarana baé: Wawacan Sulanjana, Wawacan Amir Hamzah, Wawacan Paras Nabi, Wawacan Gusti Patimah Dibabarkeun, Wawacan Ahmad Muhamad, Wawacan Ogin Amar Sakti, Wawacan Rangga Wulung, Wawacan Jaka Mursada, Wawacan Suryaningrat, Wawacan Jaka Barjah, Wawacan Walangsungsang, Wawacan Batara Kala, jsb.

Aya deui wawacan nu kungsi populér dina jamanna, nepi ka mindeng dibaca, di antara: Wawacan Rengganis, Wawacan Purnama Alam, Wawacan Ahmad Muhamad, Wawacan Kéan Santang, Wawacan Mundinglaya, Wawacan Déwi Sri, Wawacan Layang Syéh Abdul Kodir Jaélani, jeung Wawacan Panji Wulung.


Pék ku hidep baca sing imeut sempalan wawacan di handap!

PRABU JAMPANG MANGGUNG

 

Prabu Jampang Manggung téh nami aslina mah Pangéran Sanghyang Borosngora, putra ka-2 (dua) Adipati Singacala (Panjalu) Prabu Cakra Déwa (Putra Sedang Larang, putu Ratu Prapa Selawati) ti Permesuri Nyai Putri Ratu Sari Pramana Déwi, putri ka 6 (genep) Adipati Wanaperi Sang Aria Kikis nu Silsilahna ti Panjalu jenengan Raja Talaga, jadi anjeunna téh minangka sadérék misan Dalem Cikundul. Pangéran Sanghyang Borosngora gaduh sadérék 4 (opat) urang. Ti yuswa 14 (opatwelas) taun, anjeunna boga pancén ti nu jadi ramana sangkan jarah ka puseur Syahadat nyaéta Mekah.

Dina bulan Safar taun 1101 Hijriah Sang Hyang Borosngora dugi deui ka lemah cai, lalampahan ka Tanah Suci Mekah kénging 6 (genep) taun.

Sang Hyang Borosngora kénging jujuluk Syéh Haji Sampulur Sauma Dipa Ulama lajeng mulih ka Singacala mendakkan sepuhna tos pupus. Dina ati sanubarina anjeunna hoyong sasarengan sareng rahayat Pajajaran Girang. Nalika neuleuman Cahaya Al-Quranulkarim, anjeunna kénging muhibbah ka Nagri Sancang sareng Tanah Jampang.

Dina Windu kahiji anjeunna silaturahmi ka tempat karuhunna di Karantenan, di Gunung Sawal nagri Sancang Parakan Tilu – Kandang Wesi Gunung Wayang jeung Gunung Kendan (Galuh Wiwitan), ogé Dayeuh Kolot (Sagalahérang) Nagri Wanayasa Raja Mantri Bayabang nepangan Kiai Naga Sastra Paringgalaya (kiwari Waduk Jatiluhur), teras wangsul deui ka Gunung Wayang.

Windu Kadua anjeunna angkat ka Jampangwétan, Gunung Patuha, Gunung Pucung, Pugur, Pasir Béntang, Gunung masigit, Pager Ruyung, Pagelaran, Jampangtengah, Curug Supit, Cihonjé, Teluk Ratu, Gunung Sunda, Cipanengah, Cicatih. Salajengna jarah ka Salaka Domas di Sela Kancana, Cipanengah, jeung Cimandiri.

Sedengkeun windu Katilu mah ka Jampangtengah madépokan di girangeun walungan Cikaso, Taman Mayangsari (kuta jero), Jampangkulon. Didieu anjeunna kamashur jenengan Haji Soléh sareng Haji Mulya. Sabada windu ka-3 (tilu) lajeng mulih ka Cipanengah, Gunung Rompang. Anjeunna di éta tempat téh disebut Syéh Haji Dalem Sepuh.

  Syang Hyang Borosngora nikah ka salah saurang parawan yatim, incu angkatna Kanjeng Kiai Cinta Linuwih di gunung Wayang. Incu Kangjeng téh nyaéta turunan Sénapati Amuk Murugul Sura Wijaya, Mantri Agung Mareja, wakil Sri Maharaja Pajajaran wewengkon Cirebon Girang sareng Cirebon Tengah.

Dina windu ka 3 (tilu) kagungan 2 (dua) putra nyaéta Hariang Sancang Kuning jeung Pangéran Hariang Kancana. Alkisah Sang Hyang Borosngora dipaparin yuswa panjang, anjeunna pupus saparantos ti Gunung Rompang sarta dimakamkeun di hiji tempat di sisi walungan Cileuleuy, Kampung Langkob Désa Ciambar Kacamatan Nagrak Sukabumi.

Anapon putra cikalna Hariang Sancang Kuning napak tilas sepuhna ka Pajajaran Girang jeung Pajajaran Tengah, lajeng ka Singacala (Panjalu), dugi ka pupusna sarta dimakamkeun di Cibungur kidul Panjalu. Hiji turunanna nu kasohor nyaéta Radén Alit atanapi Haji Perwatasari nu tegen merangan panjajah nepi ka kawentar tukang barontak nu dipikasieun disebut “Karaman Jawa”.

Sedengkeun Pangéran Hariang Kancana janten Adipati Singacala lejeng ngalih ka Panjalu, pupusna jeung dimakamkeun di Giriwana Kusumah, Situ Panjalu.

Wallahu Alam.

CARITA PONDOK

 CARITA PONDOK

ku Gusniawan Sastrawiguna, S.Pd., Gr.


Wangenan Carita Pondok Sunda

Sabada maca tilu conto carita pondok di luhur, naha Sadérék bisa nyindekkeun naon ari carita pondok téh?

Carita pondok téh carita nu pondok nu nyaritakeun hiji idé nu gembleng. Carita pondok mah carita nu singget, padet, lengkep, gumulung, jeung utuh. Sakumna unsur tina hiji carpon kudu pageuh kaiket dina ngahijina jiwa nu carita, pepel, jeung lengkep. Malah ceuk kamandang Ajip Rosidi mah, carpon mah ulah kurang ulah leuwih, komo bari teu urgén mah kana maksud sagemblengna nepi ka kudu dipiceun (Tarigan, 1984: 176). Berg Esenwein dina bukuna What is the Short-Story?, méré wangenan yen. “A short-story is a brief, imaginative narrative, unfolding a single predomination incident and a single chiep character, it contains a plot, the détails of which are so compresses, and the whole tréatment so organized, as to produce a single impression” (Koswara, 2003).

Éta wangenan téh disaluyu jeung pamadegan Sumardjo jeung Saini K.M. (1988: 30) nu ngébréhkeun yén “carita pondok téh carita nu winangunna prosa turta ukuranna rélatif pondok. Ukuran pondok téh hartina sakeudeung upama dibaca, ukur mikabutuh waktu kurang ti sajam. Salian ti éta, disebut pondok téh pédah ieu génré ukur mibanda éfék tunggal, karakter, plot, jeung Sétting nu kawatesanan, henteu loba rupana, jeung alurna teu kompléks.”

Isnéndés (2010: 29) nyebutkeun yén carita pondok téh karangan tinulis fiksi atawa rékaan nu galur caritana rélatif basajan. Hal éta lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa; museur kana hiji kajadian, tur palakuna ukur dua atawa tilu urang. Salian ti éta, jejer jeung latar (Sétting) carita pondok mah napak dina alam kahirupan kiwari, béda jeung dongéng.

Nugroho Notosusanto dina Tarigan (1984: 176) nétélakeun yén carita pondok téh carita nu panjangna kurang-leuwih 5000 kecap nu museur jeung lengkep sagemblengna. Tapi dina tradisi literasi Sunda mah carita pondok ilahar panjangna 7.500 kecap. Dina kasusastraan Sunda, carpon téh ukuran karanganana ku kaca (halaman) nyaéta antara 4-6 kaca 1,5 spasi. Di Barat merenah disebut short short story. Upama make standar Manglé nu disebut carita tilu bagian téh ilaharna 10-15 kaca, carita dua bagian téh biasana 7-10 kaca. Carita dua bagian ieu nu meujeuhna disebut short story di Barat, sedengkeun carita tilu bagian éta leuwih merenah disebut long short story (malah di leuwih ti 15 kaca) (Isnéndés, 2010: 29). 


Conto carita pondok nu ditransformasi


Ciri-ciri Carita Pondok Sunda

Ciri-ciri carita pondok nyaéta kieu.

1.        ciri utamana: lengkep, utuh, inténsif (brevity, unity, intensity);

2.        unsur utamana: adegan, tokoh, jeung gerak (scene, character, action);

3.        basana kudu seukeut, sugestif, jeung matak ngirut nu maca (incisive, suggestive, alert);

4.        kudu ngandung interprétasi boh langsung boh teu langsung;

5.        ngahudang éfék tunggal ka nu macana;

6.        kudu matak kataji, keuna kana manah nu satuluyna keuna kana pamikiran;

7.     kudu aya detil-detil jeung kajadian nu dihaja pikeun nimbulkeun pertanyaan dina pikiran nu maca;

8.        kajadian dina carita pondok kudu ngawasa jalan carita satuluyna;

9.        palakuna utamana kudu museur; saurang;

10.     nimbulkeun kesan; nepi ka tuluy dipiinget;

11.     gumantung kana hiji situasi;

12.     imprésina tunggal;

13.     éfékna museur; buleud;

14.     ngasongkeun émosi tunggal;

15. Jumlah kekecapan kurang tina 10.000 kecap (Morris; Lubis; Brooks; Notosusanto dina Tarigan (1984: 177-178).

 Rupa-rupa Carpon

Dina paragraf saméméhna geus dijéntrékeun, aya tilu rupa carita pondok upama ngeunteung ka Barat mah, nyaéta short-short-story, short-story jeung long short-story. Sanajan tiluanana gumulung dina carita pondok, tapi tina wangunna nu katara, istilah-istilah ieu nu bisa nerangkeunana.

Wangenan ieu téh jadi rupa carpon mun nilik tina ukuran lobana kecap. Ieu hal téh diilhaman ku kamandang Richard Summers nu nétélakeun yén:

There are two reguler length for short-stories: 3.000 to 3.500 words --- and 5.000 words --- the latter more common. A few magazines prefer the 6.000 to 8.000 words story. Novélletes are stories running anywhere from 12.000 to 30.000 words, while so colled magazines “Novéls”--- often extended short-stories --- vary from 35.000 to 60.000 words. The everage Novél in book form is usually about 100.000 words in length.”

Tah kitu wangenan carita pondok téh. Bapa miwah Ibu guru tiasa milari literature séjén pikeun mikapaham jeung lenyepan kana carita pondok.

Salian ti rupa-rupa carita pondok disawang tina wangunna, aya klasifikasi carita pondok dumasar kana ajénna, nyaéta carita pondok sastra jeung carita pondok hiburan. Carita pondok nu kaasup kana nu mibanda ajén sastra tangtuna carita pondok nu nyumponan norma-norma tungtutan tina seni sastra. Anapon carita pondok nu kaasup carita hiburan tujuanna ukur ngahibur wungkul.

 Struktur Carita Pondok Sunda

Struktur carita pondok Sunda teu jauh jeung Novél Sunda. Unsur-unsur utama nu aya dina carita pondok: téma, galur, penokohan. Salian ti éta lantaran carpon mah carita nu pondok, ku kituna sangkan mincut nu maca, puseur sawangan (sudut pandang) tokoh kacida pentingna dina carpon. Satuluyna basa kudu mikat nu maca, jadi unsur basa jadi hal nu penting dina carita pondok.

Dina carita pondok, aya pertanyaan-pertanyaan nu bisa dijadikeun padoman pikeun ngarakrak éksprésif-sugéstifna hiji carita pondok. Ieu pertanyaan téh bisa dilegaan deui ku urang dina prak-prakanna.

1.         Téma

a.      Naon Téma carita pondok?

b.     Naha éta téma ajeg, saluyu jeung bebeneran nu dipuhit ku masarakat réa?

2.         Puseur Sawangan

a.      Tina puseur sawangan saha éta carita pondok téh dicaritakeunana?

b.     Naha éta puseur sawangan téh konsékwén dina éta carita?

3.         Tokoh

a.      Naha tokoh jeung penokohan dipintonkeun langsung ku pangarangna? Boh nyaritakeun sifat-sifatna atawa pikiran- pikiranna?

b.  Naha tokoh jeung penokohan dipintonkeun sacara teu langsung, misalna tina dialog, paripolah, jeung réaksi-réaksi tokoh?

c.  Naha éta tokoh-tokoh téh réal; nyata? Naha éta tokoh téh digambarkeunna hirup atawa sabalikna?

d. Naon sabenerna nu dipikahayang ku para tokoh dina carita pondok, ku naon maranéhna hayang ngahontal tujuanna?

e.      Kumaha patalina para tokoh jeung téma carita?

4.         Galur

a.   Kajadian naon nu dipilih pikeun ngayonan carita?

b.  Naha aya hubungan nu wajar jeung hadé antara téma jeung rupa- rupa insidén nu geus dipilih pikeun jalanna carita?

c.  Naha insidén éta nu disebut jeung dipilih pikeun ngayonan jalanna carita? Naha henteu kajadian séjén, misalna, nu diasongkeun dina éta carita supaya jalan caritana béda?

d.  Naha éta kajadian-kajadian téh disusun sahadé-hadéna nepi ka aya puseur jeung tujuan nu rék dihontalna?

e.  Naha éta kajadian-kajadian téh wajar, hirup, jeung ngandung maksud nu merenah dina sagemblengna carita?

5.         Basa

a.  Naha basa nu dipaké dina éta carita pondok seukeut, lincah, jeung sugéstif; ngandung daya nu mangaruhan ka nu maca?

b.   Gaya basa naon waé nu digunakeun dina éta carita pondok?

c.  Naha dipakéna gaya basa téh wajar jeung hirup atawa artifisial jeung nganyari-nyari?

Éta pertanyaan-pertanyaan nu bisa dijadikeun padoman ku urang dina ngarakrak unsur carita pondok bari dilegaan jeung dirinci deui nepi ka hal-hal bubukna.

Kamekaran Carita Pondok Sunda

Carita pondok Sunda mimiti gelarna awal abad ka-20, dina majalah Parahiyangan taun 1929. Sataun ti harita, taun 1930, gelar buku kumpulan carpon Sunda munggaran nu judulna Dogdog Pangrewong karya pangarang nu inisialna G.S., sedengkeun nu medalkeunna Balai Pustaka.

Numutkeun Rosidi (1966: 102) upama urang maca judul éta buku, katitén yén pangarang kalawan sadar henteu nempatkeun maneh salaku pangarang, tapi ukur jadi pangréwong, néwo-néwo wungkul. Malah dina panganteurna, pangarang nétélakeun yén nulis carita lucu teh pikeun panglipur lara nu macana.  Ieu  buku  kumpulan  carpon  téh  eusina tujuh carita lucu. Lulucon nu ditulis ku G.S. dina carita-caritana patali jeung suasana   alam   harita   jeung   sawanda   jeung   dongéng-dongéng   samodél  “Si Kabayan”. Hal éta katitén dina carpon nu judulna “Angeun LOdéh”. Tapi sanajan kitu, dina carpon séjénna G.S. hasil nyampakkeun éksistensi dirina salaku pangarang nu mahér dina guguyon, ogé mahér ngagambarkeun watek jeung suasana ku paguneman-paguneman hégar.

Gelarna carpon Sunda méh bareng jeung gelarna carpon di Jawa nu dimuat dina majalah Kejawén taun 1929 – 1930. Dina éta majalah sering midang carita humor atawa prosa singget nu ditilik tina struktural mah mirip jeung carpon. Kitu deui dina gelarna carita pondok dina sastra Indonésia méh saentragan, tapi genep taun béh dieu, taun 1936. Éta kumpulan carpon téh judulna Téman Duduk karya

M. Kasim. Ku kituna, carita pondok dina sastra Sunda jeung Jawa leuwih tiheula genep taun batan carita pondok dina basa nasional.

Kumpulan carita karya G.S. atawa M. Kasim, duanana bisa dianggap rawayan nu matalikeun dunya dongéng-dongéng lucu nu populér di masarakat rakyat nu geus hirup mangabad-abad dina wangun lisan, jeung dunya carpon, nu kaasup genré sastra modéren dina sastra Sunda jeung sastra Indonésia. G.S. dan M. Kasim salaku perintis, nu mitembeyan nu nulis carpon, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonésia (Rosidi, 1966: 103).

Tilu puluh taun ti harita, taun 1959 gelar buku kumpulan carpon Sunda nu judulna Carita Biasa karya R.A.F., disusul ku Hujan Munggaran (1960) karya Ajat Rohaédi, jeung Papacangan (1960) karya Rusman Sutiasumarga. Kitu deui dina sastra Indonésia, ti sabarang gelarna Téman Duduk (1936) karya M. Kasim disusul ku kumpulan carpon séjénna, Kawan Bergelut (1938) karya Suman Hs, Dari Lembah Kahidupan (1940) karya Hamka, Dari Avé Maria ke Jalan Lain ke Roma (1948) karya Idrus, Yang Terhempas dan Yang Terkandas (1951) karya Rusman Sutiasumarga, Si Jamal (1950) karya Mohtar Lubis, Kerétakan dan Ketegangan (1956) karya Achdiat K. Miharja, jeung réa-réa deui. Nepi ka kiwari ratusan buku kumpulan carpon geus dimedalkeun.

Prosés asupna carpon kana pentangan sastra Sunda mulus jeung teu aya nu nolak ku masyarakat Sunda, tétapi langsung ditarima dina kahirupan sastra Sunda, malah nepi ka kiwari mekar kalawan nyugemakeun. Média nu jadi lahan sumebarna carita pondok nya dina majalah, koran, jeung internét,  kiwari mah. Misalna waé, baheula aya majalah Sunda: Warga (1951),   Sunda  (1952),

Candra (1954), Kujang (1956), Manglé (1957), Kiwari (1957), Sari (1962), Langensari (1963), Mingguan Sunda (1966),

Hanjuang (1971), Gondewa (1972), Giwangkara (1973), dan Galura (1974). Tina média ieu, carpon-carpon Sunda dimuat jeung dipublikasi nepi ka dipikawanoh ku masarakat pamacana. Média nu masih hirup nepi ka kiwari nya Manglé, Giwangkara, Kujang, jeung Galura. Ditambahan ku Suara Daérah, Cupumanik, Sunda Midang, jeung réa-réa deui nu teu kacatet.

Ieu béréndélan pangarang carpon Sunda di antarana waé: Syarif Amin, M.A. Salmun, Caraka, Ki Umbara, Wahyu Wibisana, Iskandarwassid, M. Rustandi Kartakusumah, Duduh Prawiraatmaja, Saini K.M., Karna Yudibrata, Min Resmana, Yus Ruyana, Abdulah Mustappa, Ahmad Bakri, Kis WS., Djohar Éfsa, Usép Romli H.M., Adang S., Éddy D. Iskandar, Godi Suwarna, Béni Setia, Taufik Faturohman, Budi Rahayu Tamsyah, Ahmad Bakri, Cécép Burdansyah, Ahmad Hadi, Ano Karsana, jeung réa-réa deui. Anapon pangarang wanoja di antarana: Tini Kartini, Ningrum DjulAéha, Aam Amilia, Ami Raksanagara, Sum Sudarsono, Holisoh M.É., Yooke Tjuparmah, Tétty S. Nataprawira, Mumun Munayah, Tétti Hodijah, Nita Widiati, Risnawati, Chyé Rétty Isnéndés, E.D. Jénura, Tiktik Rusyani, Firda Aulia, Dian Wulan, jrrd.

Para pangarang téh guyub dina organisasi-organisasi sastra, saperti: PPSS, PATREM, kiwari aya P13 nu diasuh ku Aam Amilia.

Tabel Medalna Carpon Sunda

D E K A D E

 

1930-an

 

1940-an

 

1950-an

 

1960-an

 

1970-an

 

1980-an

 

1990-an

2000-an

nepi ka kiwari

Aya

-

Aya

Aya

-

Aya

aya

Aya

 Tabel 2.3 Hadiah Rancagé pikeun Karya Sastra Sunda Genré Carita Pondok

No

Judul Buku

Pangarang

Tahun

1

Jajatén Ninggang Papastén

Yus Rusyana

1989

2

Halimun Peuting

Iskandarwassid

1990

3

Serat Sarwasatwa

Godi Suwarna

1996

4

Nu Harayang Dihargaan

Darpan A.

1999

5

Geus Surup Bulan Purnama

Yous Hamdan

2006

6

Oléh-oléh Pertempuran

Rukmana HS

2007

7

Sanggeus Umur Tunggang Gunung

Usép Romli HM

2010

8

Halis Pasir

Us Tiarsa

2011

9

Nadran

Ahmad Bakri

2016


Panutup

 

Raguman

Carita pondok téh karangan tinulis fiksi atawa rékaan nu galur caritana rélatif basajan. Hal éta lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa; museur kana hiji kajadian, tur palakuna ukur dua atawa tilu urang. Salian ti éta, jejer jeung latar (Sétting) carita pondok mah napak dina alam kahirupan kiwari, béda jeung dongéng.

Ciri-ciri carita pondok aya patalina jeung hakékat karya sastra carita pondok. Tilu rupa carita pondok upama ngeunteung ka Barat mah, nyaéta short-short- story, short-story jeung long short-story. Sanajan tiluanana gumulung dina carita pondok, tapi tina wangunna nu katara, istilah-istilah ieu bisa nerangkeun naon bédana. Rupa carita pondok dumasar kana ajénna, aya carita pondok nu ajénna nepi kana karya sastra, aya ogé ngan ukur nepi ka carita pondok nu ajénna hiburan wungkul.

Struktur carita pondok Sunda teu jauh jeung Novél Sunda. Unsur-unsur utama nu aya dina carita pondok: téma, galur, penokohan, latar, puseur implengan, jeung basana nu matak kataji.

Carita   pondok   Sunda   mimiti   gelarna   awal   abad   ka-20,   dina   majalah Parahiyangan taun 1929. Sataun ti harita, taun 1930, gelar buku kumpulan carpon Sunda munggaran nu judulna Dogdog Pangréwong karya pangarang nu inisialna G.S., sedengkeun nu medalkeunna Balai Pustaka. Carita pondok dina sastra Sunda leuwih tiheula genep taun batan carita pondok dina basa nasional; Téman Duduk nu gelarna taun 1936.

Carita pondok Sunda gelar dina média majalah, koran, jeung internét. Kahirupan carita pondok Sunda mulus taya halangan-harungan. Carita pondok Sunda terus ditarulis bari dihadiahan ku Yayasan Rancagé.

diropéa tina sababaraha sumber, utamana tina Racikan Sastra Karya Dedi Koswara

Wawacan

  Wawacan  ku Gusniawan Sastrawiguna, S.Pd., Gr. Pedaran Ngeunaan Wawacan Nurutkeun étimologi, wawacan nyaéta élmu nu maluruh asal-usul katu...