Selasa, 16 Agustus 2022

TÉKS FIKSI JEUNG NONFIKSI

TÉKS FIKSI JEUNG NONFIKSI

ku Gusniawan Sastrawiguna, S.Pd.

TÉKS

Téks nyaéta hiji wacana lisan wangun tulisan. kalimah téh nyaéta kecap atawa runtuyan kecap nu ngandung pikiran gembleng tina hiji wacana, rélatif bisa madeg mandiri sarta diwatesanan ku randegan panjang tur miboga lentong pamungkas turun atawa naék.

TÉKS FIKSI

Téks fiksi nyaéta carita rékaan atawa ciciptan pangarang. Carita nu dijieun téh diréka sangkan matak kataji atawa ngirut nu maca. 

TÉKS NONFIKSI

Téks Nonfiksi nyaéta téks nu eusina ngandung inpormasi dumasar fakta atawa kanyataan. Carita nonfiksi mangrupa carita tina pangalaman sorangan atawa pangalaman nu lian. Satuluyna dijieun jadi hiji carita nu matak ngirut.

CIRI-CIRI TÉKS FIKSI

1.  carita rékaan atawa imajinatif pangarang

2.  ngagunakeun basa sugéstif jeung komunikatif

3.  henteu mibanda sitematika nu baku

4.  mibanda tujuan ngahibur

5.  leuwih museur kana rasa jeung émosi nu maca. 

KARYA FIKSI

1.     Carpon  

2.     Fikmin

3.     Dongéng

4.     Drama

5.     Novél

6.     Sajak

7.     Puisi mantra

8.     Pantun

9.     Sisindiran

KARYA NONFIKSI

1.     Éssay

2.     Artikel

3.     Résénsi

4.     Biografi

5.     Warta

6.     Sajarah,

7.     Karya ilmiah

8.     Surat

9.     Biantara

10.  Laporan

UNSUR PROSA FIKSI (STRUKTUR PROSA)

Unsur prosa fiksi téh aya dua. Kahijina nyaéta unsur ékstrinsik nyaéta hal nu aya disaluareun téks karya pangarang. Kaduana nyaéta unsur intrinsik nu ngawangun sagemblengna dina téks.

Unsur-unsur ékstrinsik

1. Kasangtukang dijieunna karya

Kasangtukang dijieunna karya nyaéta alesan atawa motivasi pangarang pikeun nyieun hiji karya.

2. Kasangtukang pangarang

Kasangtukang pangarang nyaéta sagala hal nu patalina jeung asal-usul pangarang.

3. Kaayaan Sosial Budaya

Salian ti kasangtukang pangarang, kaayaan sosial jeung budaya bisa mangaruhan hiji karya nu dijieun. Ieu hal ayana di sabudeureun masarakat atawa tempat cicing pangarang, diantarana waé: idéologi, politik, ékonomi, sosial, jsb.

Unsur-unsur intrinstik

1.  Jejer (téma)

Jejer téh inti carita ti awal nepika ahir carita.

2.  Palaku (tokoh) jeung watekna (karakter)

Palaku téh jalma nu ngalalakon dina carita. Unggal palaku boga watek nu ngagambarkeun pasipatanana sewing-séwang luyu jeung témana. Palaku utama watekna bisa hade atawa goréng (protagonis), lalawanan palaku utama nyaéta antagonis, jeung palaku tambahan disebut tritagonis.    

3.  Latar (setting)

Latar téh lingkungan nu ngadadasaran lumangsungna hiji kajadian dina carita. Latar dibagi jadi tilu nyaéta tempat, waktu jeung suasana.

4.  Galur

Galur téh runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepika ahir. Galur dibagi jadi tilu nyaéta

a.    Galur mérélé

b.    Galur mundur (flashback), jeung

c.    Galur bobok tengah (campuran)

5.  Gaya Basa

Gaya basa nyaéta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh (éfék) nu leleb karaosna ka nu maca atawa nu ngaregepkeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik, nyaéta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana. Gaya basa bisa dibagi jadi:

a. Ngumpamakeun (simile), nyaéta gaya basa nu ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén nu sipatna nembrak. Contona: Kawas gaang katincak

b. Mijalma (personifikasi), nyaéta gaya basa anu ngabandingkeun barang-barang cicing (teu nyawaan) disaruakeun jeung barang anu nyawaan saperti jalma. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu susah. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu susah.

c.    Ocon (metonomia), nyaéta gaya basa anu ngagunakeun kecap ngaran salasahiji barang pikeun nyebut barang séjén nu aya patalina sacara logis. Contona: Jang, pangmeulikeun Gudang garam!

d.    Ngasor (litotes), nyaéta rakitan basa anu dipaké pikeun ngarendahkeun diri, tandaning sopan atawa handap asor. Contona: Ah gaduh tanah ogé ngan satapak peucang.

e.  Rautan (eufimismeu), nyaéta rakitan basa anu ngandung maksud ngomah-ngomahan haté batur sangkan henteu nyentug teuing karasana. Contona: Indung bapana geus mulih ka jati mulang ka asal (maot)

f. Lalandian (metafora), nyaéta gaya basa nu ngébréhkeun hiji hal ngaliwatan babandingan ku cara méré panglandi. Contona: Leumpangna ngembang sampeu (dingdet). Contona: Pa Oto Iskandir dinata di landian si Jalak Harupat.

g.  Raguman (sinekdok) nyaéta rakitan basa nu ngébréhkeun rupa-rupa hal dihijikeun, disawadahkeun, atawa disabeungkeutkeun. Raguman dibagi dua:

1) Hurunan (totem pro parto), nyaéta rakitan basa nu nyebut sagemblengna (sakumna) padahal nu dimaksud mah salasaurang, sahiji, sawaréh. Contona: Barudak SMA 2 keur diadu maén bal jeung barudak SMA 3 (nu maraén bal mah ngan 22 urang, lain sajumlahna murid SMA 2 jeung SMA 3).

2) Tunggalan (pars pro toto) nyaéta rakitan basa nu nyebut sahiji atawa sabagéan padahal maksudna mah sakabéhna. Contona: Raja baheula kudu diriung ku gelung, digéndeng-géndeng ku cangkéng (nu dimaksud lain diriung ku gelung jeung cangkéng tapi ku awéwé geulis).

h.  Rarahulan (hiperbol), nyaéta rakitan basa nu gunana pikeun ngayakinkeun nu séjén, bakating hayang dipercaya omonganana kaleuleuwihi. Contona: Sawahna satungtung deuleu.

i.  Kadalon (pleonasmeu), nyaéta rakitan basa nu ngagunakeun kecap-kecap pikeun ngébréhkeun maksud leuwih ti mistina. Contona: Anakna kembar sapasang.

j.   Ébréhan (peripraseu), nyaéta rakitan basa nu ngébréhkeun gawéna, gunana kaayaan hiji barang, jst, tapi ari nu dimaksud mah nyaéta barang nu kaancikan (kayaan, gawé, atawa gunana) nu disebut téa. Contona: Puputon sekar kadaton (putri)

k.  Kahanan, nyaéta rakitan basa nu ngébréhkeun kahanan, sipat, ciri nu husus atawa barang. Contona: Raja leuweung pikeun nyebut maung

l.  Silib (alégori), eusina dibalibirkeun, tujuanna sangkan anu diajak nyarita henteu éraeun atawa kasigeung haténa.

m.  Gaya basa sindir aya tilu rupa, nyaéta:

1)    Ngomong dua (ironi) nu omonganana sabalikna tina maksudna. Contona: Naha jang datang téh subuh-subuh teuing? (kabeurangan)

2)    Nomong seukeut (sinismeu) nu eusina nyawad ku jalan lemes. Contona: Teu sangka getol geuning putra ibu téh (kedul).

c. Nyungkun (sarkasmeu), eusina nyawad atawa ngawada.Contona: Béakeun dahareun téh kabéh, kajeun batur mah teu kabagéan ogé

6.  Nangtukeun puseur sawangan (point of view)

Puseur sawangan téh tilikan carita, bisa ngagunakeun jalma kahiji (bisa maké palaku “kuring”), jalma kadua (biasana maké palaku “manéhna”), atawa pangarang saukur nyaritakeun palaku-palaku carita, sok disebut ogé gaya ngadalang.

7.  Nangtukeun amanat

Amanat téh pesen nu hayang ditepikeun pangarang ngaliwatan carita. Bisa ditepikeun sacara langsung (tersurat) ngaliwatan kalimah nu kapanggih dina pungkasan carita, bisa ogé sacara teu langsung (tersirat) ngaliwatan gemblengan carita.

Rabu, 10 Agustus 2022

BIANTARA

BIANTARA

Biantara téh lain ngan sakadar nepikeun omongan hareupeun balaréa. Malah teu sakabéh jalma bisa biantara kalawan hadé. Éta téh lantaran biantara mikabutuh kaparigelan. Cindekna aya senina. Munasabah mun di batur mah biantara téh sok disebut “art of speech” atawa seni nyarita.

Nyangkem Struktur Biantara

Biantara téh umumna mah diomongkeun (dilisankeun). Tapi aya ogé anu ditulis tuluy dibacakeun. Boh anu ditulis boh anu dilisankeun, runtuyan babagianana mah sarua baé, nyaéta aya bubuka, eusi, jeung aya bagian panutupna.

Dina bagian bubuka, dimimitian ku nepikeun salam pamuka. Bisa ku "assalamu’alaikum" atawa ku "salam kawilujengan". Aya ogé anu sok ditambahan ku "sampurasun". Ti dinya ditéma ku mukadimah, kitu gé mungguh keur muslim, nyaéta bubuka anu dieusi ku omongan muji ka Pangéran jeung nepikeun solawat ka Rosululloh (da mun ngabandungan urang Barat biantara mah geuning sok sarwa singget). Ti dinya ditéma deui ku nepikeun panghormat ka hadirin anu ngaluuhan acara sarta ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus méré kasempetan ka dirina pikeun nepikeun biantara.

Ari dina bagian eusi mah ngadadarkeun saniskara maksud nu biantara. Contona, lamun biantara anu ditulis ku urang keur ditepikeun dina acara paturay-tineung kelas XII, eusina bisa ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola, ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur, atawa bisa ogé nembrakkeun rasa nalangsa pédah rék papisah.

Biantara dipungkas ku bagian panutup anu biasana ngawengku sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah. Tuluy, ditéma ku ngahaturkeun nuhun ka hadirin anu geus saregep ngabandungan biantara. Ti dinya nepikeun du’a jeung salam panutup.

Aturan anu didadarkeun di luhur téh runtuyanana teu salawasna kudu matok siga kitu. Sok aya biantara anu nyokot singgetna baé. Conto biantara di luhur, kaasup biantara anu nyokot singgetna baé. Geura urang imeutan deui conto omonganana:

Assalamu’alaikum wr. wb.

Sampurasun!

Salam pamuka.

Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw.

Mukadimah.

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun réwu nuhun, réh tos dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara di payuneun Bapa miwah Ibu, ogé sadérék sadayana.

Ngahaturkeun nuhun ka calagara (panitia) ogé ka nu hadir.

Hadirin hormateun sim kuring.

Nepikeun panghormat ka hadirin.

Nonoman, atanapi pamuda téh sok disebat generasi emas. Naon pangna disebat kitu? Margi nya pamuda anu bakal nuluykeun kahirupan ka payun, ngagentos generasi sepuh. Bayangkeun, saupama para pamudana rusak, bakal kumaha bangsa urang pikahareupeunana?

Eusi biantara.

Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda.

Sanduk-sanduk ménta dihampura jeung nepikeun du’a.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb!

Salam panutup.

 Sumber: Pamekar Basa

Neuleuman Padika Biantara

Aya sawatara faktor anu ngalantarankeun biantara hiji jalma dipikaresep ku balaréa. Éta faktor téh urang sebut baé T-A-M-A-N, singgetan tina:

a.  Tatag nyaritana

Hartina dina nepikeun biantara téh urang kudu nyarita bari tatag atawa tétéla, henteu kararagok atawa loba ngarandeg.

b.  Aktual témana

Hartina téma biantara nu ku urang ditepikeun téh kudu aktual, lain téma-téma nu geus basi.

c.  Munel eusina

Hartina, biantara nu ditepikeun ku urang téh eusina loba pulunganeunana, atawa loba mangpaatna.

d.  Alus basana

Biantara téh seni nyarita. Ku sabab kitu, basa nu dipaké ku urang dina biantara téh alusna mah direumbeuy ku mamanis basa. Upamana diselapan ku babasan jeung paribasa, atawa bisa ogé ku sisindiran. Malah mun bisa mah diselapan ogé ku kalimah-kalimah pinilih (kata-kata mutiara atawa kuotasi) nu kungsi ditepikeun ku hiji tokoh.

e.  Ngandung wirahma

Hartina, dina biantara téh omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna. Tegesna, dina nepikeun biantara téh kudu maké lentong (lagu kalimah) anu hadé.

NEPIKEUN BIANTARA

Aya sawatara métodeu dina nepikeun biantara. Copelna aya opat métodeu, nyaéta:

a.  Dadak-dadakan (Impromtu)

Ieu métodeu digunakeun ku jalma anu pidato bari teu sasadiaan sama sakali. Éstuning didadak pisan. Biasana, métodeu kieu téh dipaké ku jalma anu ditunjuk saharita pikeun biantara, atawa jalma anu ditunjuk keur ngaganti jalma séjén nu teu hadir atawa aya halangan datang. Keur nu teu biasa biantara, métodeu kieu téh bakal nimbulkeun masalah. Tapi keur jalma anu biasa biantara, métodeu impromtu bisa lancar lantaran dirojong ku pangalaman.

b.  Gurat badag (Ékstémporan)

Jalma nu ngagunakeun ieu métodeu ukur nuliskeun gurat badag caritaan nu rék ditepikeun ka hadirin. Biasana mangrupa pointer-pointerna atawa poko-poko pikiranana wungkul. Ti dinya, poko pikiran téh dikembangkeun ku sorangan dina caritaan. Ieu métodeu biasana dilaksanakeun ku jalma anu geus ngawasa matéri omongan. Nepi ka sanajan ukur poko pikiranana anu dituliskeun éta jalma bisa nyarita kalawan lancar.

c.  Ngapalkeun

Ieu métodeu biasana dijalankeun ku nu karék diajar biantara. Sangkan omongan anu ditepikeunana tartib, nya dijieun heula naskahna, tuluy diapalkeun. Kalemahanana, nu biantara sakapeung matok teuing kana naskah, nepi ka lamun aya nu poho, biantarana jadi ngawagu. Ku hal éta, biantara nu maké métodeu ngapalkeun butuh improvisasi sangkan biantarana lancar, sanajan aya nu poho.

d.  Mawa Naskah

Métodeu biantara maké naskah mah biasana dipaké keur biantara-biantara dines (sérémonial). Upamana biantara Présidén, Gubernur, Bupati, jeung sajabana. Biantara nu maké ieu métodeu téh pangsistematisna, da disiapkeun tianggalna jeung kari maca. Kahéngkéranana, biasana interaksi nu biantara jeung hadirin téh kaku, sarta matak bosen lantaran nu biantara katungkulkeun teuing ku naskah.

Keur urang nu karék diajar mah urang paké baé métodeu ngapalkeun. Jieun heula téksna, tuluy apalkeun. Ngan lebah aya nu poho akalan ku improvisasi.

 

Conto-conto Biantara

BIANTARA MUKA ACARA IHT

GURU BAHASA DAN SASTRA SUNDA

SA-KABUPATÉN SUKABUMI 

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh,

Puji sinareng sukur manga urang sanggakeun ka hadirat Gusti Nu Maha Suci. Ku lungsurna rahmat sareng kurnia Anjeunna, dina dinten ieu In House Training (IHT) Guru Bahasa dan Sastra Sunda SD, SMP, SMA/SMK sa-Kabupatén Sukabumi taun 2015 tiasa dikawitan saluyu sareng rarancang. 

Sim kuring nganuhunkeun kana ayana kapercantenan ti BPBDK Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat ka Kabupatén Sukabumi pikeun dianggo tempat lumangsungna ieu kagiatan IHT. Salajengna sim kuring henteu hilap ngadugikeun wilujeng sumping ka sakumna réngréngan BPBDK sareng para narasumber ogé para pangajar sareng pamilon IHT. Pamugi waé dongkapna urang k adieu téh tiasa ngahontal tujuan anu hadé pikeun lumangsung pangajaran di unggal sakola. Lumangsungna ieu kagiatan IHT téh mangrupi tarékah pikeun ngalaksanakeun amanah anu kaunggel dina UUD 1945, Permendikbud No. 79 taun 2014 ngeunaan Muatan Lokal, Perda No. 14 taun 2014 ngeunaan Miara Basa, Sastra jeung Aksara Daérah, ogé Pergub No. 69 taun 2013 Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah Pada Jenjang Satuan Pendidikan Dasar dan Menengah.

Hadirin anu ku sim kuring dihormat.

Sim kuring asmana Dinas Pendidikan Kabupatén Sukabumi tangtos baris ngajurung laku ieu kagiatan. Jalaran kitu, sakumaha nu kaunggel dina kurikulum, boh KTSP 2006, boh KTSP 2013 atanapi disebat kurikulum 2013 pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan local anatapi kurikulum daerah di Jawa Barat kedah luyu sareng kurikulum 2013 hususna patali sareng karakteristik Kurikulum 2013 hususna ngeunaan bahan pangajaran. Ieu hal sakumaha kaunggel dina Surat Edaran No. 423.5/60.set.Disdik ngeunaan Penggunaan Kurikulum Mulok Bahasa dan Sastra Daérah.

Hadirin anu ku sim kuring dihormat.

Saupama urang niténan dilaksanakeun pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di unggal sakola sa-Kabupatén Sukabumi kiwari, can kahontal sakumaha mistina. Salian ti kitu Basa Sunda tos henteu dijantenkeun basa panganteur di sakola-sakola. Kitu deui dilingkungan kulawarga urang Sunda tos seueur anu henteu ngagunakeun basa Sunda. Sajabi ti éta hal, pangaruh tina basa jeung budaya sanés anu lebet kana basa Sunda tambih seueur.

Ku jalaran éta, sim kuring gaduh pamadegan, merenah pisan ieu IHT diayakeun téh. Manga urang sasarengan nungtik sareng nalungtik, enggoning nagontal kaparigelan anyar kanggo ngokolakeun pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di sakola salaku guru.

Ti ngawitan ieu dinten, salebeting tilu dinten, urang sasarengan ancrub. Tangtos waé sanés mung sakadar ngiringan wungkul bari ukur konsép anu muluk tur sesah ngalaksanakeunana. Kedah yakin tur janten cecepengan yén urang gaduh tanggel waler anu gembleng kana kamekaran pangajaran Basa jeung Sastra Sunda dina mangsa kiwari sareng anu badé dongkap.

Pamugi waé ieu kagiatan IHT téh tiasa ngalahirkeun kaparigelan anyar dina enggoning ngaheuyeuk pangajaran Basa jeung Sastra Sunda, hususna di Kabupatén Sukabumi.

Pamungkas catur, sakumaha pamundut ti panata calagara. Sim kuring asmana Pupuhu Dinas Pendidikan Kabupatén Sukabumi kalawan resmi muka acara IHT ku nyebatkeun Bismilahirohmanirohim….

Pamungkas pisanggem, kuring ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak anu parantos ngiring rumojong kana lumangsungna ieu acara. Manga wilujeng ngiring kagiatan IHT.

Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

NOVÉL

Pedaran Ngeunaan Novél Novél nyaéta carita rékaan (fiksi) nu méré kesan kesan lir enya-enya kajadian tur ukuran panjang. Novél ogé kaasup wa...