ku Gusniawan Sastrawiguna, S.Pd.
TÉKS
Téks nyaéta hiji wacana lisan wangun tulisan. kalimah téh nyaéta kecap atawa runtuyan kecap nu ngandung pikiran gembleng tina hiji wacana, rélatif bisa madeg mandiri sarta diwatesanan ku randegan panjang tur miboga lentong pamungkas turun atawa naék.
TÉKS
FIKSI
Téks fiksi nyaéta carita rékaan atawa ciciptan pangarang. Carita nu dijieun téh diréka sangkan matak kataji atawa ngirut nu maca.
TÉKS
NONFIKSI
Téks Nonfiksi nyaéta téks nu eusina ngandung inpormasi dumasar fakta atawa kanyataan. Carita nonfiksi mangrupa carita tina pangalaman sorangan atawa pangalaman nu lian. Satuluyna dijieun jadi hiji carita nu matak ngirut.
CIRI-CIRI
TÉKS FIKSI
1. carita rékaan atawa imajinatif
pangarang
2. ngagunakeun basa sugéstif jeung
komunikatif
3. henteu mibanda sitematika nu
baku
4. mibanda tujuan ngahibur
5. leuwih museur kana rasa jeung émosi nu maca.
KARYA
FIKSI
1. Carpon
2. Fikmin
3. Dongéng
4. Drama
5. Novél
6. Sajak
7. Puisi
mantra
8. Pantun
9. Sisindiran
KARYA
NONFIKSI
1. Éssay
2. Artikel
3. Résénsi
4. Biografi
5. Warta
6. Sajarah,
7. Karya ilmiah
8. Surat
9. Biantara
10. Laporan
UNSUR
PROSA FIKSI (STRUKTUR PROSA)
Unsur prosa fiksi téh aya dua. Kahijina nyaéta unsur ékstrinsik nyaéta hal nu aya disaluareun téks karya pangarang. Kaduana nyaéta unsur intrinsik nu ngawangun sagemblengna dina téks.
Unsur-unsur
ékstrinsik
1. Kasangtukang dijieunna karya
Kasangtukang dijieunna karya
nyaéta alesan atawa motivasi pangarang pikeun nyieun hiji karya.
2. Kasangtukang pangarang
Kasangtukang pangarang nyaéta
sagala hal nu patalina jeung asal-usul pangarang.
3. Kaayaan Sosial Budaya
Salian ti kasangtukang pangarang, kaayaan sosial jeung budaya bisa mangaruhan hiji karya nu dijieun. Ieu hal ayana di sabudeureun masarakat atawa tempat cicing pangarang, diantarana waé: idéologi, politik, ékonomi, sosial, jsb.
Unsur-unsur
intrinstik
1. Jejer (téma)
Jejer téh inti carita ti awal
nepika ahir carita.
2. Palaku (tokoh) jeung watekna
(karakter)
Palaku
téh jalma nu ngalalakon dina carita. Unggal palaku boga watek nu ngagambarkeun
pasipatanana sewing-séwang luyu jeung témana. Palaku utama watekna bisa hade
atawa goréng (protagonis), lalawanan palaku utama nyaéta antagonis, jeung
palaku tambahan disebut tritagonis.
3. Latar (setting)
Latar
téh lingkungan nu ngadadasaran lumangsungna hiji kajadian dina carita. Latar
dibagi jadi tilu nyaéta tempat, waktu jeung suasana.
4. Galur
Galur
téh runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepika ahir. Galur dibagi jadi tilu
nyaéta
a. Galur mérélé
b. Galur mundur (flashback), jeung
c. Galur bobok tengah (campuran)
5. Gaya Basa
Gaya
basa nyaéta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh
(éfék) nu leleb karaosna ka nu maca atawa nu ngaregepkeun, ku jalan
ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén,
mangrupa plastis-stilistik, nyaéta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina
kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana. Gaya
basa bisa dibagi jadi:
a. Ngumpamakeun (simile), nyaéta
gaya basa nu ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén nu sipatna nembrak.
Contona: Kawas gaang katincak
b. Mijalma (personifikasi), nyaéta
gaya basa anu ngabandingkeun barang-barang cicing (teu nyawaan) disaruakeun
jeung barang anu nyawaan saperti jalma. Contona: Gunung siga nu milu nguyung,
lebak siga nu milu susah. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu
milu susah.
c. Ocon (metonomia), nyaéta gaya
basa anu ngagunakeun kecap ngaran salasahiji barang pikeun nyebut barang séjén
nu aya patalina sacara logis. Contona: Jang, pangmeulikeun Gudang garam!
d. Ngasor (litotes), nyaéta
rakitan basa anu dipaké pikeun ngarendahkeun diri, tandaning sopan atawa handap
asor. Contona: Ah gaduh tanah ogé ngan satapak peucang.
e. Rautan (eufimismeu), nyaéta
rakitan basa anu ngandung maksud ngomah-ngomahan haté batur sangkan henteu
nyentug teuing karasana. Contona: Indung bapana geus mulih ka jati mulang ka
asal (maot)
f. Lalandian (metafora), nyaéta
gaya basa nu ngébréhkeun hiji hal ngaliwatan babandingan ku cara méré
panglandi. Contona: Leumpangna ngembang sampeu (dingdet). Contona: Pa Oto
Iskandir dinata di landian si Jalak Harupat.
g. Raguman (sinekdok) nyaéta
rakitan basa nu ngébréhkeun rupa-rupa hal dihijikeun, disawadahkeun, atawa
disabeungkeutkeun. Raguman dibagi dua:
1) Hurunan (totem pro parto),
nyaéta rakitan basa nu nyebut sagemblengna (sakumna) padahal nu dimaksud mah
salasaurang, sahiji, sawaréh. Contona: Barudak SMA 2 keur diadu maén bal jeung
barudak SMA 3 (nu maraén bal mah ngan 22 urang, lain sajumlahna murid SMA 2
jeung SMA 3).
2) Tunggalan (pars pro toto)
nyaéta rakitan basa nu nyebut sahiji atawa sabagéan padahal maksudna mah
sakabéhna. Contona: Raja baheula kudu diriung ku gelung, digéndeng-géndeng ku
cangkéng (nu dimaksud lain diriung ku gelung jeung cangkéng tapi ku awéwé
geulis).
h. Rarahulan (hiperbol), nyaéta
rakitan basa nu gunana pikeun ngayakinkeun nu séjén, bakating hayang dipercaya
omonganana kaleuleuwihi. Contona: Sawahna satungtung deuleu.
i. Kadalon (pleonasmeu), nyaéta
rakitan basa nu ngagunakeun kecap-kecap pikeun ngébréhkeun maksud leuwih ti
mistina. Contona: Anakna kembar sapasang.
j. Ébréhan (peripraseu), nyaéta
rakitan basa nu ngébréhkeun gawéna, gunana kaayaan hiji barang, jst, tapi ari
nu dimaksud mah nyaéta barang nu kaancikan (kayaan, gawé, atawa gunana) nu
disebut téa. Contona: Puputon sekar kadaton (putri)
k. Kahanan, nyaéta rakitan basa nu
ngébréhkeun kahanan, sipat, ciri nu husus atawa barang. Contona: Raja leuweung
pikeun nyebut maung
l. Silib (alégori), eusina
dibalibirkeun, tujuanna sangkan anu diajak nyarita henteu éraeun atawa kasigeung
haténa.
m. Gaya basa sindir aya tilu rupa,
nyaéta:
1) Ngomong dua (ironi) nu
omonganana sabalikna tina maksudna. Contona: Naha jang datang téh subuh-subuh
teuing? (kabeurangan)
2) Nomong seukeut (sinismeu) nu
eusina nyawad ku jalan lemes. Contona: Teu sangka getol geuning putra ibu téh
(kedul).
c.
Nyungkun (sarkasmeu), eusina nyawad atawa ngawada.Contona: Béakeun dahareun téh
kabéh, kajeun batur mah teu kabagéan ogé
6. Nangtukeun puseur sawangan
(point of view)
Puseur
sawangan téh tilikan carita, bisa ngagunakeun jalma kahiji (bisa maké palaku
“kuring”), jalma kadua (biasana maké palaku “manéhna”), atawa pangarang saukur
nyaritakeun palaku-palaku carita, sok disebut ogé gaya ngadalang.
7. Nangtukeun amanat
Amanat
téh pesen nu hayang ditepikeun pangarang ngaliwatan carita. Bisa ditepikeun
sacara langsung (tersurat) ngaliwatan kalimah nu kapanggih dina pungkasan
carita, bisa ogé sacara teu langsung (tersirat) ngaliwatan gemblengan carita.