Rabu, 23 Oktober 2019

DONGÉNG


A.   PERKARA DONGÉNG
Dongéng nyaéta carita rékaan nu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Mémang aya ogé dongéng nu kesan pamohalanana téh henteu karasa, nyaéta dongéng-dongéng nu nyaritakeun kahirupan sapopoé saperti dongéng-dongéng Si Kabayan.
Kesan pamohalan dina dongéng upamana baé aya sasatoan bisa nyarita kawas jalma (saperti dongéng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét”), aya parahu jadi gunung (“sasakala Tangkuban Parahu jalma jadi maung (“Sasakala Maung Panjalu”), jeung sajabana.
Eusi dongéng téh umumna ngandung atikan moral. Upamana: jalma bener tangtu meunang pahala, jalma salah tangtu bakal meunang siksaan atawa cilaka; supaya maksudna tinekanan kudu ngagunakeun akal; atawa kudu hirup sauyunan ambéh répéh-rapih.
Palaku dina dongéng mah bisa saha baé, bisa sasatoan, tatangkalan, manusa, gunung, jin siluman-silemin, jsb. Ayakalana latar tempat jeung latar waktuna ogé ngandung unsur pamohalan deuih, anakronismeu, atawa henteu luyu jeung kanyataan sajarah. Éta katémbong dina dongéng-dongéng babad. Upamana baé nepungkeun dua tokoh nu béda jaman jeung tempat dina mangsa nu sarua, saperti tepungna Bagénda Ali jeung Kian Santang.
Dongéng téh karya balaréa, hartina tara kanyahoan saha nu ngarangna. Sumebarna sacara lisan, dongéng didongéngkeun deui. Munasabah upama aya hiji dongéng mibanda rupa-rupa vérsi.

B.   PAPASINGAN DONGÉNG
Dumasar kana eusina, dongéng téh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan, nyaéta (1) dongéng sasatoan; (2) dongéng sasakala; (3) dongéng babad; (4) dongéng jalma biasa (5) dongéng: paranabi/wali; (6) dongéng pieunteungeun; (7) dongéng pamuk.
1.   Dongéng Sasatoan (Fabel)
Dongéng sasatoan (fabel) nyaéta dongéng nu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jalma, upamana baé bisa nyaritakeun jeung ngagunakeun akal pikiran.
Contona dongéng-dongéng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét atawa dongéng-dongéng Sakadang Peucang.
Dongéng-dongéng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét  téh bisa jadi mangrupa dongéng sasatoan pituin urang Sunda. Béda jeung dongéng-dongéng nu palakuna sato séjén. Dongéng-dongéng Sakadang Peucang, upamana, hirupna dina sastra téh mangrupa pangaruh tina sastra Jawa.
2.   Sasakala (Legenda)
Dongéng sasakala (legénda) nyaéta dongéng nu eusina asal-muasalna kajadian hiji tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan.
Contona dongéng “Sasakala Situ Bagendit”, “Sasakala Gunung Tangkuban-parahu”, jeung “Sasakala Talagawarna” nu nyaritakeun asal-muasalna hiji tempat (situ jeung gunung); “Sasakala Maung Panjalu”, “Sasakala Uncal Tandukan” (sasatoan), “Sasakala tutuwuhan), jeung sajabana.
3.   Dongéng Babad (Sagé)
Nu dimaksud dongéng babad (sagé) téh nyaéta dongéng nu eusina nyaritakeun kajadian atawa jalma nu ngandung unsur sajarah. Najan kitu dina carita babad mah sajarah téh henteu jelas unsur-unsur kasajarahanana, henteu bisa dicekel deleg fakta-faktana, malah aya kalana pacampur jeung dongéng pamuk nyaéta nu nyaritakeun kajadian sajarah atawa jalma nu ngandung unsur sajarah.
Dina babad remen kapanggih hal-hal nu teu parok jeung kanyataan sajarah. Umumna dumasar kana pandangan régiosétris, nyaéta sagalana museur ka wewengkonna. Upamana baé dina Babad Galuh aya bagian nu nyaritakeun, yén sanggeus banjir dina jaman Nabi Enuh, alam dunya téh ngan dicicingan ku dua kelompok masarakat, nyaéta masarakat pangiring Nabi Enuh di Mesir jeung masarakat pangiring Ratu Galuh di Galuh.
Babad téh aya nu ditulis dina wangun wawacan jeung aya nu ditulis dina wangun basa lancaran. Éta mah ngan saukur  cara nuliskeunana baé. Carita babad nu gelar, di antarana baé Babad Cikundul, Babad Sumedang, Babad Galuh, Babad Sukapura, Babad Banten, Babad Cirebon, jeung Babad Godog.
Contona: “Dongéng Kéan Santang”, “Dongéng Séh Abdul Muhyi”, “Dongéng Prabu Siliwangi”, “Dongéng Dipati Imbanagara”, “Dongéng Sunan Permana di Puntang”, jeung sajabana.
4.   Dongéng Kahirupan Jalma Biasa (Parabel)
Dongéng kahirupan jalma biasa (parabel) nyaéta dongéng nu eusina nyaritakeun jalma biasa.
Conto nu paling kamashur dina Sastra Sunda nyaéta dongéng-dongéng Si Kabayan.
Tokoh Si Kabayan kacida dipikawanohna ku urang Sunda Gambaran umum ngeunaan Si Kabayan nyaéta jalma ngedul tapi loba akal. Malah aya nu nyebutkeun “jalma bodo tapi pinter”. Salian ti éta, Si Kabayan ogé dianggap tokoh lucu. Nepi ka loba nu nyieun carita lulucon nu ngagunakeun tokoh Si Kabayan.
Dongéng-dongéng Si Kabayan nu populér di kalangan masarakat Sunda di antarana “Si Kabayan Ngadeupaan Lincar”, “Si Kabayan Ngala Nangka”, “Si Kabayan Ngala Tutut”, jeung “Si Kabayan Kasurupan”. Salian ti éta, loba dongéng-dongéng Si Kabayan rékaan anyar; atawa carita nu ngagunakeun tokoh Si Kabayan saperti Kabayan Jadi Dukun” beunang Moh. Ambri (saduran tina ”Titiron” beunang Moliere), “Lebé Kabayan” beunang Ahmad B jeung sérial “Si Kabayan jeung Raja Jimbul” beunang Min Resmana. Si Kabayan ogé bisa disebut tokoh dongéng Sunda nu mindeng dijieun pilem jeung sinétron.
5.   Carita Paranabi/Wali
Carita paranabi/wali téh kaasup kana mite nyaéta carita nu eusina patali jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa hal-hal nu gaib.
Dina ieu pedaran, husus ngeunaan carita paranabi/wali henteu disebut dongéng paranabi/wali, saperti nu aya dina kurikulum. Ari sababna, bisi salah tapsir, yén carita paranabi/wali téh ngan saukur dongéng wungkul nu mangrupa carita rékaan. Padahal nu dimaksud di dinya mah nyaéta carita-carita nu eusina nyaritakeun perkara nu aya patalina jeung paranabi/wali. Upamana baé ngeunaan kasaktén jeung wewesén parawali. Naha éta téh carita rékaan atawa dongéng wungkul atawa enya-enya kajadian? Jawabanana pasti rupa-rupa, luyu jeung kayakinan masing-masing. Nu matak dina ieu pedaran mah henteu ngagunakeun istilah “dongéng”, tapi “carita”.
Di masarakat urang, carita paranabi/wali téh hirup tur sumebar nepi ka kiwari. Upamana baé carita ngeunaan Nabi Hidir, carita carita sabudeureun Sunan Gunung Jati katut Walisanga séjénna, Séh Abdul Kodir Jaélani, jeung sajabana.
6.   Dongéng Pieunteungeun
Nu dimaksud dongéng pieunteungeun di dieu nyaéta dongéng nu eusina mangrupa tuladan pikeun manusa. Bisa ogé dongéng sasatoan, dongéng jalma biasa, jeung sajabana. Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.
7.   Dongéng Pamuk
Nu dimaksud dongéng pamuk téh nyaéta dongéng nu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma, tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Contona Wewesén Aki Sayang Hawu.

Dicutat: Buku Pangajaran Sastra Sunda: Budi Rahayu Tamsyah


MALURUH LAFAL, LENTONG, JEUNG TAGOG NGADONGÉNG
Sabada ngabandungan nu ngadongéng, urang paluruh lafal, lentong jeung tagogna nu ngadongéng téh.
1.   Lafal
Lafalna béntés tur merenah layu jeung aturan-aturan sora basa (fonétik), di antarana bisa ngalafalkeun vokal é, e jeung eu, saperti dina ngucapkeun kecap beletna, masantrén, tinggaleun, kabéjakeun, mending, rebun-rebun, capé, kadéngé, diteges-teges, sakeclak-sakeclak, sarta leres. Tah, urang gé lamun keur cacarita atawa ngadongéng kudu béntés ngalafalkeunana, utamana dina ngalafalkeun vokal has basa Sunda.
2.   Lentong
Nu ngadongéng lentongna ge geus merenah, dimana kudu turun jeung iraha lentongna naék. Dina aturan lentongna turun atawa datar, biasana éta kalimah téh ditandaan ku tanda titik (.). Sabalikna mun lentongna naék éta kalimah téh ditandaan ku tanda tanya ( ? ) atawa tanda panyeluk (!).
Kalimah nu ditungtungan ku tanda titik atawa lentongna turun biasana kagolong kana kalimah wawaran. Ari kalimah nu ditungtungan ku tanda tanya (?) atawa lentongna naék disebutna kalimah pananya. Kalimah nu ditungtungan ku tanda panyeluk ( ! ) atawa lentongna naék disebut kalimat paréntah.Kitu deui dina ngucapkeun kalimah langsung, lentongna béda jeung kalimah teu langsung.
3.   Pasang peta
Pasang peta téh ngawengku paroman (mimik) jeung gerak-gerik (gestur) waktu ngadongéng. Paromanna kudu diluyukeun jeung bagéan dongéng nu keur dicaritakeun. Upama bungah, paroman kudu marahmay. Kitu deui lamun sedih atawa keur nandangan tunggara, paroman ogé kudu alum. Gerak-gerik ogé kudu diluyukeun ka dinya deuih. Gerak-gerik atawa peta nyaritakeun pikabungaheun, tangtu moal sarua jeung nyaritakeun pikasediheun atawa pikakeuheuleun.

KARANCAGÉAN MACA JEUNG NULIS AKSARA SUNDA


ᮊᮛᮔ᮪ᮎᮦᮌᮃᮔ᮪ ᮙᮎ ᮏᮩᮔᮥᮜᮤᮞ᮪ 
ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ


Pangdeudeul Matéri Pangajaran Basa Sunda
di SMAN 1 Jampangkulon
ku Gusniawan Sastrawiguna
 


1.   PANGJAJAP
Urang Sunda kungsi nyiptakeun sarta mibanda aksara pikeun nuliskeun basana dina raraga rupa-rupa gambaran kahirupan sarta ajén-inajén budayana, kungsi kacatet dina prasasti jeung naskah-naskah kuno abad XIII – XVII. Pasoalan hurap-huripna aksara Sunda ”Ngalagena” téh gumantung ka-Sunda-na sorangan.
Kiwari masih aya anggapan di sawatara masarakat, yén modél aksara Sunda nu sumebar di masarakat Sunda sarua wangunna jeung modél aksara nu sumebar di kalangan masarakat Jawa, nu katelah aksara Cacarakan atawa Hanacaraka. Tapi, sabenerna mah ti taun 1867 kénéh, K.F. Holle geus mimiti ngabaladah jeung ngayakeun panalungtikan ku jalan ngagarap naskah-naskah lontar nu kapanggih di tatar Sunda. Nya ti harita pisan Holle nandeskeun yén dina lontar-lontar nu digarapna téh eusi téksna ditulis dina aksara Sunda sarta basana ogé maké basa Sunda Kuno.
Hasil pananglungtikan Holle, saterusna ditarurutan, di antarana baé ku C.M. Pléyte (1911, 1914), R.Ng. Poerbatjaraka (1919-1921), H. tén Dam (1957), J. Noorduyn (1962, 1965, 1982), Atja (1968, 1970), Atja & Saléh Danasasmita (1981 abc), Saléh Danasasmita, Ayatrohaédi, Tién Wartini & Undang A. Darsa (1985/1986, 1987), Ayatrohaédi, Tién Wartini & Undang A. Darsa (1987), Undang A. Darsa & Édi S. Ékadjati (1995).
Nepi ka ayeuna, naskah-naskah Sunda Kuno nu ngagunakeun lontar atawa daun kiray nu geus digarap, umumna asal-muasalna ti abad XV-XVI Maséhi, kayaning: Carita Parahiyangan, Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian, Amanat Dari Galunggung, Kawih Paningkes, Jatiniskala, Carita Ratu Pakuan, Fragmén Carita Parahyangan, Sang Hyang Hayu, Serat Déwa Buda, Serat Catur Bumi, Sang Hyang Raga Déwata, Kisah Purnawijaya. Kisah Keturunan Rama dan Rawana atawa Pantun Ramayana, Kisah Perjalanan Bujangga Manik, Séwaka Darma, jeung Kisah Sri Ajnyana. Salian ti éta, aya ogé téks-téks nu ditulis tapi bahan nu digunakeunana leuwih awét, mangrupa batu atawa logam (tambaga), di antarana baé prasasti-prasasti nu aya di Astana Gedé Kawali jeung Piagem Kabantenan. Téks-téks éta sacara écés ditulis ku aksara jeung basa Sunda Kuno.
Kanyataan ieu méré bukti, yén masarakat Sunda téh geus lila mikawanoh kana tradisi tulis, malahan karuhun urang Sunda harita geus mampuh nyiptakeun hiji modél aksarana sorangan, nu katelah aksara Sunda Kuno téa. Naskah nu pangngorana nu ngagunakeun aksara Sunda Kuno nya éta Carita Waruga Guru nu ditulis dina kertas maké ciri watermark. Jiga-jigana ti mimiti tengah abad XVIII Maséhi nu disebut aksara Sunda Kuno téh saeutik-saeutik mimiti kadéséh, sabab sacara kultural kadéséh ku ayana aksara Cacarakan nu pangheulana dibakukeun ku G.J. Grashuis dina buku nu judulna Handleiding voor Aaanleren van het Soendaneesch Letterschrift ‘Buku Palanggeran Pangajaran Aksara Sunda’ nu medal dina taun 1860. Modél aksara Cacarakan nu diajarkeun mangrupa modifikasi tina aksara Carakan Jawa nu geus leuwih ti heula dibakukeun ku T. Roorda dina taun 1835.
Ieu pangdeudeul pangajaran basa Sunda nu judulna Karancagéan Maca jeung Nulis Aksara Sunda minangka salah sahiji tarékah pikeun némbongkeun atawa ngawanohkeun deui salah sahiji unsur budaya Sunda hasil gawé jeung titinggal karuhun Sunda baheula. Ieu tarékah téh dina seuhseuhanana mah meunang pangrojong ti masarakat nu aya di sakuliah Jawa Barat.
Minangka bukti yén ayana pangrojong ti pamaréntah téh, nyaéta ku ayana Peraturan Daérah nomer 6 taun 1996 nu saterusna dilajuninglakuan ku Surat Kaputusan Gubernur Kapala Daerah Tingkat I Jawa Barat No. 434/SK.614-Dis.PK/99 sarta Perda No. 5 taun 2003 nu dirobah jadi Perda nomer 14 taun 2014.
Ayana éta Perda jeung SK. Gubernur téh sabenerna mah mangrupa lajuninglaku tina Kaputusan Presidén No. 082/B/1991 tanggal 24 Juli 1991.
Aksara Sunda nu dijéntrékeun dina ieu makalah henteu sarua persis jeung aksara Sunda Kuno, tapi geus dimodifikasi atawa geus dirobah sautak-saeutik ku para ahli ti kalangan paguron luhur (Unpad, UI, jeung UPI), hususna ahli-ahli nu icikibung dina widang filologi. Upaya modifikasi atawa ngarobah wujud aksara nu dilakukeun téh dipiharep sangkan leuwih gampil sarta leuwih praktis dina enggoning ngajarkeun jeung ngagunakeunana. Tapi sok sanajan kitu aksara nu geus dirobah sautik-saeutik téh henteu méncog tina tipologi dasar aksara Sunda Kuno ti abad XV-XVI Maséhi.
Tarékah mekarkeun budaya ngaliwatan tulisan nyaéta aksara Sunda Ngalagena kiwari geus nepi kana ngawujudkeun aksara wangun tulisan dina komputerisasi ”Unicode” minangka ngahudang-wayangkeun urang Sunda ngajomantara dina téknologi. Éta tarékah téh diluluguan ku Dian Tresna Nugraha jeung Dadan Sutisna, hal ieu nu dianti-anti ku sakumna urang Sunda. Antukna, aksara Sunda ”Ngalagena” geus bisa jadi bahan kaparigelan dina wangun tulisan jeung aprésiasi saban mangsa.

2.   AKSARA SUNDA ”NGALAGENA” BAHAN PANGAJARAN DI SAKOLA
Nilik kana sajarah atikan periode 1945 – 1950, dina rarancang pangajaran taun 1947 aya tilu widang struktur program, di antarana waé ngeunaan sakola-sakola nu ngagunakeun panganteur ku basa daérah (Sunda). Ti saprak kurikulum 1950, ampir rata-rata genep taun sakali kurikulum sakola téh dirobah pikeun disampurnakeun luyu jeung kamekaran jaman, sarta kamajuan téknologi.
Aksara Sunda téh jadi salasahiji program tina pangajaran basa Sunda di sakola-sakola sakuliah Jawa Barat. Éta hal sabab geus puguh tetekonna, tangtuna ogé baris ngajadikeun sarana pikeun bekel para siswa enggoning ngantebkeun jatidirina jeung mangrupa parabot piekun ngungkabkeun sarta mekarkeun ajén-inajén luhur budaya karuhun, ngajalankeun kurikulum nu luyu jeung kaperluan daérah, ngaronjatkeun rasa katresna kana budaya sorangan.
Parabot jeung alat pangajaran aksara Sunda téh katangtuanana saperti kieu:
a.    Sakola Dasar, aksara Sunda téh pikeun ngajembaran kamampuh jeung kaparigelan dasar, nu ngawengku tahap ngaregepkeun sangkan wanoh, maca, jeung nuliskeun aksara Sunda dasar katut rarangkénna.
b.    Sakola Menengah (SMP jeung SMA), salian ti bahan pangajaran pikeun ngajembaran kamampuh jeung kaparigelan dasar téh, dina ngaregepkeun, maca, jeung nuliskeunana ogé sipatna leuwih pragmatis.



3.   AKSARA SUNDA
Aksara Sunda téh jumlahna aya 32. Jumlah 32 mangrupa hasil tarékah sakumna pihak, kaasup birokrat pamaréntah Provinsi Jawa Barat dumasar kana Perda No. 5 Taun 2003 ngeunaan Miara Basa, Sastra, jeung Aksara Daérah (Sunda) nyaéta disebut Aksara Sunda Standar. Aksara Sunda Standar téh ngawengku 7 aksara sora (vokal mandiri nu pérélé sorana: a, é, i, o, u, e, eu jeung 23 aksara ngalagena (saharkat konsonan konsonan nu kieu runtuyanana: ka-ga-nga, ca-ja-nya, ta-da-na, pa-ba-ma, ya-ra-la, wa-sa-ha, fa-va-qa-xa-za.  Éta runtuyan aksara téh di antarana dumasar kana bijilna sora hasil prosés artikulasi-artikulator ”parabot omongan”. Ku lantaran kitu, ieu aksara téh bisa disebut Aksara Sunda ”KAGANGA”. Aksara sora atawa vokal mandiri jeung aksara ngalagena bisa nyicingan posisi awal/mimiti, tengah, jeung tungtung/tukang salah sahiji kecap. Aksara ngalagena ngabogaan sipat ‘logo-silabik’, hartina tulisan nu bisa ngawakilan hiji kecap atawa engang.
Sedengkeun aksara ngalagena nyaéta tulisan nu sacara silabis dianggap bisa lambang sora foném konsonan jeung bisa salaku hiji kecap atawa engang nu bisa nyicingan posisi mimiti, tengah atawa tungtung hiji kecap. Jadi, ieu aksara Sunda mibanda sipat silabik, nyaéta tulisan nu bisa ngawakilan hiji kecap jeung engang.
Aksara ngalagena dina sistem tata tulis aksara Sunda Kuno jumlahna aya 18. Tapi, dina raraga nyumponan fungsi aksara Sunda salaku alat rékam basa Sunda nu hiji ngalaman mekar ku ayana prosés serepan unsur asing(kecap), ku kituna paraahli widang paleografi Sunda jeung birokrat Provinsi Jawa Barat,  paratokoh masarakat sapuk pikeun ngaaktifkeun 5 lambang aksara kana sistem cara nulis aksara Sunda Baku, nepi ka jumlahna jadi 23 aksara. éta lima aksara téh lain hartina mangrupa hasil ciptaan anyar, tapi ku cara ngaaktifkeun sababaraha varian lambang aksara Sunda Kuno dumasar kana mindeng-henteuna éta aksara dipaké.
Lambang aksara fa jeung va mangrupa varian lambang aksara pa; lambang aksara qa jeung xa nyaéta varian lambang aksara ka; lambang aksara za nyaéta varian lambang aksara ja.
Palebah cara nuliskeunana aksara Sunda, aya ogé nu disebut vokalisasi, nya éta rarangkén nu bisa ngarobah, nambahan atawa miceun/ngaleungitkeun sora vokal tina aksara ngalagena. Lambang vokalisasi atawa rarangkén jumlahna aya 13 rupa, nu nurutkeun tempatna dibagi jadi tilu bagean, masing-masing nu ditempatkeun di luhureun aksara ngalagena jumlahna aya 5, nu disimpen di handapeun aksara ngalagena aya 3, sarta nu diteundeun sajajar jeung aksara ngalagena jumlahna aya 5. Nu masing-masing dibagi-bagi deui, nya éta 1 ditempatkeun di beulah kénca aksara dasar atawa ngalagena, 2 disimpen di beulah katuhu aksara ngalagena, sarta aya 2 deui nu diteundeun di beulah katuhu ngan rada ngalonjor ka bagean/beulah handap aksara ngalagena. Di sagigireun éta, aya ogé nu disebut lambang wilangan mangrupa angka dasar nu ngabogaan ajén itungan ti mimiti enol nepi ka salapan.
Wangun aksara Sunda kaasup rarangkénna ditulis dina posisi rada déngdék antara 45°-75°. Babandingan ukuran wangun aksara dasar, boh aksara sora ‘vokal’ boh aksara ngalagena umumna ditulis 4:4, iwal ti aksara ngalagena /ra/ nya éta 4:3, pikeun /ba/, jeung /nya/ nya éta 4:6; sarta pikeun aksara sora /i / nya éta 4:3. Sedengkeun pikeun babandingan ukuran wujud tanda rarangkén umumna ditulis 2:2, iwal ti panyecek /+ng/ nya éta 1:1, panglayar /+ r/ nya éta 2:3, panyakra /+ ra/ nya éta 2:4, pamaéh nya éta 4:2, jeung pamingkal /+ya/ nya éta 2;4 (handap) sarta 3:2 (gigireun katuhu). Babandingan ukuran wujud wilangan dasar dina umumna ditulis 4:4, iwal ti pikeun wilangan atawa angka /4/ jeung angka /5/ nya éta 4:3. 
3.1 Wangun Aksara
a.    Aksara Sora “Vokal Mandiri” (aya 7 ), nyaéta:
a = A          é = {                    i = I                   o = O
u =U            e =  E                   eu = }
b.      Aksara Ngalagena “Konsonan” (aya 23), nyaéta :
ka = k         ga = g                   nga = G
ca = c         ja =                   nya = J
ta =  t         da = d                   na = n
pa = p         ba = b                 ma = m
ya = y         ra = r                    la = l
wa = w         sa = s                   ha = h
fa = f          va = v                  qa = q
xa = x          za = z
c.      Aksara Ngalagena sora serepan
fa = f       qa =  q      va = v
xa = x    za =  z

3.2 Rarangkén “Vokalisasi”
Rarangkén aksara Sunda aya 13 rupa kalayan cara nuliskeunana baris diwincik di handap ieu:

3.2.1 Rarangkén nu ditulis ”di luhureun” lambang aksara dasar atawa aksara Ngalagena, nu jumlahna aya 5, nyaéta:
1) ....i = panghulu, gunana pikeun ngarobah sora vokal aksara dasar /a/ jadi /i/.
Contona: k = ka, jadi ki = ki; kiki = kiki
2) ...e = pamepet, gunana pikeun ngarobah sora vokal aksara dasar /a/ jadi /e/.
Contona: k = ka, jadi ke = ke; kedH = kedah
3) ....]= paneuleung, gunana pikeun ngarobah sora vokal aksara dasar /a/ jadi /eu/.
Contona: k = ka, jadi  k]]]]] = keu; k]k]H = keukeuh
4) ....Q= panglayar, gunana pikeun nambahan konsonan /+ r/ dina tungtung aksara dasar /a/.
Contona: k = ka, jadi kQ = kar;  muNkQ = mungkar
5) .....N. = panyecek, gunana pikeun nambahan konsonan / +ng / dina tungtung aksara dasar.
Contona: k = ka, jadi kN = kang; AkN = akang    

3.2.2 Rarangkén nu ditulis ”di handapeun” lambang aksara dasar, jumlahna aya 3, nya éta:
1)      ....u = panyuku, gunana pikeun ngarobah sora vokal aksara dasar /a/ jadi /u/.
Contona: k = ka, jadi ku = ku; kukuH = kukuh
2)      .....R.. = panyakra, gunana pikeun nambahan sora aksara /+ra/ dina aksara dasar nu aya di sagigireunana, sarta bisa diluyukeun jeung tanda rarangkén dina aksara dasarna.
Contona: k = ka, jadi kR = kra; ckR = cakra
3)      ....L = panyiku, gunana pikeun nambahan sora aksara /+ la/ dina aksara dasar nu dideukeutanana atawa nu ditémpélanana, sarta bisa diluyukeun jeung rarangkén dina aksara dasarna.
Contona: k = ka, jadi kL = kla; kpiLGN = kapling

3.2.3 Rarangkén nu ditulis ‘sajajar’ jeung aksara dasar, jumlahna aya 5, nya éta:
1)      [...  = panéléng, gunana pikeun ngarobah sora vokal aksara dasar /a/ nu dipiheulaanana jadi / é /.
Contona : k = ka, jadi  [k = ké;  [k[nH = kénéh
2)      ...o = panolong, gunana pikeun ngarobah sora vokal aksara dasar /a / anu miheulaanana jadi /o/.
Contona: k = ka, jadi ko = ko; kokodok; = kokodok
3)      .....Y...... = pamingkal, gunana pikeun nambahan sora /+ ya/ dina aksara dasar anu dideukeutanana atawa nu ditémpélanana, sarta bisa diluyukeun jeung tanda rarangkén dina aksara dasarnya.
Contona: k = ka, jadi kY = kya; =
4)      .......H = pangwisad, gunana pikeun nambahan konsonan /+ h / dina tungtung aksara dasar.
Contona: k = ka, jadi kH = kah; [dkH = dékah
5)      ...; = pamaéh, gunana pikeun ngaleungitkeun atawa miceun sora vokal tina aksara dasar nu miheulaanana.
Contona: k = ka, jadi k; = k; [d[wk; = déwék

3.2.4 Rarangkén nu bisa dihijikeun atawa dikombinasikeun jeung aksara vokal, nu jumlahna aya 3, nya éta:
1.       ....Q. = panglayar  : AR ar; A ér;  IR  ir;  OR or; UR ur; ER er; }R; eur
2.       ....N = panyecek   : AN ang;  GN éng;  IN ing;  ON ong;  UN ung; EN eng; jeung }N eung.
3.       ....H                    = pangwisad  : AH ah; AH éh; IH ih; OH oh; UH uh; EH eh; jeung  }Heuh.

3.3 Wilangan ”Angka”
Cara nuliskeun aksara Sunda diwuwuhan ogé ku lambang wilangan. Pikeun lambang wilangan puluhan, ratusan, jeung saterusna ditulis ngajéjér ti beulah kénca ka beulah katuhu, saperti dina sistem wilangan Arab. Sababaraha lambang wilangan Sunda wangunna aya nu ampir sarua atawa mirip jeung lambang aksara. Ku ayana kitu, pikeun nuliskeun wincikan lambang éta wilangan, kudu diapit atawa digéndéng maké gurat ajeg nu luhurna 6:4 tina ukuran luhurna lambang wilangan téa. Lambang wilangan-wilangan nu dimaksud, nya éta:
1= 1
3 =  3
5 =  5
7 =   7
9 =  9
2 = 2
4 =  4
6  =  6
8  =  8
0 = 0
Conto:
17 Agustus 1945 = 17 Agus;tus; 1945
Tel. (0266) 490147 = tel;. (0266) 490147

3.4 Pungtuasi “Tanda Baca”
Tanda baca nu digunakeun pikeun ngalengkepan aksara Sunda dina cara nuliskeun hiji kalimah, alinéa, atawa wacana, nya éta ku cara nyokot “ngadopsi” sakur tanda baca nu aya dina sistim tatatulis Aksara Latin. Tanda baca nu dimaksud kayaning: koma ( , ), peun ‘titik’ ( . ), titik-koma ( ; ), deubeul peun “titik-dua” ( : ), panyeluk “tanda seru” ( ! ), pananya “tanda tanya” ( ? ), kekenteng “tanda kutip” (“...”), panyambung “tanda hubung” ( - ), tanda kurung ( ( ) ), jeung sajabana. Ukuran wangun tanda baca diluyukeun jeung ukuran wangun aksara Sunda. Sedengkeun nu aya patalina jeung ngaran pangkat atawa jabatan, gelar, boh gelar akademis atawa gelar kaagamaan cara nuliskeunana tetep ngagunakeun sistim tatatulis Aksara Latin nu masih digunakeun tug nepi ka kiwari.


1.       KOMPUTERISASI AKSARA SUNDA
Sacara umum sistim komputerisasi naskah jeung aksara bisa dilakukeun ku dua cara, nyaéta komputerisasi ngagunakeun gambar (image) jeung komputerisasi ngagunakeun téks. Tujuan komputerisasi aksara Sunda nyaéta pikeun mekarkeun jeung sosialisasi atawa ngwanohkeun aksara Sunda sistim téks ngaliwatan piranti komputer. Ieu hal, bakal ngagampangkeun sistim pangajaran, sabab wangun-wangun hurup geus disadiakeun jeung bisa digunakeun ku sakumna aplikasi komputer.
Komputerisasi aksara Sunda standar téh ngagunakeun métologi: 
a.    Ngumpulkeun hurup-hurup aksara Sunda standar, satuluyna didesain ngagunakeun komputer.
b.    Ngajukeun proposal ka Unicode supaya aksara Sunda jadi standar Unicode.
c.    Nyieun font aksara Sunda standar.
d.    Nyieun acuan papan tombol (keyboard driver) pikeun ngetikeun aksara Sunda.
(Idin Baidillah, spk; 2008)

Dumasar hasil Seminar Standardisasi Aksara Sunda di Unpad, 28 Méi 2008, perelu ayana sababaraha révisi nu bakal dijaukeun deui ka Unicode, nyaéta:
a.       Wangun (ghyph) aksara Sunda pikeun Unicode dumasar standar nuliskeunana sakumaha nu geus ditetepkeun ku tim standardisasi aksara Sunda. Unggal wangun aksara Sunda miboga proporsi luhur, gedéna, jeung miringna. Wangun aksara téh kudu gampang diturutan pikuen ngalancarkeun prosés pangjaran. Sok sanajan kitu, aksara Sunda téh bisa dimekarkeun kana wanguna non-standar (kaligrafi, dékoratif) sakumaha nu geus sumebar kiwari di masarakat.
b.      Ngaleungitkeun aksara kha (pasangan ka jeung ha) sarta sya (pasangan sa jeung ya). Mimitina jumlah karakter aksara Sunda nu didaptarkeun ka Unicode 55 rupa, ayeuna jadi 53 rupa.
c.       Parobahan runtuyan (sorting) pikeun ngabédakeun hurup-hurup aksara Sunda jeung hurup-hurup nu diadopsi tina aksara Latin. Lamun dialfabetiskeun aksara Sunda téh nyaéta:
k, g, G, c, j, J, t, d, n, p, b, m, y, r, l, w, s, h, f, q, v, x, z (ka, ga, nga, ca, ja, nya, ta, da, na, pa, ba, ma, ya, ra, la, wa, sa, ha, fa, qa, va, xa, za) .

Karakter aksara Sunda nu didaptarkeun saméméhna ka Unicode lobana aya 55 rupa, ngawengku aksara ngalagena (konsonan), aksara swara (vokal), angka, jeung rarangkén nu mangrupa dasar tina nuliskeun aksara Sunda. Unicode nyadiakeun 64 slot pikeun karakter aksara Sunda, jeung bisa ditambahan lamun seug aya parobahan.






NOVÉL

Pedaran Ngeunaan Novél Novél nyaéta carita rékaan (fiksi) nu méré kesan kesan lir enya-enya kajadian tur ukuran panjang. Novél ogé kaasup wa...