A. PERKARA DONGÉNG
Dongéng nyaéta carita rékaan nu méré kesan pamohalan tur
ukuranana parondok. Mémang aya ogé dongéng nu kesan pamohalanana téh henteu
karasa, nyaéta dongéng-dongéng nu nyaritakeun kahirupan sapopoé saperti
dongéng-dongéng Si Kabayan.
Kesan pamohalan dina dongéng upamana baé aya
sasatoan bisa nyarita kawas jalma (saperti dongéng “Sakadang Kuya jeung
Sakadang Monyét”), aya parahu jadi gunung (“sasakala Tangkuban Parahu jalma
jadi maung (“Sasakala Maung Panjalu”), jeung sajabana.
Eusi dongéng téh umumna ngandung atikan moral.
Upamana: jalma bener tangtu meunang pahala, jalma salah tangtu bakal meunang
siksaan atawa cilaka; supaya maksudna tinekanan kudu ngagunakeun akal; atawa
kudu hirup sauyunan ambéh répéh-rapih.
Palaku dina dongéng mah bisa saha baé, bisa
sasatoan, tatangkalan, manusa, gunung, jin siluman-silemin, jsb. Ayakalana
latar tempat jeung latar waktuna ogé ngandung unsur pamohalan deuih,
anakronismeu, atawa henteu luyu jeung kanyataan sajarah. Éta katémbong dina
dongéng-dongéng babad. Upamana baé nepungkeun dua tokoh nu béda jaman jeung
tempat dina mangsa nu sarua, saperti tepungna Bagénda Ali jeung Kian Santang.
Dongéng téh karya balaréa, hartina tara kanyahoan
saha nu ngarangna. Sumebarna sacara lisan, dongéng didongéngkeun deui.
Munasabah upama aya hiji dongéng mibanda rupa-rupa vérsi.
B. PAPASINGAN DONGÉNG
Dumasar kana eusina, dongéng téh bisa
dipasing-pasing jadi sababaraha golongan, nyaéta (1) dongéng sasatoan; (2)
dongéng sasakala; (3) dongéng babad; (4) dongéng jalma biasa (5) dongéng:
paranabi/wali; (6) dongéng pieunteungeun; (7) dongéng pamuk.
1. Dongéng Sasatoan (Fabel)
Dongéng sasatoan (fabel)
nyaéta dongéng nu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jalma,
upamana baé bisa nyaritakeun jeung ngagunakeun akal pikiran.
Contona dongéng-dongéng
Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét atawa dongéng-dongéng Sakadang Peucang.
Dongéng-dongéng Sakadang
Kuya jeung Sakadang Monyét téh bisa jadi
mangrupa dongéng sasatoan pituin urang Sunda. Béda jeung dongéng-dongéng nu
palakuna sato séjén. Dongéng-dongéng Sakadang Peucang, upamana,
hirupna dina sastra téh mangrupa pangaruh tina sastra Jawa.
2. Sasakala (Legenda)
Dongéng sasakala (legénda)
nyaéta dongéng nu eusina asal-muasalna kajadian hiji tempat, barang, sasatoan
atawa tutuwuhan.
Contona dongéng “Sasakala
Situ Bagendit”, “Sasakala Gunung Tangkuban-parahu”, jeung “Sasakala
Talagawarna” nu nyaritakeun asal-muasalna hiji tempat (situ jeung gunung);
“Sasakala Maung Panjalu”, “Sasakala Uncal Tandukan” (sasatoan), “Sasakala
tutuwuhan), jeung sajabana.
3. Dongéng Babad (Sagé)
Nu dimaksud dongéng babad
(sagé) téh nyaéta dongéng nu eusina nyaritakeun kajadian atawa jalma nu
ngandung unsur sajarah. Najan kitu dina carita babad mah sajarah téh henteu
jelas unsur-unsur kasajarahanana, henteu bisa dicekel deleg fakta-faktana,
malah aya kalana pacampur jeung dongéng pamuk nyaéta nu nyaritakeun kajadian
sajarah atawa jalma nu ngandung unsur sajarah.
Dina babad remen kapanggih
hal-hal nu teu parok jeung kanyataan sajarah. Umumna dumasar kana pandangan
régiosétris, nyaéta sagalana museur ka wewengkonna. Upamana baé dina Babad Galuh aya bagian nu nyaritakeun,
yén sanggeus banjir dina jaman Nabi Enuh, alam dunya téh ngan dicicingan ku dua
kelompok masarakat, nyaéta masarakat pangiring Nabi Enuh di Mesir jeung
masarakat pangiring Ratu Galuh di Galuh.
Babad téh aya nu ditulis
dina wangun wawacan jeung aya nu ditulis dina wangun basa lancaran. Éta mah
ngan saukur cara nuliskeunana baé.
Carita babad nu gelar, di antarana baé Babad
Cikundul, Babad Sumedang, Babad Galuh, Babad Sukapura, Babad Banten, Babad
Cirebon, jeung Babad Godog.
Contona: “Dongéng Kéan Santang”, “Dongéng Séh Abdul Muhyi”, “Dongéng
Prabu Siliwangi”, “Dongéng Dipati Imbanagara”, “Dongéng Sunan Permana di
Puntang”, jeung sajabana.
4. Dongéng Kahirupan Jalma Biasa (Parabel)
Dongéng kahirupan jalma
biasa (parabel) nyaéta dongéng nu eusina nyaritakeun jalma biasa.
Conto nu paling kamashur
dina Sastra Sunda nyaéta dongéng-dongéng Si Kabayan.
Tokoh Si Kabayan kacida
dipikawanohna ku urang Sunda Gambaran umum ngeunaan Si Kabayan nyaéta jalma
ngedul tapi loba akal. Malah aya nu nyebutkeun “jalma bodo tapi pinter”. Salian
ti éta, Si Kabayan ogé dianggap tokoh lucu. Nepi ka loba nu nyieun carita
lulucon nu ngagunakeun tokoh Si Kabayan.
Dongéng-dongéng Si Kabayan
nu populér di kalangan masarakat Sunda di antarana “Si Kabayan Ngadeupaan
Lincar”, “Si Kabayan Ngala Nangka”, “Si Kabayan Ngala Tutut”, jeung “Si Kabayan
Kasurupan”. Salian ti éta, loba dongéng-dongéng Si Kabayan rékaan anyar; atawa
carita nu ngagunakeun tokoh Si Kabayan saperti Kabayan Jadi Dukun” beunang Moh.
Ambri (saduran tina ”Titiron” beunang Moliere), “Lebé Kabayan” beunang Ahmad B
jeung sérial “Si Kabayan jeung Raja Jimbul” beunang Min Resmana. Si Kabayan ogé
bisa disebut tokoh dongéng Sunda nu mindeng dijieun pilem jeung sinétron.
5. Carita Paranabi/Wali
Carita paranabi/wali téh
kaasup kana mite nyaéta carita nu eusina patali jeung kapercayaan masarakat
kana bangsa lelembut atawa hal-hal nu gaib.
Dina ieu pedaran, husus
ngeunaan carita paranabi/wali henteu disebut dongéng paranabi/wali, saperti nu
aya dina kurikulum. Ari sababna, bisi salah tapsir, yén carita paranabi/wali
téh ngan saukur dongéng wungkul nu mangrupa carita rékaan. Padahal nu dimaksud
di dinya mah nyaéta carita-carita nu eusina nyaritakeun perkara nu aya patalina
jeung paranabi/wali. Upamana baé ngeunaan kasaktén jeung wewesén parawali. Naha
éta téh carita rékaan atawa dongéng wungkul atawa enya-enya kajadian?
Jawabanana pasti rupa-rupa, luyu jeung kayakinan masing-masing. Nu matak dina
ieu pedaran mah henteu ngagunakeun istilah “dongéng”, tapi “carita”.
Di masarakat urang, carita
paranabi/wali téh hirup tur sumebar nepi ka kiwari. Upamana baé carita ngeunaan
Nabi Hidir, carita carita sabudeureun Sunan Gunung Jati katut Walisanga
séjénna, Séh Abdul Kodir Jaélani, jeung sajabana.
6. Dongéng Pieunteungeun
Nu
dimaksud dongéng pieunteungeun di dieu
nyaéta dongéng nu eusina mangrupa tuladan pikeun manusa. Bisa ogé dongéng
sasatoan, dongéng jalma biasa, jeung sajabana. Contona Cikaracak Ninggang Batu
Laun-laun jadi Legok.
7. Dongéng Pamuk
Nu
dimaksud dongéng pamuk téh nyaéta dongéng nu nyaritakeun kagagahan atawa
kasaktén hiji jalma, tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian
sajarah. Contona Wewesén Aki Sayang Hawu.
Dicutat:
Buku Pangajaran Sastra Sunda: Budi Rahayu Tamsyah
MALURUH LAFAL, LENTONG,
JEUNG TAGOG NGADONGÉNG
Sabada ngabandungan nu ngadongéng, urang paluruh
lafal, lentong jeung tagogna nu ngadongéng téh.
1.
Lafal
Lafalna béntés tur merenah layu jeung
aturan-aturan sora basa (fonétik), di antarana bisa ngalafalkeun vokal é, e
jeung eu, saperti dina ngucapkeun kecap beletna, masantrén, tinggaleun,
kabéjakeun, mending, rebun-rebun, capé, kadéngé, diteges-teges,
sakeclak-sakeclak, sarta leres. Tah, urang gé lamun keur cacarita atawa
ngadongéng kudu béntés ngalafalkeunana, utamana dina ngalafalkeun vokal has
basa Sunda.
2.
Lentong
Nu ngadongéng lentongna ge geus merenah, dimana
kudu turun jeung iraha lentongna naék. Dina aturan lentongna turun atawa datar,
biasana éta kalimah téh ditandaan ku tanda titik (.). Sabalikna mun lentongna
naék éta kalimah téh ditandaan ku tanda tanya ( ? ) atawa tanda panyeluk (!).
Kalimah nu ditungtungan ku tanda titik atawa
lentongna turun biasana kagolong kana kalimah wawaran. Ari kalimah nu
ditungtungan ku tanda tanya (?) atawa lentongna naék disebutna kalimah pananya.
Kalimah nu ditungtungan ku tanda panyeluk ( ! ) atawa lentongna naék disebut
kalimat paréntah.Kitu deui dina ngucapkeun kalimah langsung, lentongna béda
jeung kalimah teu langsung.
3.
Pasang peta
Pasang peta téh ngawengku paroman (mimik) jeung gerak-gerik (gestur) waktu ngadongéng. Paromanna kudu diluyukeun jeung bagéan
dongéng nu keur dicaritakeun. Upama bungah, paroman kudu marahmay. Kitu deui lamun sedih atawa keur nandangan tunggara,
paroman ogé kudu alum. Gerak-gerik
ogé kudu diluyukeun ka dinya deuih. Gerak-gerik atawa peta nyaritakeun
pikabungaheun, tangtu moal sarua jeung nyaritakeun pikasediheun atawa
pikakeuheuleun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar