ᮊᮛᮔ᮪ᮎᮦᮌᮃᮔ᮪ ᮙᮎ ᮏᮩᮀ ᮔᮥᮜᮤᮞ᮪
ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ
Pangdeudeul Matéri Pangajaran Basa Sunda
di SMAN 1 Jampangkulon
ku Gusniawan Sastrawiguna
1.
PANGJAJAP
Urang Sunda kungsi
nyiptakeun sarta mibanda aksara pikeun nuliskeun basana dina raraga rupa-rupa
gambaran kahirupan sarta ajén-inajén budayana, kungsi kacatet dina prasasti
jeung naskah-naskah kuno abad XIII – XVII. Pasoalan hurap-huripna aksara Sunda
”Ngalagena” téh gumantung ka-Sunda-na sorangan.
Kiwari masih aya
anggapan di sawatara masarakat, yén modél aksara Sunda nu sumebar di masarakat
Sunda sarua wangunna jeung modél aksara nu sumebar di kalangan masarakat Jawa,
nu katelah aksara Cacarakan atawa Hanacaraka. Tapi, sabenerna mah ti taun 1867 kénéh, K.F. Holle geus mimiti ngabaladah jeung
ngayakeun panalungtikan ku jalan ngagarap naskah-naskah lontar nu kapanggih di
tatar Sunda. Nya ti harita pisan Holle nandeskeun yén dina lontar-lontar nu
digarapna téh eusi téksna ditulis dina aksara Sunda sarta basana ogé maké basa Sunda
Kuno.
Hasil pananglungtikan Holle, saterusna ditarurutan, di
antarana baé ku C.M. Pléyte (1911, 1914), R.Ng. Poerbatjaraka (1919-1921), H.
tén Dam (1957), J. Noorduyn (1962, 1965, 1982), Atja (1968, 1970), Atja &
Saléh Danasasmita (1981 abc), Saléh Danasasmita, Ayatrohaédi, Tién Wartini
& Undang A. Darsa (1985/1986, 1987), Ayatrohaédi, Tién Wartini & Undang
A. Darsa (1987), Undang A. Darsa & Édi S. Ékadjati (1995).
Nepi ka ayeuna,
naskah-naskah Sunda Kuno nu ngagunakeun lontar atawa daun kiray nu geus digarap,
umumna asal-muasalna ti abad XV-XVI Maséhi, kayaning: Carita Parahiyangan, Sanghyang Siksa Kanda
ng Karesian, Amanat Dari Galunggung, Kawih Paningkes, Jatiniskala, Carita Ratu
Pakuan, Fragmén Carita Parahyangan, Sang Hyang Hayu, Serat Déwa Buda, Serat
Catur Bumi, Sang Hyang Raga Déwata, Kisah Purnawijaya. Kisah Keturunan Rama dan
Rawana atawa Pantun Ramayana, Kisah Perjalanan Bujangga Manik, Séwaka Darma, jeung Kisah Sri Ajnyana. Salian ti éta, aya ogé téks-téks nu ditulis
tapi bahan nu digunakeunana leuwih awét, mangrupa batu atawa logam (tambaga),
di antarana baé prasasti-prasasti nu aya di Astana Gedé Kawali jeung Piagem
Kabantenan. Téks-téks éta sacara écés ditulis ku aksara jeung basa Sunda Kuno.
Kanyataan ieu méré
bukti, yén masarakat Sunda téh geus lila mikawanoh kana tradisi tulis, malahan
karuhun urang Sunda harita geus mampuh nyiptakeun hiji modél aksarana sorangan,
nu katelah aksara Sunda Kuno téa. Naskah nu pangngorana nu ngagunakeun
aksara Sunda Kuno nya éta Carita Waruga Guru nu ditulis dina kertas maké ciri watermark. Jiga-jigana ti mimiti tengah abad XVIII Maséhi nu disebut
aksara Sunda Kuno téh saeutik-saeutik mimiti kadéséh, sabab sacara kultural kadéséh ku ayana aksara Cacarakan nu pangheulana dibakukeun ku G.J. Grashuis dina buku nu
judulna Handleiding voor
Aaanleren van het Soendaneesch Letterschrift ‘Buku Palanggeran Pangajaran Aksara Sunda’ nu medal dina
taun 1860. Modél aksara Cacarakan nu diajarkeun mangrupa modifikasi tina aksara Carakan Jawa nu geus leuwih ti heula dibakukeun ku T. Roorda dina taun
1835.
Ieu pangdeudeul
pangajaran basa Sunda nu judulna Karancagéan Maca jeung Nulis Aksara Sunda minangka salah sahiji tarékah pikeun
némbongkeun atawa ngawanohkeun deui salah sahiji unsur budaya Sunda hasil gawé
jeung titinggal karuhun Sunda baheula. Ieu tarékah téh dina seuhseuhanana mah meunang
pangrojong ti masarakat nu aya di sakuliah Jawa Barat.
Minangka bukti yén ayana
pangrojong ti pamaréntah téh, nyaéta ku ayana Peraturan Daérah nomer 6 taun
1996 nu saterusna dilajuninglakuan ku Surat Kaputusan Gubernur Kapala Daerah
Tingkat I Jawa Barat No. 434/SK.614-Dis.PK/99 sarta Perda No. 5 taun 2003 nu
dirobah jadi Perda nomer 14 taun 2014.
Ayana éta Perda jeung SK.
Gubernur téh sabenerna mah mangrupa lajuninglaku tina Kaputusan Presidén No.
082/B/1991 tanggal 24 Juli 1991.
Aksara Sunda nu
dijéntrékeun dina ieu makalah henteu sarua persis jeung aksara Sunda Kuno, tapi
geus dimodifikasi atawa geus dirobah sautak-saeutik ku para
ahli ti kalangan paguron luhur (Unpad, UI, jeung UPI), hususna ahli-ahli nu
icikibung dina widang filologi. Upaya modifikasi atawa ngarobah wujud aksara nu dilakukeun téh dipiharep
sangkan leuwih gampil sarta leuwih praktis dina enggoning ngajarkeun jeung ngagunakeunana. Tapi sok
sanajan kitu aksara nu geus dirobah sautik-saeutik téh henteu méncog tina tipologi dasar aksara Sunda Kuno ti abad XV-XVI Maséhi.
Tarékah mekarkeun budaya
ngaliwatan tulisan nyaéta aksara Sunda Ngalagena kiwari geus nepi kana
ngawujudkeun aksara wangun tulisan dina komputerisasi ”Unicode” minangka
ngahudang-wayangkeun urang Sunda ngajomantara dina téknologi. Éta tarékah téh
diluluguan ku Dian Tresna Nugraha jeung Dadan Sutisna, hal ieu nu dianti-anti
ku sakumna urang Sunda. Antukna, aksara Sunda ”Ngalagena” geus bisa jadi bahan
kaparigelan dina wangun tulisan jeung aprésiasi saban mangsa.
2.
AKSARA SUNDA ”NGALAGENA” BAHAN PANGAJARAN DI SAKOLA
Nilik
kana sajarah atikan periode 1945 – 1950, dina rarancang pangajaran taun 1947
aya tilu widang struktur program, di antarana waé ngeunaan sakola-sakola nu
ngagunakeun panganteur ku basa daérah (Sunda). Ti saprak kurikulum 1950, ampir
rata-rata genep taun sakali kurikulum sakola téh dirobah pikeun disampurnakeun
luyu jeung kamekaran jaman, sarta kamajuan téknologi.
Aksara
Sunda téh jadi salasahiji program tina pangajaran basa Sunda di sakola-sakola
sakuliah Jawa Barat. Éta hal sabab geus puguh tetekonna, tangtuna ogé baris
ngajadikeun sarana pikeun bekel para siswa enggoning ngantebkeun jatidirina
jeung mangrupa parabot piekun ngungkabkeun sarta mekarkeun ajén-inajén luhur
budaya karuhun, ngajalankeun kurikulum nu luyu jeung kaperluan daérah,
ngaronjatkeun rasa katresna kana budaya sorangan.
Parabot
jeung alat pangajaran aksara Sunda téh katangtuanana saperti kieu:
a. Sakola Dasar, aksara Sunda téh pikeun ngajembaran
kamampuh jeung kaparigelan dasar, nu ngawengku tahap ngaregepkeun sangkan
wanoh, maca, jeung nuliskeun aksara Sunda dasar katut rarangkénna.
b. Sakola Menengah (SMP jeung SMA), salian ti bahan
pangajaran pikeun ngajembaran kamampuh jeung kaparigelan dasar téh, dina
ngaregepkeun, maca, jeung nuliskeunana ogé sipatna leuwih pragmatis.
3.
AKSARA SUNDA
Aksara Sunda téh jumlahna aya 32. Jumlah 32 mangrupa
hasil tarékah sakumna pihak, kaasup birokrat pamaréntah Provinsi Jawa Barat
dumasar kana Perda No. 5 Taun 2003 ngeunaan Miara Basa, Sastra, jeung
Aksara Daérah (Sunda) nyaéta disebut Aksara Sunda Standar. Aksara Sunda
Standar téh ngawengku 7 aksara sora (vokal
mandiri nu pérélé sorana: a, é, i, o, u,
e, eu jeung 23 aksara ngalagena (saharkat konsonan konsonan nu kieu
runtuyanana: ka-ga-nga,
ca-ja-nya, ta-da-na, pa-ba-ma, ya-ra-la, wa-sa-ha, fa-va-qa-xa-za. Éta runtuyan aksara téh di antarana dumasar
kana bijilna sora hasil prosés artikulasi-artikulator
”parabot omongan”. Ku lantaran kitu, ieu aksara téh bisa disebut Aksara Sunda
”KAGANGA”. Aksara sora atawa vokal mandiri jeung aksara ngalagena bisa
nyicingan posisi awal/mimiti, tengah, jeung tungtung/tukang salah sahiji kecap.
Aksara ngalagena ngabogaan sipat ‘logo-silabik’, hartina tulisan nu bisa ngawakilan hiji kecap atawa
engang.
Sedengkeun aksara ngalagena nyaéta tulisan nu sacara silabis
dianggap bisa lambang sora foném konsonan jeung bisa salaku hiji kecap atawa
engang nu bisa nyicingan posisi mimiti, tengah atawa tungtung hiji kecap. Jadi, ieu aksara
Sunda mibanda sipat silabik, nyaéta tulisan nu bisa ngawakilan hiji kecap jeung
engang.
Aksara ngalagena dina sistem
tata tulis aksara Sunda Kuno jumlahna aya 18. Tapi, dina raraga nyumponan
fungsi aksara Sunda salaku alat rékam basa Sunda nu hiji ngalaman mekar ku
ayana prosés serepan unsur asing(kecap), ku kituna paraahli widang paleografi
Sunda jeung birokrat Provinsi Jawa Barat, paratokoh masarakat sapuk pikeun ngaaktifkeun
5 lambang aksara kana sistem cara nulis aksara Sunda Baku, nepi ka jumlahna jadi
23 aksara. éta lima aksara téh lain hartina mangrupa hasil ciptaan anyar, tapi
ku cara ngaaktifkeun sababaraha varian lambang aksara Sunda Kuno dumasar kana
mindeng-henteuna éta aksara dipaké.
Lambang aksara fa jeung va mangrupa
varian lambang aksara pa; lambang aksara qa jeung xa nyaéta varian lambang aksara ka; lambang
aksara za nyaéta varian lambang aksara ja.
Palebah cara nuliskeunana
aksara Sunda, aya ogé nu disebut vokalisasi, nya éta rarangkén nu bisa ngarobah, nambahan atawa miceun/ngaleungitkeun
sora vokal tina aksara ngalagena. Lambang vokalisasi atawa rarangkén jumlahna aya 13 rupa, nu nurutkeun
tempatna dibagi jadi tilu bagean, masing-masing nu ditempatkeun di luhureun
aksara ngalagena jumlahna aya 5, nu disimpen di handapeun aksara ngalagena aya
3, sarta nu diteundeun sajajar jeung aksara ngalagena jumlahna aya 5. Nu
masing-masing dibagi-bagi deui, nya éta 1 ditempatkeun di beulah kénca aksara
dasar atawa ngalagena, 2 disimpen di beulah katuhu aksara ngalagena, sarta aya
2 deui nu diteundeun di beulah katuhu ngan rada ngalonjor ka bagean/beulah
handap aksara ngalagena. Di sagigireun éta, aya ogé nu disebut lambang wilangan
mangrupa angka dasar nu ngabogaan ajén itungan ti mimiti enol nepi ka salapan.
Wangun aksara Sunda
kaasup rarangkénna ditulis dina posisi rada déngdék antara 45°-75°. Babandingan
ukuran wangun aksara dasar, boh aksara sora ‘vokal’ boh aksara ngalagena umumna
ditulis 4:4, iwal ti aksara ngalagena /ra/ nya éta 4:3, pikeun /ba/, jeung /nya/ nya éta 4:6; sarta pikeun aksara sora /i / nya éta 4:3. Sedengkeun pikeun babandingan ukuran wujud tanda
rarangkén umumna ditulis 2:2, iwal ti panyecek /+ng/ nya éta 1:1, panglayar /+ r/ nya éta 2:3, panyakra /+ ra/ nya éta 2:4, pamaéh nya éta 4:2, jeung pamingkal /+ya/ nya éta 2;4 (handap) sarta 3:2 (gigireun katuhu). Babandingan ukuran wujud
wilangan dasar dina umumna ditulis 4:4, iwal ti pikeun wilangan atawa angka /4/ jeung angka /5/ nya éta 4:3.
3.1 Wangun Aksara
a.
Aksara Sora “Vokal Mandiri” (aya 7 ), nyaéta:
a = A é
= { i = I o = O
u =U e
= E eu
= }
b. Aksara Ngalagena “Konsonan” (aya 23), nyaéta :
ka = k ga
= g nga
= G
ca = c ja
= ᮏ nya = J
ta = t da = d na = n
pa = p ba
= b ma
= m
ya = y ra
= r la = l
wa = w sa
= s ha = h
fa = f va
= v qa = q
xa = x za = z
c.
Aksara Ngalagena sora
serepan
fa = f qa = q va = v
xa = x za = z
3.2 Rarangkén “Vokalisasi”
Rarangkén aksara Sunda
aya 13 rupa kalayan cara nuliskeunana baris diwincik di handap ieu:
3.2.1 Rarangkén nu ditulis ”di luhureun” lambang aksara dasar
atawa aksara Ngalagena, nu jumlahna aya 5, nyaéta:
1) ....i = panghulu, gunana pikeun ngarobah
sora vokal aksara dasar /a/ jadi /i/.
Contona: k = ka, jadi ki = ki; kiki = kiki
2) ...e = pamepet, gunana pikeun ngarobah sora vokal aksara dasar /a/ jadi /e/.
Contona: k = ka, jadi ke = ke; kedH = kedah
3) ....]= paneuleung, gunana pikeun ngarobah sora vokal aksara dasar /a/ jadi /eu/.
Contona: k = ka, jadi
k]]]]] = keu; k]k]H = keukeuh
4) ....Q= panglayar, gunana pikeun nambahan konsonan /+ r/ dina tungtung aksara dasar
/a/.
Contona: k = ka, jadi kQ = kar; muNkQ = mungkar
5) .....N. = panyecek, gunana pikeun nambahan
konsonan / +ng / dina tungtung aksara dasar.
Contona: k = ka, jadi kN = kang; AkN = akang
3.2.2 Rarangkén nu ditulis ”di handapeun” lambang aksara
dasar, jumlahna aya 3, nya éta:
1)
....u = panyuku, gunana pikeun ngarobah
sora vokal aksara dasar /a/ jadi /u/.
Contona: k = ka, jadi ku = ku; kukuH = kukuh
2) .....R.. = panyakra, gunana pikeun nambahan sora aksara /+ra/ dina aksara dasar nu aya di sagigireunana, sarta bisa
diluyukeun jeung tanda rarangkén dina aksara dasarna.
Contona: k = ka, jadi kR = kra; ckR = cakra
3) ....L = panyiku, gunana pikeun nambahan
sora aksara /+ la/ dina aksara dasar nu dideukeutanana atawa nu
ditémpélanana, sarta bisa diluyukeun jeung rarangkén dina aksara dasarna.
Contona: k = ka, jadi kL = kla; kpiLGN = kapling
3.2.3 Rarangkén nu ditulis ‘sajajar’ jeung aksara dasar,
jumlahna aya 5, nya éta:
1) [... = panéléng, gunana pikeun ngarobah sora vokal aksara dasar /a/ nu dipiheulaanana jadi /
é /.
Contona : k = ka, jadi [k = ké; [k[nH = kénéh
2)
...o = panolong, gunana pikeun ngarobah
sora vokal aksara dasar /a / anu miheulaanana jadi /o/.
Contona: k = ka, jadi ko = ko; kokodok; = kokodok
3) .....Y...... = pamingkal, gunana pikeun nambahan
sora /+ ya/ dina aksara dasar anu dideukeutanana
atawa nu ditémpélanana, sarta bisa diluyukeun jeung tanda rarangkén dina aksara
dasarnya.
Contona: k = ka, jadi kY = kya; =
4) .......H = pangwisad, gunana pikeun nambahan konsonan /+ h / dina tungtung aksara
dasar.
Contona: k = ka, jadi kH = kah; [dkH = dékah
5) ...; = pamaéh, gunana pikeun
ngaleungitkeun atawa miceun sora vokal tina aksara dasar nu miheulaanana.
Contona: k = ka, jadi k; = k; [d[wk; = déwék
3.2.4 Rarangkén nu bisa dihijikeun atawa dikombinasikeun
jeung aksara vokal, nu jumlahna aya 3, nya éta:
1.
....Q. = panglayar : AR ar;
A ér; IR ir; OR or; UR ur; ER er; }R; eur
2.
....N = panyecek : AN ang; GN éng; IN ing;
ON ong; UN ung; EN eng;
jeung }N eung.
3.
....H =
pangwisad :
AH ah;
AH éh;
IH ih; OH oh; UH uh; EH eh; jeung }Heuh.
3.3 Wilangan ”Angka”
Cara nuliskeun aksara
Sunda diwuwuhan ogé ku lambang wilangan. Pikeun lambang wilangan puluhan,
ratusan, jeung saterusna ditulis ngajéjér ti beulah kénca ka beulah katuhu,
saperti dina sistem wilangan Arab. Sababaraha lambang wilangan Sunda wangunna
aya nu ampir sarua atawa mirip jeung lambang aksara. Ku ayana kitu, pikeun nuliskeun
wincikan lambang éta wilangan, kudu diapit atawa digéndéng maké gurat ajeg nu
luhurna 6:4 tina ukuran luhurna lambang wilangan téa. Lambang wilangan-wilangan
nu dimaksud, nya éta:
1= 1
|
3 = 3
|
5 = 5
|
7 = 7
|
9 = 9
|
2 = 2
|
4 = 4
|
6 = 6
|
8 = 8
|
0 = 0
|
Conto:
17 Agustus 1945 = 17 Agus;tus; 1945
Tel. (0266) 490147 = tel;. (0266) 490147
3.4 Pungtuasi “Tanda Baca”
Tanda baca nu digunakeun
pikeun ngalengkepan aksara Sunda dina cara nuliskeun hiji kalimah, alinéa,
atawa wacana, nya éta ku cara nyokot “ngadopsi” sakur tanda baca nu aya dina
sistim tatatulis Aksara Latin. Tanda baca nu dimaksud kayaning: koma ( , ), peun ‘titik’ ( . ), titik-koma ( ; ), deubeul peun “titik-dua”
( : ), panyeluk “tanda seru” ( ! ), pananya “tanda tanya” ( ? ),
kekenteng “tanda
kutip” (“...”), panyambung “tanda hubung” ( - ), tanda kurung ( ( ) ), jeung
sajabana. Ukuran wangun tanda baca diluyukeun jeung ukuran wangun aksara Sunda.
Sedengkeun nu aya patalina jeung ngaran pangkat atawa jabatan, gelar, boh gelar
akademis atawa gelar kaagamaan cara nuliskeunana tetep ngagunakeun sistim
tatatulis Aksara Latin nu masih digunakeun tug nepi ka kiwari.
1. KOMPUTERISASI
AKSARA SUNDA
Sacara umum sistim komputerisasi naskah
jeung aksara bisa dilakukeun ku dua cara, nyaéta komputerisasi ngagunakeun gambar
(image) jeung komputerisasi ngagunakeun téks. Tujuan
komputerisasi aksara Sunda nyaéta pikeun mekarkeun jeung sosialisasi atawa
ngwanohkeun aksara Sunda sistim téks ngaliwatan piranti komputer. Ieu hal, bakal
ngagampangkeun sistim pangajaran, sabab wangun-wangun hurup geus disadiakeun
jeung bisa digunakeun ku sakumna aplikasi komputer.
Komputerisasi aksara Sunda standar
téh ngagunakeun métologi:
a. Ngumpulkeun hurup-hurup aksara Sunda standar, satuluyna didesain
ngagunakeun komputer.
b. Ngajukeun proposal ka Unicode supaya aksara Sunda jadi standar
Unicode.
c. Nyieun font aksara Sunda standar.
d. Nyieun acuan papan tombol (keyboard driver) pikeun
ngetikeun aksara Sunda.
(Idin Baidillah, spk; 2008)
Dumasar hasil Seminar Standardisasi
Aksara Sunda di Unpad, 28 Méi 2008, perelu ayana sababaraha révisi nu bakal
dijaukeun deui ka Unicode, nyaéta:
a.
Wangun (ghyph) aksara Sunda pikeun Unicode dumasar
standar nuliskeunana sakumaha nu geus ditetepkeun ku tim standardisasi aksara Sunda.
Unggal wangun aksara Sunda miboga proporsi luhur, gedéna, jeung miringna. Wangun
aksara téh kudu gampang diturutan pikuen ngalancarkeun prosés pangjaran. Sok
sanajan kitu, aksara Sunda téh bisa dimekarkeun kana wanguna non-standar
(kaligrafi, dékoratif) sakumaha nu geus sumebar kiwari di masarakat.
b. Ngaleungitkeun aksara kha (pasangan ka jeung ha) sarta sya (pasangan sa jeung ya). Mimitina jumlah karakter aksara Sunda nu didaptarkeun
ka Unicode 55 rupa, ayeuna jadi 53 rupa.
c.
Parobahan runtuyan (sorting) pikeun
ngabédakeun hurup-hurup aksara Sunda jeung hurup-hurup nu diadopsi tina aksara
Latin. Lamun dialfabetiskeun aksara Sunda téh nyaéta:
k, g, G, c, j, J, t, d, n, p, b, m, y, r, l, w, s, h, f, q, v, x, z (ka, ga, nga, ca, ja, nya,
ta, da, na, pa, ba, ma, ya, ra, la, wa, sa, ha, fa, qa, va, xa, za) .
Karakter
aksara Sunda nu didaptarkeun saméméhna ka Unicode lobana aya 55 rupa, ngawengku
aksara ngalagena
(konsonan), aksara
swara (vokal), angka, jeung rarangkén nu mangrupa dasar tina nuliskeun aksara
Sunda. Unicode nyadiakeun 64 slot pikeun karakter aksara Sunda, jeung bisa ditambahan lamun seug
aya parobahan.