Jumat, 26 Februari 2016

Sajak Aing

Layar Internét

naha anjeun ngahuleng
bari diharudum layar internét
boa-boa anjeun ngajarambah mangsa
da bongan ngulinkeun dunya awang-awang

jawa barat, 2016

Kamis, 11 Februari 2016

CARITA WAYANG



MIKAWANOH CARITA WAYANG

Carita wayang nyaéta carita nu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang. Upama nilik ka dinya, lalakon wayang téh rupa-rupa gumantung kana jenis wayangna. Upamana baé wayang gelung (wayang golékpo pulérna kiwari) nyaritakeun lalakon Mahabarata jeung Ramayana; wayang kilitik (krusil) nyaritakeun lalakon Prabu Damarwulan, Ménakjingga, jsb.; wayang potéhi nyaritakeun lalakon ti nagri Cina; wayang suluh nyaritakeun sajarah Indonésia jeung pikeun panyuluhan; wayang cepak nyaritakeun lalakon Umar Maya, Jayéngrana, jsb.
Carita Mahabarata téh dianggit dina wangun sa’ir ku Wiyasa, panjangna 200.000 jajar. Ari Ramayana anggitan Walmiki, panjangna 48.000 jajar. Boh dina Mahabarata boh dina Ramayana pokona jejer mah sarua waé, nyaéta peperangan antara nu nyekel kaadilan jeung kamurkaan.
Dina Mahabarata nu nyekel kaadilan téh Pandawa, ari nu murka nyaéta Kurawa. Sedengkeun dina Ramayana nu nyekel kaadilan téh Batara Rama, ari nu nyekel kamurkaan nyaéta Prabu Rahwana atawa Dasamuka. Pihak nu nyekel kaadilan salawasna diasup ku titisan Batara Wisnu. Dina Mahabarata titisan Batara Wisnu téh nyaéta Batara Kresna, ari dina Ramayana nya Rama ku anjeun.
Carita wayang nu nyokot babonna tina Mahabarata atawa Ramayana disebutna carita galur atawa lalakon galur. Contona lalakon “Pandawa Diperlaya”, “Balé Sigala-gala”, “Babad Alas Amer” tina Mahabarata. Sedengkeun lalakon “Anoman Duta”, “Rama Tambak”, jeung “Kumbakarna Gugur” tina Ramayana. Salian ti éta aya ogé lalakon nu mangrupa carita rékaan anyar saperti “Si Cépot Jadi Raja”, “Sumur Si Jalatunda”, jeung sajabana.
Sawatara carita wayang nu kamashur séjénna, di antarana: “Arjuna Wiwaha”, “Ékalaya Palastra”, “Bima Ruci”, “Jagal Bilawa”, “Jabang Tutuka”, “Bisma Gugur”, “Pergiwa-Pergiwati”, “Kangsa Adu Jago”, “Subadra Larung”, “Kresna Duta”, “Wahyu Cakraningrat”, jeung sajabana.

SAJARAH WAYANG
Dina naskah Sunda kuna Sanghyang Siksakandang Karesian (SSK, 1582) aya disebutkeun lamun hayang nyaho carita Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayaséna, Sedamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bimasorga, Ranggalawé, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri, tanya ka memen. Memen didieu ku Saleh Danasasmita dihartikeun dalang. Ngan kecap wayang teu kasabit-sabit, naha cara nyaritakeun éta lalakon téh kumaha, naha siga mantun atawa aya alat peraga atawa kumaha euweuh kateranganana. Ngan lamun nilik kana judul carita mah tangtu aya pakaitna jeung Mahabarata sabab aya Korawa, aya Bima, aya Boma, malah kapan carita Ramayana mah disebut pisan. Sedengkeun carita Mahabarata jeung carita Ramayana téh dua carita wayang nu dianggap jejer utama sok disebut wayang purwa, nu séjén mah sok disebut sempalan atawa carangan.
Dina buku Padalangan beunang M.A. Salmun nu medal munggaran taun 1942, ayana tulisan dina SSK téh teu kasabit pisan, sigana SSK can kaguar kalawan daria. Ari dina buku Tetekon Padalangan Sunda beunang Atik Sopandi, 1988, SSK disebut, ngan nyakitu teu diguar jero nu jadi alesan sigana euweuh babandingan naskah séjén pikeun mesékna. Keun sual éta, ngan geuning wayang golék Sunda nu kungsi kacida popilér di masarakat téh umurna can pati lila, kakara saumur jagong. Disebut can pati lila téh lamun ditilik tina hasil budaya nu geus jadi ciri kabeungharan budaya Sunda. Kahadé ulah pahili nu disebut ngora kénéh téh lain wayangna atawa carita wayangna, tapi wangun wayang dina golék (kai) nu sabeuleugeunjeur tilu matra (tilu diménsi). Da ari carita wayangna mah apan dina SSK geus aya, atuh wayangna ti béh ditu mula ogé geus jadi pintonan, ngan cenah tina kulit, lain tina golék. Sabenerna nu tina golék ogé geus aya utamana di Cirebon nu disebut wayang cepak atawa wayang papak mun di Priangan mah disebut wayang ménak. Demi wayang golék purwa, wayang golék nu sok dipintonkeun ku dalang Asép Sunandar Sunarya ayeuna, éta mah kaitung ngora kénéh.
Ujaring sajarah nu ditalungtik ku sadérék Wiryanaputra (Asal Usul Dalang, Kanwil Deppen Jabar, 1977) nyaéta dina mangsa Bupati Bandung Indradireja anu katelah Adipati Witanatakusumah II nu dijenengkeun dina taun 1794 nepi ka taun 1829, kabupatén masih kénéh di Citeureup Dayeuhkolot ngangkir dalang ti Tegal anu katelah dalang Ki Dipa Guna Permana, supaya jadi dalang lebet, dalang kukutan di kabupatén, terus ngamuridkeun diantarana Ki Gubyar nu nyebarkeun wayang di Purwakarta, jeung Ki Klungsu nu ngamuridkeun deui di Garut. Nya dalang Ki Dipa Guna Permana ieu bisa disebutkeun luluhur para dalang di Jawa Barat.
Ieu karesep Wiranatakusumah II kana wayang téh dituluykeun ku Bupati Bandung Dalem Karang Anyar (1829-1846) nu katelah Dalem Bandung Adipati Wiranatakusumah III. Dina taun 1840 ngangkir deui dalang ti Tegal nyaéta Ki Darman jeung Ki Surasungging. Ki Darman dibéré tugas sangkan nyieun wayang tina kai, ari Ki Surasungging nyieun gamelan. Ki Darman tetep tumetep di Cibiru, ari Ki Surasungging di Cimahi. Pangna Adipati Wiranatakusumah III nitah nyieun wayang tina kai, lantaran supaya pintonan wayang téh bisa dilalajoanan ti beurang, jeung bisa dilalajoanan ti kajauhan. Meureun harita mah wayang téh angger tina kulit dilalajoanan peuting, da lalajo kalangkang téa (kecap wayang cenah mah tina bayang nu hartina kalangkang, sok sanajan Akip Prawira Suganda nyebutkeun kecap wayang téh wancahan tina Wadah Hyang). Hasil gawé Ki Darman can sabaraha sampurna tilu diménsi masih kénéh ngaharib-harib wayang kulit, bisa kajudi ari kituna mah, da meureun asalna tukang nyieun wayang tina kulit. Sanggeus Adipati Winatakusumah III léngsér, tuluy jeneng Adipati Wiranatakusumah IV, adipati nu ieu ogé méh sarua rerep kana wayang, hasil gawé Ki Darman téh ménta disampurnakeun nepi ka ngawujud wayang golék tilu diménsi saperti nu ayeuna mindeng dipintonkeun. Salian ti éta Adipati Wiranatakusumah IV dina taun 1846 ngahiras dalang nyaéta Mama Anting muridna Ki Rumyang, demi Ki Rumyang téh murid Ki Dipa Guna Permana waktu di Tegal. Mama Anting ogé kungsi ngaguru ka Ki Gubyar putra Ki Dipa Guna Permana ti istrina Nyi Manggar Arum. Piwarangna Adipati Wiranatakusumah IV téh sangkan ngadalang maké basa Sunda, puguh wé keur mimiti Mama Anting ngatog da biasana maké basa Jawa. Salah saurang murid Mama Anting nu kawilang intelék mangsa harita nyaéta Brajanata, lulusan sakola Praja, putrana Camat Kendal, Lélés Garut. Nya inyana pisan nu nyarungsum tur mémérés basa tur sastra Sunda keur pintonan wayang téh. Meureun lamun disebut Wiranatakusumah IV nu nyundakeun wayang téh teu salah-salah teuing, kitu deui Wiranatakusumah III nu ngagolékeun wayang.

KEUREUTAN WAYANG GOLÉK
Wayang golék téh ngahaja teu siga jelema, mun ceuk basa ayeuna mah éta téh didéformasikeun. Enya da lamun ditilik-tilik kalawan rada taliti wayang golék siga nu teu proporsional. Geura wé sirah leuwih gedé batan awak, leungeun panjang, atuh dina sirah éta makuta siga nu gedé, lamun téa mah dienyana meureun beurat temen maké makuta siga kitu. Atuh lamun ditingali dina beungeut, saliwatan enya siga nu kasép atawa geulis, tapi geura telek-telek, apan panon bolotot leuwih ti misti, bolototna panon siga nu rék méakeun rubakna beungeut, jeung sajabana ti éta. Tah nu kitu, nu disebut déformasi téh. Alesanana, ulah nepi ka siga jelema, lamun nyaliksik gelarna wayang di urang mémang dihaja sina kitu, utamana sanggeus asup Islam. Saréat Islam téh diadumaniskeun jeung budaya nu geus nyampak tiheula. Alesan séjén salian ti éta, nyaéta alesan éstétika, da lamun wayang proporsina siga jelema, tangtu bakal hésé ngigelkeunana. Contona kélék wayang mah langab, pajauh antara awak jeung leungeun ieu téh pikeun ngagampilkeun ngigelkeun da lamun rapet mah bakal hésé.
Raut wayang golék gurat badagna mah aya opat nyaéta Satria, Ponggawa, Buta jeung Panakawan. Aya ogé nu nyebut rautna aya tilu, da panakawan mah sok disebut raut husus. Golongan Satria, biasana jangkung awakna meujeuhna, potongan awakna ngagambarkeun lemah lembut, golék putri ogé sok diasupkan kana raut satria. Raut Ponggawa leuwih sembada, da kasebutna ponggawa nu sok disaruakeun jeung karakter tukang perang atawa tentara bari beungeutna siga bosongot hadé amprotan, panon bolotot, kumis baplang, halis kandel. Buta cirina nu utama sok aya sihungna, irung ngadungkuk jeung sok aya rerenggon (riut dina tarang) nu jelas kaciri ngagurat. Kitu deui keur panakawan aya ciri nu mandiri, geura wé Si Cépot atawa Si Dawala, sanajan ditingali ti kajauhan geus pasti éta téh Si Cépot atawa Si Dawala. Salian éta dina wayang golék aya ornamén, raut éstétika jeung aya raut simbolis, kaasup méré warna kana awak atawa beungeut jeung ngabajuanana.
Ari bahan kaina biasana tina kai lamé jeung jeungjing/jéngjéng (albasiah?), ieu kai téh dianggap babari diomé, teu kudu aya palakiah husus supaya awét, cukup diangin-anginkeun geus bisa dipaké keur nyieun wayang. Komo jeungjing mah sanajan gedé ogé karasa hampang. Jurusna supaya awét ulah keuna ku cai.

DALANG

Perkara dalang, apan dalang mah jadi puseur tongtonan, nya tangtu wé suksésna pagelaran wayang golék gumantung ka dalangna, lain baé apal kana carita tur parigel ngigelkeun wayangna, aya deuih tungtutan séjén nyaéta kudu apal kana pajamanan. Hartina kudu bisa ngigelan kana tingkat inteléktualitas panongtonna bari jeung teu leupas tina ugeran atawa pakem carita wayang. Kamahéran dalang téh aya sababaraha ugeran nu kudu dikawasa diantarana : 1. Antawacana (anta téh tungtung, ari wacana téh kecap) maksudna dalang kudu bisa robah-robah niron lentong, lagam sora, pokpokanana unggal wayang. Bédana sora jeung lentongna téh teu dapon béda baé aya patokanana, kudu surup kana capétang ancana, lemes kasarna, leuleuy teureugeusna kudu surup kana pangkatna wayang. 2. Renggep nyaéta saregep tur hégar ulah matak nundutan nu lalajo, cindekna mah ulah ngayayay atawa ngemplad komo lamun loba dibalikan deui mah. 3. Enges atawa ngahudang rasa. Tegesna rasa wayang (dalang) kudu sarasa lir sabadan jeung nu lalajo, lamun keur pikasediheun nu lalajo ogé kudu kabawa sedih atawa sabalikna. 4. Tutug atawa anggeus, hartina guneman atawa suluk téh kudu anggeus, teu meunang eureun lamun can anggeus komo kacida goréngna lamun cluclo teu puguh diudag perluna. 5. Banyol, dalang téh kudu bisa nyieun pikaseurieun tur mérénah, ulah ngabodor lain dina tempatna, bukur ngabodor ulah keluleuwihi tur teu meunang sindir sampir. 6. Sabet, nyaéta molahkeun wayang, kudu siga, disurupkeun kana semu diudagkeun kana wanda, ulah sulaya tina ringkang. 7. Kawi radya, nyaéta apal kana kaagungan raja, ditetek tina pakéanana, pakarangna, kabiasaanana, jajaténna atuh teu kaliwat tedakna. 8. parama Kawi, nyaéta kudu apal kana hartina basa Kawi, lain baé harti saujratna tapi deuih kana silokana. 9. Binangkit dina ngarajék carita, kudu beunghar ku lalakon lain baé lalakon utama jeung deuih kudu apal kana sempalan. 10. Apal lagu, dalang kudu apal kana lalaguan.
Salian ti éta, pakumpulan dalang, aya Pepadi, aya Senawangi aya Yayasan Padalangan, jeung réa-réa deui. Éta pakumpulan tujuanana mah pikeun ngahirup tur ngahuripkeun pintonan wayang, nepi ka sok aya Binojakrama pikeun nambahan pangaweruh para dalang. Perkara gugunungan atawa kayon. Dina gugunungan téh aya genep hal nyaéta 1. Dasar, diwangun ku lawang kori nu meundeut dijaga ku buta sakembaran, mawa pedang jeung taméng. Harti siloka nyaéta taneuh nu jadi tintincakan kahirupan, jeung deuih apan manusa ogé dijieun tina taneuh. 2. Gelar atawa Lar nu mangrupa jangjang garuda nu mébér, aya nu ngahartikeun sabenerna éta téh lain jangjang garuda tapi gambaran létah seuneu tina panonpoé nu jadi sumber kahirupan. 3. Buron nyaéta gambar dua sato galak nu rék diadu, hartina aya papasangan dina kahirupan, ceuk basa ayeuna mah dualisme paradok, aya caang aya poék, aya sedih aya gumbira. 4. Makara atawa mahluk dongéng ti laut tapi aya tulaléan, digambarkeunana dina gugunungan luhuran buron, hartina perlambnag sagara atawa cai. 5. Kayon, ngagambarkeun tangkal kahirupan. 6. Puncak, atawa pucuk tangkal kai , éta hartina beuki ka luhur beuki gedé katebak angin, sedengkeun angin atawa hawa unsur penting dina kahirupan. Salian ti kitu, dalang téh kudu nyakola, sahenteuna kudu nalingakeun kamajuan pangaweruh jaman kiwari, tujuanana mah ulah nepi ka tinggaleun ku masarakat sabudeureunana nu bakal jadi panongtonna.
Sedengkeun nu dimaksud wayang modérn, éta mah gumantung kana kabinangkitan ti dalang, malah lain kabinangkitan dalangna wungkul, sabenerna mah kudu sapuratina saperti naha gamelan dirobah ku organ tunggal, sindén jadi penyanyi dangdut, sigana lain kadinya maksudna. Enya ari kituna mah da pagelaran wayang téh lain saukur ngahadirkeun dalang, tapi aya nayaga, aya sindén aya téknisi, tata lampu, tata hias panggung, jeung sagala rupana.
Diropéa tina Majalah Basa Sunda Cupumanik No. 67 Pebruari 2009)

UNAK-ANIK CARITA WAYANG

a.       Ngaran satria jeung kasatrianana
1.      Abimanyu satria ti Paléngkawati
2.      Anoman satria ti Kandalisada
3.      Arjuna satria ti Madukara
4.      Aswatama satria ti Sokalima
5.      Antareja satria ti Jangkarbumi
6.      Burisrawa satria ti Madyapura
7.      Drestajumena satria ti Campalareja
8.      Dursasana satria ti Banjarjungut
9.      Gatotkaca satria ti Pringgadani
10.  Indrajit satria ti Bikungkung
11.  Irawan satria ti Yasarata
12.  Jayadrata satria ti Banakeling
13.  Kartamarma satria ti Banyutinalang
14.  Kumbakarna satria ti Panglebur Gangsa
15.  Lesmana Mandrakumara satria ti Saroja Binangun
16.  Nakula satria ti Bumi Retawu
17.  Sadéwa satria ti Sawojajar
18.  Samba satria ti Paranggaruda
19.  Setiayaki satria ti Lesanpura
20.  Sangkuni satria ti Plasajenar
21.  Werkudara satria ti Jodipati
b.      Ngaran raja jeung nagarana
1.      Prabu Arjuna Sasrabahu raja di Maéspati
2.      Prabu Baladéwa raja di Mandura
3.      Prabu Basudéwa raja di Mandura
4.      Prabu Bomanarakasura raja di Trajutrisna
5.      Prabu Drupada raja di Campala
6.      Prabu Dasarata raja di Ayodya
7.      Prabu Drestarata raja di Astina
8.      Prabu Dasamuka raja di Aléngka
9.      Prabu Kresna raja di Dwarawati
10.  Prabu Karna raja di Awangga
11.  Prabu Maéspati raja di Wirata
12.  Prabu Niwatakawacana raja di Iman Imantaka
13.  Prabu Pandu Déwanata raja di Astina
14.  Prabu Palgunadi raja di Paranggelung
15.  Prabu Parikesit raja di Astina
16.  Prabu Puntadéwa raja di Amarta
17.  Prabu Ramawijaya raja di Pancawati
18.  Prabu Salya raja di Mandraka
19.  Prabu Sentanu raja di Astina
20.  Prabu Sugriwa raja di Guha Kiskénda
21.  Prabu Suyudana raja di Astina

c.       Ngaran pandita jeung patapanna
1.      Bagawan Abiyasa patapanna di Saptaarga
2.      Bagawan Bagaspati patapanna di Gebangtinalar
3.      Resi Bisma patapanna di Talkanda
4.      Pandita Dorna patapanna di Sokalima
5.      Resi Gotama patapanna di Sukéndra
6.      Resi Jembawan patapanna di Gandamadana
7.      Resi Mayangkara patapanna di Kendalisada
8.      Bagawan Mintaraga patapanna di Indrakila
9.      Resi Palasara patapanna di Ratawu
10.  Resi Subali patapanna di Guha Kiskénda

d.      Ngaran déwa jeung kahiyanganana
1.      Sanghyang Antaboga kahiyanganana di Saptaarga
2.      Sanghyang Baruna kahiyanganana di Dasar Samudra
3.      Batara Bayu kahiyanganana di Panglawung
4.      Sanghyang Brahma kahiyanganana di Duksinageni
5.      Batari Durga kahiyanganana di Sétra Gandamayit
6.      Batara Guru kahiyanganana di Argadumilah
7.      Batara Indra kahiyanganana di Ténjomaya
8.      Batara Kamajaya kahiyanganana di Cakrakembang
9.      Batara Narada kahiyanganana di Sidiudaludal
10.  Déwa Ruci kahiyanganana di Telengsamudra
11.  Batara Samba kahiyanganana di Suwelagringging
12.  Batara Surya kahiyanganana di Ékacakra
13.  Batara Wisnu kahiyanganana di Utarasagara
14.  Batara Yamadipati kahiyanganana di Argadumilah

e.       Ngaran patih
1.      Arya Sangkuni patihna Prabu Suyudana
2.      Anila patihna Prabu Sugriwa
3.      Prahasta patihna Dasamuka
4.      Pragota patihna Prabu Baladéwa
5.      Suwanda patihna Prabu Arjuna Sasrabahu
6.      Udawa patihna Prabu Kresna

f.        Pakarang jeung ajian-ajianana
1.      Antareja boga upas anta.
2.      Aswatama boga senjata Cundamanik.
3.      Baladéwa boga senjata Konta, gada Nanggala, jeung gada Halugara.
4.      Dasamuka boga senjata Candrasa, pedang Sokayana, ajian Pancasona.
5.      Gatotkaca boga caping Basunanda, kutang Antakusuma, ajian Narantaka.
6.      Indrajit boga senjata Nagapasa.
7.     Arjuna boga panah Pasopati, panah Sarotama, panah Ardadali, keris Pulanggeni, keris Kalanadah, ajian Sepiangin.
8.      Jayadrata boga gada Rujakbeling.
9.      Karna boga senjata Konta, keris Kaladita, panah Wijayandanu, ajian Kalalupa.
10.  Kresna boga senjata Cakra, ajian Wijayakusumah.
11.  Kumbakarna boga ajian Gedongmenga, Petakgelak Saketi.
12.  Ramawijaya boga senjata Guawijaya.
13.  Yudistira boga ajian Jamus Kalimusada, ajian Songsong Tunggulnaga.
14.  Salya boga ajian Candrabirawa.
15.  Subali boga ajian Pancasona.
16.  Bima boga gada Rujakpolo, kuku Pancanaka, gada Lukitasari.

g.       Ngaran anak-anakna
1.      Abimanyu boga anak Parikesit.
2.      Abiyasa boga anak Drestarata, Pandu Déwanata, jeung Yamawidura.
3.      Anjani boga anak Hanoman.
4.  Arjuna boga anak Abimanyu, Bangbang Irawan, Bangbang Wisanggeni, Bangbang Bratararas, Pergiwa, pergiwati.
5.      Baladéwa boga anak Wisata, Wimuka.
6.      Dasamuka boga anak Indrajit, Trisirah.
7.      Drupada boga anak Srikandi, Drupadi.
8.      Dorna boga anak Aswatama.
9.      Kresna boga anak Samba, Siti Sundari, Gunadéwa, Bomanarakasura.
10.  Suyudana boga anak Lesmana Mandrakumara, Lesmanawati.
11.  Bima boga anak Gatotkaca, Antareja.
12.  Yudistira boga anak Pancawala.

Ngajantur/nataan wayang dina gebog

1.     Katuhueun Dalang

a.    Dina gebog kadua (gebog luar), ti sisi mapay ka tengah:

1)    Arimba

2)    Bima

3)    Brajamusti

4)    Indrajit

5)    Gandamana

6)    Antareja

7)    Gatotkaca

8)    Rama

9)    Kresna

10) Yudistira

11) Arjuna

 

b.    Dina gebog kahiji (gebog jero), ti sisi mapay ka tengah:

1)    Anoman

2)    Sugriwa

3)    Satiaki

4)    Narayana

5)    Wibisana

6)    Ugrasena

7)    Samba

8)    Laraskonda

9)    Palgunadi

10) Nakula

11) Sadéwa

12) Subadra

13) Irawati

14) Drupadi

15) Banowati

16) Srikandi

17) Larasati

18) Sulastri

19) Arimbi

20) Rukmini

21) Satiaboma

22) Sinta

23) Abimanyu Orok

2.     Kéncaeun Dalang

a.    Dina gebog kadua ti sisi ka tengah:

1)    Kumbakarna

2)    Buta Héjo

3)    Buta Térong

4)    Rahwana

5)    Dursasana

6)    Duryudana/Suyudana

7)    Durmagati

8)    Durmuka

9)    Drupada

10) Boma

11) Baladéwa

12) Jayadrata

13) Kangsa

14) Drustaketu

15) Batara Guru

16) Karna

b.    Dina gebog kahiji ti sisi ka tengah:

1)    Kalasrenggi

2)    Burisrawa

3)    Salya

4)    Indra

5)    Brahma

6)    Darma

7)    Udawa

8)    Sakuni

9)    Citrayuda

10) Aswatama

11) Wersaséna

12) Lasmana

13) Abimanyu

3.     Hareupeun Dalang

Di handapeun gebog biasana sok parapawongan jeung emban:

1)      Semar Badranaya (Sanghyang Ismaya)

2)      Cépot

3)      Dawala

4)      Emban Perdapa

5)      Emban Rangkung, jeung golék sarupa lianna

4.     Katuhueun Dalang di Handap (Sato)

1)    Nagagini

2)    Ardawalika

3)    Wilmana

4)    Irawana

5)    Andini

6)    Singarudra

7)    Abrapuswa

8)    Jatayu

9)    Parang Garuda

10) Kidangkancana jeung baladna

5.     Dina kotak

1)    Dorna

2)    Abiyasa

3)    Wasista

4)    Sampani

5)    Druwasa 

NOVÉL

Pedaran Ngeunaan Novél Novél nyaéta carita rékaan (fiksi) nu méré kesan kesan lir enya-enya kajadian tur ukuran panjang. Novél ogé kaasup wa...