MIKAWANOH CARITA WAYANG
Carita wayang
nyaéta carita nu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang. Upama nilik ka dinya,
lalakon wayang téh rupa-rupa gumantung kana jenis wayangna. Upamana baé wayang
gelung (wayang golékpo pulérna kiwari) nyaritakeun lalakon Mahabarata jeung
Ramayana; wayang kilitik (krusil) nyaritakeun lalakon Prabu Damarwulan, Ménakjingga,
jsb.; wayang potéhi nyaritakeun lalakon ti nagri Cina; wayang suluh nyaritakeun
sajarah Indonésia jeung pikeun panyuluhan; wayang cepak nyaritakeun lalakon
Umar Maya, Jayéngrana, jsb.
Carita
Mahabarata téh dianggit dina wangun sa’ir ku Wiyasa, panjangna 200.000 jajar.
Ari Ramayana anggitan Walmiki, panjangna 48.000 jajar. Boh dina Mahabarata boh
dina Ramayana pokona jejer mah sarua waé, nyaéta peperangan antara nu nyekel
kaadilan jeung kamurkaan.
Dina Mahabarata nu
nyekel kaadilan téh Pandawa, ari nu murka nyaéta Kurawa. Sedengkeun dina
Ramayana nu nyekel kaadilan téh Batara Rama, ari nu nyekel kamurkaan nyaéta
Prabu Rahwana atawa Dasamuka. Pihak nu nyekel kaadilan salawasna diasup ku
titisan Batara Wisnu. Dina Mahabarata titisan Batara Wisnu téh nyaéta Batara
Kresna, ari dina Ramayana nya Rama ku anjeun.
Carita wayang nu
nyokot babonna tina Mahabarata atawa Ramayana disebutna carita galur atawa
lalakon galur. Contona lalakon “Pandawa Diperlaya”, “Balé Sigala-gala”, “Babad
Alas Amer” tina Mahabarata. Sedengkeun lalakon “Anoman Duta”, “Rama Tambak”,
jeung “Kumbakarna Gugur” tina Ramayana. Salian ti éta aya ogé lalakon nu
mangrupa carita rékaan anyar saperti “Si Cépot Jadi Raja”, “Sumur Si
Jalatunda”, jeung sajabana.
Sawatara carita
wayang nu kamashur séjénna, di antarana: “Arjuna Wiwaha”, “Ékalaya Palastra”,
“Bima Ruci”, “Jagal Bilawa”, “Jabang Tutuka”, “Bisma Gugur”,
“Pergiwa-Pergiwati”, “Kangsa Adu Jago”, “Subadra Larung”, “Kresna Duta”, “Wahyu
Cakraningrat”, jeung sajabana.
SAJARAH
WAYANG
Dina naskah
Sunda kuna Sanghyang Siksakandang Karesian (SSK, 1582) aya disebutkeun lamun
hayang nyaho carita Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayaséna, Sedamana, Pu
Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bimasorga, Ranggalawé, Boma,
Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri, tanya ka memen. Memen didieu ku Saleh
Danasasmita dihartikeun dalang. Ngan kecap wayang teu kasabit-sabit, naha cara
nyaritakeun éta lalakon téh kumaha, naha siga mantun atawa aya alat peraga
atawa kumaha euweuh kateranganana. Ngan lamun nilik kana judul carita mah
tangtu aya pakaitna jeung Mahabarata sabab aya Korawa, aya Bima, aya Boma,
malah kapan carita Ramayana mah disebut pisan. Sedengkeun carita Mahabarata
jeung carita Ramayana téh dua carita wayang nu dianggap jejer utama sok disebut
wayang purwa, nu séjén mah sok disebut sempalan atawa carangan.
Dina buku
Padalangan beunang M.A. Salmun nu medal munggaran taun 1942, ayana tulisan dina
SSK téh teu kasabit pisan, sigana SSK can kaguar kalawan daria. Ari dina buku
Tetekon Padalangan Sunda beunang Atik Sopandi, 1988, SSK disebut, ngan nyakitu
teu diguar jero nu jadi alesan sigana euweuh babandingan naskah séjén pikeun
mesékna. Keun sual éta, ngan geuning wayang golék Sunda nu kungsi kacida popilér
di masarakat téh umurna can pati lila, kakara saumur jagong. Disebut can pati
lila téh lamun ditilik tina hasil budaya nu geus jadi ciri kabeungharan budaya
Sunda. Kahadé ulah pahili nu disebut ngora kénéh téh lain wayangna atawa carita
wayangna, tapi wangun wayang dina golék (kai) nu sabeuleugeunjeur tilu matra
(tilu diménsi). Da ari carita wayangna mah apan dina SSK geus aya, atuh
wayangna ti béh ditu mula ogé geus jadi pintonan, ngan cenah tina kulit, lain
tina golék. Sabenerna nu tina golék ogé geus aya utamana di Cirebon nu disebut
wayang cepak atawa wayang papak mun di Priangan mah disebut wayang ménak. Demi
wayang golék purwa, wayang golék nu sok dipintonkeun ku dalang Asép Sunandar
Sunarya ayeuna, éta mah kaitung ngora kénéh.
Ujaring
sajarah nu ditalungtik ku sadérék Wiryanaputra (Asal Usul Dalang, Kanwil Deppen
Jabar, 1977) nyaéta dina mangsa Bupati Bandung Indradireja anu katelah Adipati
Witanatakusumah II nu dijenengkeun dina taun 1794 nepi ka taun 1829, kabupatén
masih kénéh di Citeureup Dayeuhkolot ngangkir dalang ti Tegal anu katelah
dalang Ki Dipa Guna Permana, supaya jadi dalang lebet, dalang kukutan di
kabupatén, terus ngamuridkeun diantarana Ki Gubyar nu nyebarkeun wayang di
Purwakarta, jeung Ki Klungsu nu ngamuridkeun deui di Garut. Nya dalang Ki Dipa
Guna Permana ieu bisa disebutkeun luluhur para dalang di Jawa Barat.
Ieu karesep
Wiranatakusumah II kana wayang téh dituluykeun ku Bupati Bandung Dalem Karang
Anyar (1829-1846) nu katelah Dalem Bandung Adipati Wiranatakusumah III. Dina taun 1840 ngangkir deui dalang ti
Tegal nyaéta Ki Darman jeung Ki Surasungging. Ki Darman dibéré tugas sangkan
nyieun wayang tina kai, ari Ki Surasungging nyieun gamelan. Ki Darman tetep
tumetep di Cibiru, ari Ki Surasungging di Cimahi. Pangna Adipati
Wiranatakusumah III nitah nyieun wayang tina kai, lantaran supaya pintonan
wayang téh bisa dilalajoanan ti beurang, jeung bisa dilalajoanan ti kajauhan.
Meureun harita mah wayang téh angger tina kulit dilalajoanan peuting, da lalajo
kalangkang téa (kecap wayang cenah mah tina bayang nu hartina kalangkang, sok
sanajan Akip Prawira Suganda nyebutkeun kecap wayang téh wancahan tina Wadah
Hyang). Hasil gawé Ki Darman can sabaraha sampurna tilu diménsi masih kénéh
ngaharib-harib wayang kulit, bisa kajudi ari kituna mah, da meureun asalna
tukang nyieun wayang tina kulit. Sanggeus Adipati Winatakusumah III léngsér,
tuluy jeneng Adipati Wiranatakusumah IV, adipati nu ieu ogé méh sarua rerep
kana wayang, hasil gawé Ki Darman téh ménta disampurnakeun nepi ka ngawujud
wayang golék tilu diménsi saperti nu ayeuna mindeng dipintonkeun. Salian ti éta
Adipati Wiranatakusumah IV dina taun 1846 ngahiras dalang nyaéta Mama Anting
muridna Ki Rumyang, demi Ki Rumyang téh murid Ki Dipa Guna Permana waktu di
Tegal. Mama Anting ogé kungsi ngaguru ka Ki Gubyar putra Ki Dipa Guna Permana
ti istrina Nyi Manggar Arum. Piwarangna Adipati Wiranatakusumah IV téh sangkan
ngadalang maké basa Sunda, puguh wé keur mimiti Mama Anting ngatog da biasana
maké basa Jawa. Salah saurang murid Mama Anting nu kawilang intelék mangsa
harita nyaéta Brajanata, lulusan sakola Praja, putrana Camat Kendal, Lélés
Garut. Nya inyana pisan nu nyarungsum tur mémérés basa tur sastra Sunda keur
pintonan wayang téh. Meureun lamun disebut Wiranatakusumah IV nu nyundakeun
wayang téh teu salah-salah teuing, kitu deui Wiranatakusumah III nu ngagolékeun
wayang.
KEUREUTAN WAYANG GOLÉK
Wayang golék téh ngahaja teu siga
jelema, mun ceuk basa ayeuna mah éta téh didéformasikeun. Enya da lamun
ditilik-tilik kalawan rada taliti wayang golék siga nu teu proporsional. Geura
wé sirah leuwih gedé batan awak, leungeun panjang, atuh dina sirah éta makuta
siga nu gedé, lamun téa mah dienyana meureun beurat temen maké makuta siga
kitu. Atuh lamun ditingali dina beungeut, saliwatan enya siga nu kasép atawa
geulis, tapi geura telek-telek, apan panon bolotot leuwih ti misti, bolototna
panon siga nu rék méakeun rubakna beungeut, jeung sajabana ti éta. Tah nu kitu,
nu disebut déformasi téh. Alesanana, ulah nepi ka siga jelema, lamun nyaliksik
gelarna wayang di urang mémang dihaja sina kitu, utamana sanggeus asup Islam.
Saréat Islam téh diadumaniskeun jeung budaya nu geus nyampak tiheula. Alesan séjén
salian ti éta, nyaéta alesan éstétika, da lamun wayang proporsina siga jelema,
tangtu bakal hésé ngigelkeunana. Contona kélék wayang mah langab, pajauh antara
awak jeung leungeun ieu téh pikeun ngagampilkeun ngigelkeun da lamun rapet mah
bakal hésé.
Raut wayang golék gurat badagna mah aya
opat nyaéta Satria, Ponggawa, Buta jeung Panakawan. Aya ogé nu nyebut rautna
aya tilu, da panakawan mah sok disebut raut husus. Golongan Satria, biasana
jangkung awakna meujeuhna, potongan awakna ngagambarkeun lemah lembut, golék
putri ogé sok diasupkan kana raut satria. Raut Ponggawa leuwih sembada, da
kasebutna ponggawa nu sok disaruakeun jeung karakter tukang perang atawa tentara
bari beungeutna siga bosongot hadé amprotan, panon bolotot, kumis baplang,
halis kandel. Buta cirina nu utama sok aya sihungna, irung ngadungkuk jeung sok
aya rerenggon (riut dina tarang) nu jelas kaciri ngagurat. Kitu deui keur
panakawan aya ciri nu mandiri, geura wé Si Cépot atawa Si Dawala, sanajan
ditingali ti kajauhan geus pasti éta téh Si Cépot atawa Si Dawala. Salian éta
dina wayang golék aya ornamén, raut éstétika jeung aya raut simbolis, kaasup
méré warna kana awak atawa beungeut jeung ngabajuanana.
Ari bahan kaina biasana tina kai lamé
jeung jeungjing/jéngjéng (albasiah?), ieu kai téh dianggap babari diomé, teu
kudu aya palakiah husus supaya awét, cukup diangin-anginkeun geus bisa dipaké
keur nyieun wayang. Komo jeungjing mah sanajan gedé ogé karasa hampang. Jurusna
supaya awét ulah keuna ku cai.
DALANG
Perkara dalang, apan dalang mah jadi
puseur tongtonan, nya tangtu wé suksésna pagelaran wayang golék gumantung ka
dalangna, lain baé apal kana carita tur parigel ngigelkeun wayangna, aya deuih
tungtutan séjén nyaéta kudu apal kana pajamanan. Hartina kudu bisa ngigelan
kana tingkat inteléktualitas panongtonna bari jeung teu leupas tina ugeran
atawa pakem carita wayang. Kamahéran dalang téh aya sababaraha ugeran nu kudu
dikawasa diantarana : 1. Antawacana
(anta téh tungtung, ari wacana téh kecap) maksudna dalang kudu bisa robah-robah
niron lentong, lagam sora, pokpokanana unggal wayang. Bédana sora jeung
lentongna téh teu dapon béda baé aya patokanana, kudu surup kana capétang
ancana, lemes kasarna, leuleuy teureugeusna kudu surup kana pangkatna wayang.
2. Renggep nyaéta saregep tur hégar ulah matak nundutan nu lalajo, cindekna mah
ulah ngayayay atawa ngemplad komo lamun loba dibalikan deui mah. 3. Enges atawa
ngahudang rasa. Tegesna rasa wayang (dalang) kudu sarasa lir sabadan jeung nu
lalajo, lamun keur pikasediheun nu lalajo ogé kudu kabawa sedih atawa
sabalikna. 4. Tutug atawa anggeus, hartina guneman atawa suluk téh kudu
anggeus, teu meunang eureun lamun can anggeus komo kacida goréngna lamun cluclo
teu puguh diudag perluna. 5. Banyol, dalang téh kudu bisa nyieun pikaseurieun
tur mérénah, ulah ngabodor lain dina tempatna, bukur ngabodor ulah keluleuwihi
tur teu meunang sindir sampir. 6. Sabet, nyaéta molahkeun wayang, kudu siga,
disurupkeun kana semu diudagkeun kana wanda, ulah sulaya tina ringkang. 7. Kawi
radya, nyaéta apal kana kaagungan raja, ditetek tina pakéanana, pakarangna,
kabiasaanana, jajaténna atuh teu kaliwat tedakna. 8. parama Kawi, nyaéta kudu
apal kana hartina basa Kawi, lain baé harti saujratna tapi deuih kana silokana.
9. Binangkit dina ngarajék carita, kudu beunghar ku lalakon lain baé lalakon
utama jeung deuih kudu apal kana sempalan. 10. Apal lagu, dalang kudu apal kana
lalaguan.
Salian ti éta, pakumpulan dalang, aya
Pepadi, aya Senawangi aya Yayasan Padalangan, jeung réa-réa deui. Éta
pakumpulan tujuanana mah pikeun ngahirup tur ngahuripkeun pintonan wayang, nepi
ka sok aya Binojakrama pikeun nambahan pangaweruh para dalang. Perkara gugunungan
atawa kayon. Dina gugunungan téh aya genep hal nyaéta 1. Dasar, diwangun ku
lawang kori nu meundeut dijaga ku buta sakembaran, mawa pedang jeung taméng.
Harti siloka nyaéta taneuh nu jadi tintincakan kahirupan, jeung deuih apan
manusa ogé dijieun tina taneuh. 2. Gelar atawa Lar nu mangrupa jangjang garuda
nu mébér, aya nu ngahartikeun sabenerna éta téh lain jangjang garuda tapi
gambaran létah seuneu tina panonpoé nu jadi sumber kahirupan. 3. Buron nyaéta
gambar dua sato galak nu rék diadu, hartina aya papasangan dina kahirupan, ceuk
basa ayeuna mah dualisme paradok, aya caang aya poék, aya sedih aya gumbira. 4.
Makara atawa mahluk dongéng ti laut tapi aya tulaléan, digambarkeunana dina
gugunungan luhuran buron, hartina perlambnag sagara atawa cai. 5. Kayon,
ngagambarkeun tangkal kahirupan. 6. Puncak, atawa pucuk tangkal kai , éta
hartina beuki ka luhur beuki gedé katebak angin, sedengkeun angin atawa hawa
unsur penting dina kahirupan. Salian ti kitu, dalang téh kudu nyakola,
sahenteuna kudu nalingakeun kamajuan pangaweruh jaman kiwari, tujuanana mah
ulah nepi ka tinggaleun ku masarakat sabudeureunana nu bakal jadi panongtonna.
Sedengkeun nu dimaksud wayang modérn,
éta mah gumantung kana kabinangkitan ti dalang, malah lain kabinangkitan dalangna
wungkul, sabenerna mah kudu sapuratina saperti naha gamelan dirobah ku organ
tunggal, sindén jadi penyanyi dangdut, sigana lain kadinya maksudna. Enya ari
kituna mah da pagelaran wayang téh lain saukur ngahadirkeun dalang, tapi aya
nayaga, aya sindén aya téknisi, tata lampu, tata hias panggung, jeung sagala
rupana.
Diropéa
tina Majalah Basa Sunda Cupumanik No. 67 Pebruari 2009)
UNAK-ANIK CARITA WAYANG
a. Ngaran
satria jeung kasatrianana
1.
Abimanyu satria ti Paléngkawati
2.
Anoman satria ti Kandalisada
3.
Arjuna satria ti Madukara
4.
Aswatama satria ti Sokalima
5.
Antareja satria ti Jangkarbumi
6.
Burisrawa satria ti Madyapura
7.
Drestajumena satria ti Campalareja
8.
Dursasana satria ti Banjarjungut
9.
Gatotkaca satria ti Pringgadani
10. Indrajit
satria ti Bikungkung
11. Irawan
satria ti Yasarata
|
12. Jayadrata
satria ti Banakeling
13. Kartamarma
satria ti Banyutinalang
14. Kumbakarna
satria ti Panglebur Gangsa
15. Lesmana
Mandrakumara satria ti Saroja Binangun
16. Nakula
satria ti Bumi Retawu
17. Sadéwa
satria ti Sawojajar
18. Samba
satria ti Paranggaruda
19. Setiayaki
satria ti Lesanpura
20. Sangkuni
satria ti Plasajenar
21. Werkudara
satria ti Jodipati
|
b. Ngaran raja
jeung nagarana
1.
Prabu Arjuna Sasrabahu raja di Maéspati
2.
Prabu Baladéwa raja di Mandura
3.
Prabu Basudéwa raja di Mandura
4.
Prabu Bomanarakasura raja di Trajutrisna
5.
Prabu Drupada raja di Campala
6.
Prabu Dasarata raja di Ayodya
7.
Prabu Drestarata raja di Astina
8.
Prabu Dasamuka raja di Aléngka
9.
Prabu Kresna raja di Dwarawati
10. Prabu
Karna raja di Awangga
11. Prabu Maéspati
raja di Wirata
|
12. Prabu
Niwatakawacana raja di Iman Imantaka
13. Prabu
Pandu Déwanata raja di Astina
14. Prabu
Palgunadi raja di Paranggelung
15. Prabu
Parikesit raja di Astina
16. Prabu
Puntadéwa raja di Amarta
17. Prabu
Ramawijaya raja di Pancawati
18. Prabu
Salya raja di Mandraka
19. Prabu
Sentanu raja di Astina
20. Prabu
Sugriwa raja di Guha Kiskénda
21. Prabu
Suyudana raja di Astina
|
c. Ngaran
pandita jeung patapanna
1.
Bagawan Abiyasa patapanna di Saptaarga
2.
Bagawan Bagaspati patapanna di Gebangtinalar
3.
Resi Bisma patapanna di Talkanda
4.
Pandita Dorna patapanna di Sokalima
5.
Resi Gotama patapanna di Sukéndra
6.
Resi Jembawan patapanna di Gandamadana
7.
Resi Mayangkara patapanna di Kendalisada
8.
Bagawan Mintaraga patapanna di Indrakila
9.
Resi Palasara patapanna di Ratawu
10.
Resi Subali patapanna di Guha Kiskénda
d. Ngaran déwa
jeung kahiyanganana
1. Sanghyang
Antaboga kahiyanganana di Saptaarga
2. Sanghyang
Baruna kahiyanganana di Dasar Samudra
3. Batara Bayu
kahiyanganana di Panglawung
4. Sanghyang
Brahma kahiyanganana di Duksinageni
5. Batari
Durga kahiyanganana di Sétra Gandamayit
6. Batara Guru
kahiyanganana di Argadumilah
7. Batara
Indra kahiyanganana di Ténjomaya
8. Batara
Kamajaya kahiyanganana di Cakrakembang
9. Batara
Narada kahiyanganana di Sidiudaludal
10. Déwa Ruci
kahiyanganana di Telengsamudra
11. Batara
Samba kahiyanganana di Suwelagringging
12. Batara
Surya kahiyanganana di Ékacakra
13. Batara
Wisnu kahiyanganana di Utarasagara
14. Batara
Yamadipati kahiyanganana di Argadumilah
e. Ngaran
patih
1. Arya
Sangkuni patihna Prabu Suyudana
2. Anila
patihna Prabu Sugriwa
3. Prahasta
patihna Dasamuka
4. Pragota
patihna Prabu Baladéwa
5. Suwanda
patihna Prabu Arjuna Sasrabahu
6. Udawa
patihna Prabu Kresna
f.
Pakarang jeung ajian-ajianana
1. Antareja
boga upas anta.
2. Aswatama
boga senjata Cundamanik.
3. Baladéwa
boga senjata Konta, gada Nanggala, jeung gada Halugara.
4. Dasamuka
boga senjata Candrasa, pedang Sokayana, ajian Pancasona.
5. Gatotkaca
boga caping Basunanda, kutang Antakusuma, ajian Narantaka.
6. Indrajit boga
senjata Nagapasa.
7. Arjuna boga
panah Pasopati, panah Sarotama, panah Ardadali, keris Pulanggeni, keris
Kalanadah, ajian Sepiangin.
8. Jayadrata
boga gada Rujakbeling.
9. Karna boga
senjata Konta, keris Kaladita, panah Wijayandanu, ajian Kalalupa.
10. Kresna boga
senjata Cakra, ajian Wijayakusumah.
11. Kumbakarna
boga ajian Gedongmenga, Petakgelak Saketi.
12. Ramawijaya
boga senjata Guawijaya.
13. Yudistira
boga ajian Jamus Kalimusada, ajian Songsong Tunggulnaga.
14. Salya boga
ajian Candrabirawa.
15. Subali boga
ajian Pancasona.
16. Bima boga
gada Rujakpolo, kuku Pancanaka, gada Lukitasari.
g. Ngaran
anak-anakna
1. Abimanyu
boga anak Parikesit.
2. Abiyasa
boga anak Drestarata, Pandu Déwanata, jeung Yamawidura.
3. Anjani boga
anak Hanoman.
4. Arjuna boga
anak Abimanyu, Bangbang Irawan, Bangbang Wisanggeni, Bangbang Bratararas,
Pergiwa, pergiwati.
5. Baladéwa
boga anak Wisata, Wimuka.
6. Dasamuka
boga anak Indrajit, Trisirah.
7. Drupada
boga anak Srikandi, Drupadi.
8. Dorna boga
anak Aswatama.
9. Kresna boga
anak Samba, Siti Sundari, Gunadéwa, Bomanarakasura.
10. Suyudana boga
anak Lesmana Mandrakumara, Lesmanawati.
11. Bima boga
anak Gatotkaca, Antareja.
12. Yudistira
boga anak Pancawala.
Ngajantur/nataan
wayang dina gebog
1.
Katuhueun Dalang
a. Dina gebog kadua (gebog luar),
ti sisi mapay ka tengah:
1) Arimba
2) Bima
3) Brajamusti
4) Indrajit
5) Gandamana
6) Antareja
|
7) Gatotkaca
8) Rama
9) Kresna
10) Yudistira
11) Arjuna
|
b. Dina gebog kahiji (gebog jero),
ti sisi mapay ka tengah:
1) Anoman
2) Sugriwa
3) Satiaki
4) Narayana
5) Wibisana
6) Ugrasena
7) Samba
8) Laraskonda
|
9) Palgunadi
10) Nakula
11) Sadéwa
12) Subadra
13) Irawati
14) Drupadi
15) Banowati
16) Srikandi
|
17) Larasati
18) Sulastri
19) Arimbi
20) Rukmini
21) Satiaboma
22) Sinta
23) Abimanyu Orok
|
2.
Kéncaeun Dalang
a. Dina gebog kadua ti sisi ka tengah:
1) Kumbakarna
2) Buta Héjo
3) Buta Térong
4) Rahwana
5) Dursasana
6) Duryudana/Suyudana
7) Durmagati
8) Durmuka
|
9) Drupada
10) Boma
11) Baladéwa
12) Jayadrata
13) Kangsa
14) Drustaketu
15) Batara Guru
16) Karna
|
b. Dina gebog kahiji ti sisi ka
tengah:
1) Kalasrenggi
2) Burisrawa
3) Salya
4) Indra
5) Brahma
6) Darma
7) Udawa
|
8) Sakuni
9) Citrayuda
10) Aswatama
11) Wersaséna
12) Lasmana
13) Abimanyu
|
3.
Hareupeun Dalang
Di
handapeun gebog biasana sok parapawongan jeung emban:
1)
Semar
Badranaya (Sanghyang Ismaya)
2)
Cépot
3)
Dawala
|
4)
Emban
Perdapa
5)
Emban
Rangkung, jeung golék sarupa lianna
|
4.
Katuhueun Dalang di Handap
(Sato)
1) Nagagini
2) Ardawalika
3) Wilmana
4) Irawana
5) Andini
|
6) Singarudra
7) Abrapuswa
8) Jatayu
9) Parang Garuda
10) Kidangkancana jeung baladna
|
5.
Dina kotak
1) Dorna
2) Abiyasa
3) Wasista
4) Sampani
5)
Druwasa
Tidak ada komentar:
Posting Komentar