PERKARA BUDAYA
Ku majuna téknologi jeung kamekaran jaman gedé mangaruhan
kana robahna budaya. Tapi masih kénéh aya sawatara daérah anu nyepeng kana tali
paranti karuhunna séwang- séwangan, nyepeng pageuh adat kabiasaan karuhunna,
upamana waé aya nu disebut Kampung Naga di Tasikmalaya, Kampung Dukuh di Garut,
Ciptagelar di Sukabumi, jeung Kampung Cireundeu anu dibaca ku hidep di luhur.
Jaba ti éta, masih kénéh réa budaya Sunda anu séjénna.
Budaya nu aya di unggal daérah di tatar Sunda ogé
béda-béda. Sanajan sarua basa indungna basa Sunda, tapi basa Sunda nu dipaké di
unggal daérah henteu kabéh sarua. Kitu ogé kasenianana nu kacida réana tur teu
sarua di unggal daérah. Geura urang tataan sabagian, Sisingaan ti
Subang, Kuda Rénggong ti Sumedang, Tarling Cirebon, Topéng
Banjet ti Karawang, jeung réa deui nu séjénna. Sajaba ti kasenian, aya deui
kadaharan, kayaning tahu ti Sumedang, tauco ti Cianjur, borondong ti Majalaya,
dodol ti Garut, jeung réa deui nu séjénna.
Pakéan ogé loba nu nuduhkeun has daérah, kayaning motip
batik nu teu sarua di unggal daérah. Loba daérah di tatar Sunda nu ngahasilkeun
batik, kayaning Cirebon, Garut, Tasik, jeung daérah-daérah séjénna.
Basa, kasenian, kadaharan, nepi ka kabiasaan hirup
sapopoé, upama ku urang dipaluruh kacida lobana tur pariasi. Beunghar pisan ku
budaya bangsa urang mah. Sacara umum masarakat Indonesia ngabogaan rupa-rupa
budaya. Béda-bédana budaya Indonesia téh lantaran bédabédana Sélér (suku)
bangsa, ku lantaran kitu ti Sabang nepi ka Maroké budayana
teu sarua. Kitu ogé masarakat Sunda, ngabogaan budaya nu teu sarua jeung
masarakat séjén.
(sumber: Pamekar Basa)
ADAT ISTIADAT
Sélér bangsa naon waé jeung dimana waé ayana tangtu
ngabogaan budaya séwang-séwangan, sakapeung méh sarua, sakapeung béda pisan.
Rupa-rupa kacirina téh. Upamana tina pakéanana, kaseninanana, kadaharanana,
wangun imahna, jeung adat-istiadatna.
Ari ngurus orok jaman behula tangtu bakal béda jeung ayeuna
nu sarwa lengkep jeung modéren. Baheula mah éstu pakakasna gé sarwa basajan,
boh pakakasna boh cara ngurusna. Baheula mah réréana nu ngalahirkeun diurusna
ku paraji. Ayeuna mah ilaharna ku bidan atawa dokter, komo mun di rumah sakit
mah pakakasna gé meni sagala aya. Tapi di sawatara daérah boh di kampung boh di
kota.
Cara ngurus orok mimitina mah sok dipapagahan. Anu mapagahanana biasana mah paraji. Sanggeus
ngurus nu ngalahirkeun, biasana paraji gé ngurus orokna. Sajeroning ngurus
orok, paraji méré conto jeung mapagahan ka indungna orok, pangpangna dara, nu
can boga pangalaman ngurus orok, da munggaran pisan.
Ari anu dipapagahkeunana saperti cara ngamandian, cara
ngabedongna, cara ngamongmongna, jeung nepi ka marancahanana. Lila-lila indung
orok téh jadi biasa. Lamun orok heuay kudu téh sok dihalangan sungutna ku ramo,
bari ngucap “sup baju ka kurungan.
Lamun orok sisidueun sok geuwat dijawab rada digebah, bari
ngucap “maling cikur”. Lamun masih sisidueun kénéh, éta orok sok digebah deui
bari nyarita “maling jahé”. Lamun orok tuluy baé sisidueunana, sok ditapelan
pucuk daun seureuh, atawa rambu samak di antara halisna.
Baheula mah ngubaran orok nu sisidueun téh ku reuwas, nya
éta ku cara digebah sangkan reuwaseun. Kumaha ari ayeuna? Tangtu teu sarua,
ngan sabagian aya nu sok ngalaksanakeun éta kabiasaan. Malah
teu kurang nu hasil. Orok eureun tina sisidueunana. Ari sisidueun téh alatan
katiisan. Kiwari mah sok langsung waé awak orok téh dibalur ku kayu putih atawa
minyak tawon sangkan haneut.
Lamun orok beresin sakali, sok ditembalan ku indungna ku ngucap “ceng
sawan”. Lamun ngadua kalian beresinna, sok ditembalan ku indungna “hurip
waras”. Nya kitu deui lamun orok kabesékan, ku indungna sok ditémbalan, pokna
téh: “bong-bong jalan ka gedong”.
Palebah orok katerap panas tiris atawa ceurik teu pupuguh,
pangheula-heulana dibura ku panglay, dipupuk ku gegejok jeung sawanan.
Kumaha di daérah hidep. Masih kénéh aya nu ngurus orok samodél conto
di luhur? Sigana kiwari mah geus langka anu ngalakukeun kabiasaan saperti éta
téh. Tapi upama aya, naha sarua jeung nu dicaritakeun di luhur? Naon bédana?
Meneran budakna lalaki. Kitu deui geus nincak mangsa nu meujeuhna
disundatan ogé teu leupas tina adat kabiasaan. Di urang nepi ka kiwari geus
jadi kabiasaan, lamun aya budak lalaki disundatan atawa dihitan sok diayakeun
raraméan.
Gedé leutikna acara raraméan mah gumantung kana karep jeung kamampuh
kolotna. Baraya indung bapana, ti nu jauh ti nu deukeut, biasana daratang.
Nyambungan atawa mantu-mantu pagawéan. Kitu deui tatangga-tatanggana nu
dareukeut. Komo lamun sukuran hitanan téh dibarengan ku pagelaran kasenian.
Keur nu salametan rada rongkah mah, saméméhna budak disunatan téh sok
dibawa hélaran, dina iring-iringan seni kuda rénggong mun di Sumedang, atawa
sisingaan mun di Subang. Tapi di daérah séjén gé sok rajeun aya nu nanggap kuda
rénggong atawa sisingaan, ngahaja ngadatangkeun.
Budak nu rék dihitan téh katingali gagah tur gandang.
Pakéanana ngempur hurung-hérang. Sajajalan dipirig ku tatabeuhan kendang penca,
ditarompétan, diigelan, sorana kadéngé ka mana-mana. Beuki lila aleutan téh sok
beuki panjang jeung beuki ramé. Katambah-tambah ku barudak nu kaliwatan
sapanjang jalan, dibarung ku surak éak-éakan.
Kiwari mah di daérah pakotaan geus langka nu
ngaréncéng-réncéng budak nu disunatan modél baheula téh. Ayeuna mah dina ayana
gé langsung waé di gedong nu meunang nyéwa. Kitu ogé keur nu loba diut. Ari nu
basajan mah cukup ku siduru isuk waé. Disundatanana gé baheula mah masih kénéh
ku paraji, nu sok padanyebut béngkong. Ari paraji tukang ngurus nu ngalahirkeun
mah disebutna indung beurang.
Kiwari gé kétang teu kurang nu ku paraji. Umumna nyundatan
di pakampungan mah masih kénéh ku paraji. Di kota mah kolot budak nu disundatan
téh aya nu ngangkir dokter ka imah, tapi réa ogé nu ngahaja datang ka tempat
praktékna.
Kitu ogé dina mangsana kawinan. Prak-prakan upacara
ngawinkeun di unggal daérah tara leupas tina adat istiadat. Ngan unggal daérah
béda-béda. Lamun upacarana dibarengan ku kasenian, kasenianana ogé béda-béda.
Aya wayang golék, wayang kulit, jaipongan, degung, tarling, atawa kasenian
séjénna. Éta kabéh diayakeunana sabada acara nu poko, nya éta acara walimahan.
Salahsahijina upacara nyawér pangantén. Ieu ogé kagolong
adat kabiasanaan atawa tradisi. Sabada dirapalan, pangantén téh diréndéngkeun
dina korsi di buruan. Dipayungan ku payung hias, husus paranti upacara. Tuluy
disawér.
Nyawér téh saenyana mah mapatahan atawa nganaséhatan pangantén, tapi
bari ditembangkeun. Disaksian ku saréréa, sakur nu hadir, kolot budak.
Bari tembang, tukang sawér téh kadang-kadang ngawurkeun béas tina
bokor, campur jeung duit logam, jeung konéng meunang ngeureutan. Ngawurkeunana
kana payung upacara téa. Sora béas patingparalak. Duitna marurag,
patinggorolong. Barudak parebut, pahibut mulungan duit. Upacara nyawér mah
biasana didaragoan, pangpangna ku barudak. Ramé ari upacara nyawér mah, ramé ku
nu marulungan duit, ramé ku nu saleuseurian, nimbulkeun rasa gumbira.
Dangdanan pangantén téh béda ti sasari. Didangdanan ku papakéan husus
nu ngahaja meunang milih tukang rias. Nepi ka kiwari ogé rupa-rupa upacara
pangantén diparaké kénéh di unggal daérah. Baju pangantén di unggal daérah
ngabogaan ciri has séwang-séwangan.
Dipakékeunana baju pangantén téh pikeun ngabédakeun jeung nu séjén.
Tamu nu datang gé sok langsung apal, nya di antara cirina téh baju pangantén
téa. Pangantén dina poé kawinan mah jadi raja. Ari raja mah umumna sok maké
papakéan nu béda ti nu séjén.
Sarua unggal daérah gé, adat kabiasaanana teu
jauh ti kitu. Nya di sagédéngeun pikeun ngareuah-reuah, ogé pikeun ngamumulé
adat budaya karuhun.
(Sumber: Pamekar Basa)
UPACARA ADAT DINA KAHIRUPAN URANG
SUNDA
Adat istiadat nu diwariskeun ku karuhun urang Sunda masih dipiara jeung
diajénan. Dina daur hirup manusa dipiwanoh upacara-upacara nu sipatna ritual
adat seperti: upacara adat Mangsa hamil, Mangsa lahiran, Mangsa budak, kawinan,
nalika maot, jsb. Kitu ogé dina kagiatan tatanén/pertanian jeung kaagamaan
dipiwanoh upacara adat nu anéh jeung matak kataji. Éta kabéh pikeun némbongkeun
ungkaban rasa sukur jeung ménta karaharjaan jeung kasalametan lahir batin dunya
jeung ahérat.
Istilah Husus pikeun nu Kakandungan dina
Prosésna
1. Kakandungan
sabulan disebut ngahérang, hartina kandungan masih kaciri hérang sarta wujudna
disebut alkah.
2. Kakandungan
dua bulan disebut lumenggang, hartina geus kentel sanajan transparan kénéh
(ngalangkang) sarta wujudna disebut kasapah.
3. Kakandungan
tilu bulan disebut kumambang, hartina geus mengkel jeung buleud, wujudna pada
nyebut nutpah.
4. Kakandungan
opat bulan disebut gumulung hartina geus pepel tur buleud wujudna disebut
amarulah.
5. Kakandungan
lima bulan disebut ngarupa/mangrupa nu hartina geus kaciri buleungkeukanna,
wujudna disebut ahmad.
6. Kakandungan
genep bulan disebut usik hartina janin geus karasa usik, wujudna disebut kénéh
ahmad.
7. Kakandungan
tujuh bulan disebut malik hartina posisina geus bisa malik, wujudna disebut
muhamad.
8. Kakandungan
dalapan bulan disebut kumentar-kumentir hartina geus néangan jalan kaluar,
wujudna masih disebut muhamad.
9. Kakandungan
salapan bulan disebut ngaruang-ruang hartina geus aya di jalan kaluar, wujudna
masih disebut muhamad.
10. Asup bulan
kasapuluh orok dibabarkeun, miboga gelar Rosulluloh.
Upacara Mangsa Hamil
1.
Upacara
hamil 4 bulan
2.
Upacara
hamil 7 bulan/tingkeban
3.
Upacara
hamil 9 bulan
4.
Upacara
reuneuh mundingeun
Upacara 4 Bulanan
Baheula mah di priangan mun seug istri
kakandungan 2 atawa 3 bulan téh can bisa disebut hamil, masih disebut
nyiram/mengidam. Sanggeus liwat 3 bulan kakara disebut hamil. Upacarana Tilu
Bulan jeung Lima Bulan dilakukeun pikeun méré nyaho ka tatangga jeung dulur yén
éta istri téh geus bener-bener hamil.
Tapi ayeuna karéréanna ngalaksanakeun upacara
dina waktu hamil nincak kana opat bulanna, sabab éta mangsa téh waktuna
ditiupkeunna roh ka jabang bayi ku Allah SWT. Biasana ngalaksanakeun upacara
opat Bulanan téh ku pangajian pikeun kasalamatan, biasana maca doa nurbuat
jeung doa séjénna sangkan orok mulus, sampurna, séhat, jeung salamat.
Upacara 7 Bulanan/Tingkeban
Upacara Tingkeban nyaéta upacara nu dina waktu
kakandungan 7 bulan. Ieu hal téh sangkan orok dina kandungan jeung ibuna dina ngalahirkeunana salamet.
Tingkeban asal kecap tina tingkeb nu hartina
tutup, maksudna si indung nu keur kakandungan tujuh bulan téh henteu meunang
campur gaul jeung salakina nepi ka opat puluh poé sanggeus lahiran, jeung ulah
baranggawé nu beurat-beurat, sabab orok nu dikandungna geus gedé, ieu hal
pikeun nyingkahan tina hal-hal nu teu dipiharep. Dina ieu upacara biasana
diayakeun pangajian maca ayat-ayat Al-Quran surat Yusup, surat Lukman jeung
surat Maryam.
Upacara Hamil 9 Bulan
Upacara salapan bulan dilaksanakeun sabada umur
kandungan nincak ka salapan bulan. Dina ieu upacara diayakeun pangajian kalawan
maksud sangkan orok nu dikandung gancang lahir kalawan salamat, sabab geus
waktuna lahir. Dina ieu upacara téh dibuar bubur lolos, salaku simbol tina ieu
upacara nyaéta sangkan dibabarikeun dina waktu ngalahirkeun, lolos. Bubur lolos
téh biasana dibagikeun jeung sangu tumpeng atawa kadaharan séjénna.
Upacara Reuneuh Mundingeun
Upacara Reuneuh Mundingeun dilaksanakeun lamun
seug awéwé nu kakandunganna leuwih ti salapan bulan, malah aya nu nepi ka 12
bulan tapi can ngalahirkeun kénéh, awéwé nu kakandungan kieu téh disebut
Reuneuh Mundingeun, siga munding atawa kebo nu reuneuh. Ieu upacara
dilaksanakeun sangkan awéwé nu kakandungan gancang ngalahirkeun kalawan lulus
banglus.
Ngalaksanakeunana beuheung éta awéwé téh
dikangkalungan kolotok jeung ditungtun ku indung beurang sabari macakeun doa
sarta dibawa ka kandang kebo. Lamun seug teu aya kandang kebo cukup ku
ngurilingan imah tujuh kali.
UPACARA NGALAHIRKEUN JEUNG MANGSA OROK
1.
Upacara
Miara Bali/Tembuni/Placenta
Bali/Tembuni/Placenta disebut dulurna orok ku sabab éta teu meunang
dipiceun sambarangan, tapi kudu diayakeun upacara waktu ngubur atawa malidkeun
ka walungan.
Babarengan jeung orok nu dilahirkeun, bali/tembuni/placenta nu kaluar
biasana dirawat diberesihan jeung diasupkeun kana bokor/pendil dicampuran
samara/bumbu-bumbu uyah, asem jeung gula beureum, tuluy ditutup maké lawon
bodas nu geus dibéré angin ngaliwatan awi leutik (élékan). Pendil dibawa ku
lawon panjang jeung dipayungan, biasana ku paraji pikeun dikuburkeun di buruan
imah atawa deukeut imah.
Aya ogé nu dipalidkeun ka walungan dumasar adat. Upacara nguburkeun
bali/tembuni/placenta dibarengan maca doa salamet jeung maca hadiah atawa
tawasulan ka Syéh Abdul kodir Jaélani jeung ahli kubur. Di deukeut kuburan
bali/tembuni/placenta téh hurungkeun lampu cempor/pelita nepi ka tali puseur
orok leupas dina beuteungna. Upacara miara bali/tembuni/placenta dipimaksud
sangkan éta orok salamet jeung jaga sangkan jadi jalma nu bagja.
2.
Upacara
Nénjrag Bumi
Upacara Nénjrag Bumi nyaéta upacara nakolkeun halu kana taneuh tujuh
kali di deukeuteun orok, atawa cara séjén nyaéta orok dikedengkeun diluhureun
palupuh, tuluy indung beurang nénjrageun sukuna kana palupuh deukeuteun orok.
Maksud jeung tujuan tina ieu upacara nyaéta sangkan orok jaga jadi budak nu teu
babari reuwasan atawa sieun/borangan lamun ngadéngé sora nu ujug-ujug
pikareuwaseun.
3.
Upacara
Puput Puseur
Sanggeus orok leupas tali puseurna, biasana diayakeun salamatan. Tali
puseur nu geus leupas téh ku indung beurang diasupkeun kana jero kanjut
kundang. Satuluyna puseur orok ditutup ku duit logam/bénggol nu geus dibungkus
kasa atawa kapas jeung ditalian kana beuteung orok, maksudna sangkan puseur
orok henteu dosol, nonlol ka luar. Aya ogé nu sakalian ngalaksanakeun upacara
jeung méré ngaran budak. Dina ieu upacara dibacakeun doa salamat, jeung
disadiakeun bubur beureum bubur bodas.
Aya kapercayaan yén tali puseur (tali ari-ari) téh nganggap dulurna orok
nu kudu dipiara bener-bener. Anapon dulur orok nu 3 deui nyaéta
bali/tembuni/placenta, bungkus lawon, jeung kakawah. Tali ari-ari,
bali/tembuni/placenta, bungkus lawon, jeung kakawah biasa disebut dulur opat
kalima pancer, nyaéta opat sadulur jeung kalimana salaku puseurna nyaéta éta
orok. Kabéhanana kudu dipiara kalawan sahadé-hadéna sangkan orok engkéna nalika
déwasa bisa hirup rukun jeung dulur-dulurna (lanceuk jeung adina) nepi ka
kahontal kabagjaan nu sanyatana.
4.
Upacara
Ékah.
Kecap ékah asalna tina basa Arab, tina kecap aqiqatun “anak kandung”.
Upacara ékah nyaéta upacara nebus jiwa budak nu mangrupa paméré ti Alloh SWT,
atawa ungkaban rasa sukur lantaran geus dipaparin turunan/budak ku Alloh SWT,
jeung miharep sangkan éta budak téh jaga jadi jalma nu saléh nu bisa nulung ka
kolotna (indung-bapana) jaga di ahérat. Dilaksanakeunana ieu upacara téh
biasana sanggeus orok umur 7 poé, atawa 14 poé, jeung meunang ogé sanggeus 21
poé. Alat-alatna nu kudu disadiakeun nyaéta domba atawa embé peunciteun, lamun
budakna lalaki dombana kudu dua (iwal pikeun nu teu mampuh cukup hiji waé),
jeung lamun budak awéwé ngan 1 waé dombana. Domba nu rék dipeuncit téh kudu nu
alus, sangkan nyumponan sarat pikeun kurban. Satuluyna domba téh dipeuncit ku
tukangna atawa Ajengan kalawan maca doa selamat, satuluyna mah diasakan jeung
dibagikeun ka dulur jeung tatangga.
5.
Upacara
Nurunkeun
Upacara Nurunkeun nyaéta upacara nu mimiti nalika orok di bawa ka buruan
imah, maksudna pikeun mikawanoh lingkungan jeung ngawanohkeun ka tatangga, yén
orok téh geus bisa digandong di bawa ulin/leuleumpangan di buruan imah. Upacara
Nurunkeun dilaksanakeun sanggeus tujuh poé upacara puput Puseur.
Ngalaksanakeunana mah bisa ngayakeun pangajian pikeun kasalametan jeung
mangrupa hiburanna diayakeun tangkal tiwu atawa tangkal cau nu digantungan ku
rupa-rupa kadaharan, kaulinan budak nu diteundeun di rohang tamu. Maksudna
sangkan diparebutkeun ku tamu, utamana ku barudak.
6.
Upacara
Cukuran/Marhabaan
Upacara cukuran dipimaksud pikeun meresihan buuk orok tina sagala rupa
najis. Upacara cukuran atawa marhabaan ogé mangrupa ungkaban rasa sukur atawa
tumarima kanyaah ti Alloh SWT nu geus méré hiji rundayan, nyaéta budak nu lahir
kalawan salamet. Upacara cukuran dilaksanakeun nalika umur orok 40 poé.
Prakna mah orok téh dikedengkeun di tengah-tengah para uleman sarta
digigirkeun bokor nu eusian cai jeung kembang 7 rupa ogé gunting nu digantungan
kalung emas, cincin atawa gelang pikeun nyukuran buuk orok. Babarengan jeung
éta hal para tamu uleman macakeun do’a jeung barjanji atawa disebut marhaban
atawa pupujian, maksudna muji kana sipat-sipat nabi Muhammad saw. jeung
macakeun doa nu boga ma’na kasalametan lahir batin dunya ahérat.
7.
Upacara
Turun Taneuh
Upacara Turun Taneuh nyaéta upacara mimiti orok nincakeun sukuna kana
taneuh, dilaksanakeunana sanggeus orok rada gedé. Sanggeus bisa ngorondang
atawa léléngkah halu. Ieu upacara dipimaksud sangkan si budak mikawanoh kana
urusan dunya jeung pikeun mikawanoh bakal jadi naon jagana, naha jadi patani,
pedagang, atawa bakal jadi jalama nu boga pangkat.
Alat upacara nu disadiakeun nyaéta rupa-rupa kadaharan, kaén panjang
pikeun ngais/ngagandong, samak atawa taplak bodas, paré sakeupeul, emas
(kalung, gelang, cincin), duit lambaran ratusan, rébuan, jeung puluh rébuan.
UPACARA MANGSA BUDAK
1.
Upacara
Gusaran
Gusaran nyaéta ngaratakeun huntu budak awéwé ku alat husus. Maksud
upacara Gusaran nyaéta sangkan huntu budak awéwé téh rata jeung utamana sangkan
katingalina geulis. Upacara Gusaran dilaksanakeun nalika budak awéwé geus umur
tujuh taun. Jalanna upacara, budak awéwé sanggeus didangdanan diuk di antara
para uleman, satuluyna macakeun doa jeung solawat ka Nabi Muhammad SAW. Tuluy
Indung beurang ngalaksanakeun gusaran ka éta budak awéwé, sanggeus bérés tuluy
disawér (dinaséhatan ngaliwatan sa’ir lagu). Sanggeus disawér, tuluy
diteruskeun ku balakécrakan. Biasana dina upacara Gusaran ogé dilaksanakeun
tindikan masang anting-anting, sangkan katingalina leuwih geulis.
2.
Upacara
Sepitan/Sunatan
Upacara sunatan/hitanan dilakukeun kalawan maksud sangkan
bobogaanna/alat vitalna beresih tina najis. Budak nu geus disunat dianggap geus
ngalaksanakeun salasahiji sarat utama salaku umat Islam. Upacara Sunatan budak
awéwé dilaksanakeun nalika masih kénéh leutik atawa orok kénéh, sangkan teu
éraeun. Upacara sunatan dilasanakeun biasana nalika budak laki-laki umur 6
tahun.
3.
Meuncit
Sato Béla
Naon baé sato na mah, rék hayam jago, domba jalu, atawa munding jalu.
Tapi, biasana mah mun lain hayam, paling mahal domba atawa embé. Sato anu
dipaké béla, dipeuncit bareng jeung nyunatan budak. Budak sempring disunatan,
sato nu dipaké béla gérésél dipeuncit. Tujuanana supaya budak anu disunatan
henteu ngarasa nyeri. Cenah, lantaran rasa nyerina dipindahkeun ka sato anu
dipaké béla téa. matakna disebutnya ogé sato béla.
UPACARA ADAT KAWINAN SUNDA
1.
Upacara
saacan akad nikah
Runtuyan
ngalaksanakeun ieu upacara biasana nyaéta:
a. Neundeun
Omong: nyaéta datangna atawa nepunganana kolot lalaki/jajaka ka kolot istri
pikeun silaturahim jeung neundeun omongan yén hiji waktu nu bakal datang anak
gadisna bakal dilamar.
b. Ngalamar:
nanyaan atawa nyeureuhan nyaéta datangna atawa nepunganana lalaki/jajaka pikeun
ngalamar/meminang si gadis, dina ieu kunjungan téh dibahas ogé
rarancang/rencana waktu pernikahanna. Acara panutup dina ngalamar ieu, si nu
ngalamar masrahkeun duit saalakadarna ka kolot si gadis salaku panyangcang atawa
pengikat, kadang-kadang dilengkepan ku seureuh jambé salengkepna jeung
kuéh-kuéh & buah-buahan. Ti waktu ieu si gadis geus kacangcang/terikat
jeung disebutna jalma nu geus tunangan/bertunangan.
c. Seserahan:
nyaéta masrahkeun calon pangantén pameget ka calon mitoha pikeun dikawinkeun ka
si gadis. Ieu acara téh dihadiran ku kulawarga, di samping masrahkeun calon
pangantén pameget ogé barang-barang mangrupa duit, pakéan, perhiasan, kosmétik
jsb., ieu hal gumantung kana kamampuhna pihak calon pangantén pameget/pria. Ieu
upacara dilakukeun 1 atawa 2 poé saacan kawinan atawa aya ogé nu
ngalaksanakeunana dina waktu kawinan/akad dikawitan.
d. Ngeuyeuk
Seureuh: hartina migawé jeung ngatur seureuh sarta dikait-kaitkeunana. Ieu
upacara dilakukeun sapoé saacan kawinan, nu ngahdiran dina ieu nyaéta kadua
calon pangantén, kolot calon pangantén jeung parauleman nu geus déwasa. Upacara
dipingpin ku saurang kokolot, barang-barang pikeun ieu upacara, diantarana
seureuh antingan, samangar buah jambé, mayang jambé, bako, kasang jinem/kaén,
élékan, jsté. Sakumna barang ngandung ma’na/perlambang dina kahirupan rumah
tangga. Upacara ngeuyeuk seureuh dipimaksud pikeun nganaséhatan kadua calon
pangantén ngeunaan pandangan hirup jeung cara ngajalankeun kahirupan rumah
tangga dumasar étika jeung agama, sangkan bungah jeung salamet. Upacara poko
dina adat kawinan nyaéta ijab kabul atawa akad nikah.
2.
Upacara
Adat sabada akad nikah
a. Munjungan/sungkeman:
nyaéta kadua pangantén sungkem ka kadua kolot pangantén pikeun ménta do’a
réstu.
b. Upacara
Sawér (Nyawér): alat nu diperlukeun nyaéta bokor nu dieusian ku béas, konéng,
duit logam (récéh), kembang, tékték 2 siki (seupaheun), jeung permén.
c. Ngalaksanakeunana
kadua pangantén diuk dina panopo/hareupeun imah handapeun cucuran hateup (panyawéran),
upacara dipingpin ku juru sawér. Juru sawér ngawurkeun eusi bokor tadi ka kadua
pangantén jeung ka parauleman dina sela-sela sair nu dihaleuangkeun. Anapon
ma’na tina upacara nyawér nu dihaleuangkeun ku juru sawér, intina nyaéta méré
naséhat ka pangantén sangkan silih pikanyaah, jeung ngadoakeun sangkan
pangantén meunang karaharjaan jeung kabagjaan dina ngabina rumah tanggana,
hirup rukun nepika puput umurna.
d. Upacara
Nincak Endog: upacara nincak endog nyaéta upacara sanggeus nyawér pangantén,
lebah dieu geus disiapkeun alat-alat: ajug/lilin, sabeungkeut harupat (sagar
enau) eusina 7 teukteuk, tunjangan atawa baréra (alat ninun tradisional) nu
dibeungkeut ku kaén tinun poléng, élékan, endog hayam atah, kendi nu dieusian
cai, jeung batu pipisan, sakumna ieu alat ngandung ma’na. Ngalaksanakeunana
lilin dihurungkeun, pangantén istri meuleum tungtung harupat satuluyna
dipiceun, sanggeus kitu pangantén lalaki nincak endog, sanggeus kitu sukuna
disimpen dina luhureun batu pipisan pikeun dikumbah ku cai kendi ku pangantén
istri jeung kendina langsung dibeubeutkeun kana taneuh nepika ancur. Ma’na tina
ieu upacara nyaéta ngagambarkeun pangabdian saurang istri ka salakina. Anu teu
apal kana maksudna mah, ieu téh teu meunang, da cenah teu parok deui jeung aturan
agama, ari nincak endog téh ngandung harti anu jero, kolot baheula geus
ngawawadianan masalah hubungan séx salaki pamajikan, dua-duana kudu pada ihlas,
pamajikan teu meunang mondah kahayang salaki najan kumaha baé.
e. Upacara
Buka Pintu: ieu upacara téh dilaksanakeun sanggeus upacara nincak endog,
pangantén istri asup ka jero imah, sedengkeun pangantén lalaki nungguan di
luar, ieu hal nuduhkeun yén pangantén istri can daék mukakeun panto saacan
pangantén lalaki ngucapkeun sahadat. Maksud ieu upacara pikeun ngayakinkeun
bebeneran ageman agaman Islam. Sanggeus maca sahadat panto dibuka jeung
pangantén lalaki sina asup. Tanya jawab antara duanana dilakukeun kalawan
dibarengan ku nyanyian (tembang) nu dilakukeun ku juru tembang. Ieu tata cara
buka pintu ku urang kudu dilenyepan, geuning kolot baheula mah tos ngajarkeun
yén awéwé anu tos boga salaki teu meunang narima sémah kitu baé, majar téh bisi
aya jurig nyiliwuri.
f. Upacara
Huap Lingkung : Kadua pangantén diuk ngarérédéng, nu istri belah kéncaeun
pangantén lalaki, dihareupeun pangantén geus sadia sangu konéng jeung bakakak
hayam. Mimitina bakakak hayam dicekel ku kadua pangantén, tuluy pabetot-betot.
Saha nu meunang bagian nu gedé tandana bakal meunang rejeki nu gedé. Satuluyna
kadua pangantén silih huapan nu disebut huap lingkung. Ieu upacara dipimaksud
sangkan kadua pangantén silih pikanyaah kalawan haté nu ihlas. Sanggeus upacara
huap lingkung kadua pangantén diuk di pelaminan diapit ku kadua kolotna
pangantén pikeun narima ucapan pangwilujeng ti parauleman (acara resépsi).
UPACARA ADAT NGURUS MAYIT/MAOT
Gurat badagna mah runtuyuan upacara adat ngurus
mayit bisa saperti kieu: ngamandian mayit, ngaboéhan/ngaboéhan mayit,
nyolatkeun mayit, nguburkeun mayit, nyusur taneuh, jeung tahlilan nyaéta
macakeun do’a jeung dzikir ka Alloh SWT. sangkan arwah jalma nu anyar maot téh
dihampura sagala dosana sarta ditarima amal ibadahna, ogé ngadoakeun
kulawargana nu ditinggalkeunana aya dina kasobaran jeung iman dina
nyanghareupan cobaan. Tahlilan dilaksanakeun di imahna nu maot, biasana
sore/peuting. Tahlilan ka-1 (poéna), ka-1 (dua poéna), ka-3 (tiluna), .......
Ka-7 (tujuhna), ka-40 poéna (matangpuluh), ka-100 poéna (natus), ka-sataun
(haol/mendak taun), jeung ka-1000 poéna (néwu).