Kamis, 03 Agustus 2023

NOVÉL

Pedaran Ngeunaan Novél

Novél nyaéta carita rékaan (fiksi) nu méré kesan kesan lir enya-enya kajadian tur ukuran panjang. Novél ogé kaasup wangun basa lancaran nu miwujud lalakon, sarta palaku, latar jeung leunjeuran caritana ngarancabang, tapi angger gumulung dina leunjeuran carita. Sedengkeun unsur-unsur dina novél minangka salasahiji wangun prosa fiksi ngawengku sababaraha bagian, nyaéta (1) téma, (2) fakta carita, nu ngurung (a) galur, (b) palaku, jeung (c) latar, sarta (3) sarana carita, nu ngurung (a) judul, (b) puseur panyawang, (c) gaya jeung nada.

Salian ti novél, aya deui istilah roman jeung novélét. Tapi dina sastra Sunda mah éta istilah téh henteu dibédakeun jeung novél. Maksudna mah, nu di batur disebut novél jeung novélét téh, di urang mah disebut novél baé.

  Dina kamekaranana, novél Sunda leuwih ti heula batan novél Indonésia. Novél Sunda pangheulanana dina basa Sunda téh nyaéta “Baruang ka nu Ngarora” karangan D.K. Ardiwinata (1914), sastrawan moyan saméméh perang. Lahir di Bandung taun 1886. Ari dina basa Indonésia novél nu pangheulana téh nyaéta “Azab dan Sengsara” karangan Mérari Sirégar (1920), ganjorna ogé genep taun sapandeurieun novél Sunda. Jadi ku kituna kurang merenah upama novél dina sastra Sunda téh mangrupa pangaruh tina sastra Indonésia.

Papasingan Novél

Novél téh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha bagian:

1.  Novél Barudak

Novél barudak nyaéta novél nu diajangkeun pikeun bacaeun barudak. Masalah nu dicaritakeunana, masalah-masalah nu raket patalina jeung kahirupan barudak. Kitu deui dina cara nyanghareupan jeung ngarésékeun éta masalah, luyu jeung pikiran katut jiwa barudak, palaku utamana ogé barudak.

Novél barudak jeung pangarangna dina sastra Sunda, di antarana:

a.  Budak Teuneung, Budak Minggat beunang Samsudi

b.   Miang jeung Kaludeung, Si Paser beunang Tatang Sumarsono

c.   Guha Karang Legok Pari, Bima Rengkung beunang Hidayat Soesanto

d.   Nu Sengit Dipulang Asih beunang Ahmad Bakri

e.Tanah Anggar di Sebambam, Kedok Tangkorék, Andar-andar Pangandaran, Paul di Pananjung Paul di Batukaras beunang Aan Merdéka Permana.

f.    Budak Calakan, Néangan Bapa, jeung Dang Umar ti Situraja beunang Adang S.

2.  Novél Rumaja

Novél rumaja nyaéta novél nu eusina nyaritakeun masalah-masalah rumaja. Kitu deui palaku utamana ogé pararumaja. Di urang mah novél rumaja téh henteu loba. Sawatara contona Cinta Pabaliut beunang Éddy D. Iskandar, Rini beunang Yoséph Iskandar, jeung Lalangsé beunang Aam Amilia.

3.  Novél Déwasa

       Novél déwasa nyaéta novél nu diajangkeun pikeun bacaeun nu geus déwasa (sawawa). Eusina nyaritakeun masalah-masalah jalma nu geus déwasa. Kitu deui palaku utamana ogé jalma déwasa. Sawatara contona Rusiah nu Goréng Patut beunang Yuhana jeung Sukria, Lain éta beunang Moh. Ambri, jeung Asmaramurka beunang Ahmad Bakri.

Pangarang Novél Sunda jeung Karyana

Sanajan henteu saloba novél basa Indonésia, novél basa Sunda nu dipedalkeun mangrupa buku, henteu kurang réana. Utamana taun 60-an jeung taun 70-an. Pangarang novél Sunda jeung karyana, di antarana:

NO.

PANGARANG

KARYANA

1

D.K. Ardiwinata

Baruang ka nu Ngarora

2

Joehana

Mugiri, Agan Permas, Carios Eulis Acih, Kalepatan Putra Dosana Ibu Rama, Rusiah nu Goréng (Karnadi Anémer Bangkong).

3

Moh. Ambri

Lain Éta, Numbuk di Sué, Pusaka Ratu Teluh (saduran), Pependeman Nabi Sulaéman (saduran), Urang Désa.

4

R. Méméd Sastrahadiprawira

Pangéran Kornél, Mantri Jero

5

M.A. Salmun

Gogoda ka nu Ngarora, Randa Jegud

6

Caraka

Sripanggung

7

Candrahayat

Carmad

8

Yus Rusamsi

Dédéh, Wilujeng Énjing

9

Aam Amilia

Puputon, Buron, Lalangsé, kalajengking

10

Ahmad Bakri

Juragan Batik, Srangéngé Surup Mantén, Nu Sengit Dipulang Asih, Rajapati di Pananjung, Asmaramurka, Mayit dina Dahan Jéngkol, Dina Kalangkang Panjara, Sanghiang Lutung Kasarung.

11

R.A.F.

Pipisahan, Nu Kaul Lagu Kaléon, Béntang Lapang.

12

Adang S.

Ngepung Kahar Muzakar, Néangan Bapa, Budak Calakan, Juragan Kabayan.

13

Ningrum Julaéha

Arca

14

Abdullah Mustappa

Mikung, Lembur Singkur, Taréh Rosululloh

15

Yoséph Iskandar

Perang Bubat, Putri Subanglarang, Pamanahrasa, Déwawarman, Rini.

16

Éddy D. Iskandar

Cinta Pabaliut

17

Tatang Sumarsono

Demung Jaggala, Miang jeung Kaludeng, Jaro Bantahan, Kolébat Kuwung-kuwungan Kinasih Katumbirian, Si Paser.

18

Taufik Faturohman

Patepung di Bandung

19

Hidayat Soesanto

Guha Karang Legok Pari, Bima Rengkung, Kurawa Pandawa.

20

Dédén Abdul Azis

Pangantén

21

Ki Umbara

Si Lamsijan Kaédanan, Bedog Si Rajapati.

22

Samsu (Sambas & Susangka)

Laleur Bodas

23

Margasulaksana

Diarah Pati

24

Nanie Sudarma

Rasiah Geulang Rantay

25

Min Resmana

Napsu nu Matak Kaduhung, Néangan Bapa, Imah nu Réa Kamarna.


Selasa, 01 Agustus 2023

BAHASAN TRADISI SUNDA

 PERKARA BUDAYA

Ku majuna téknologi jeung kamekaran jaman gedé mangaruhan kana robahna budaya. Tapi masih kénéh aya sawatara daérah anu nyepeng kana tali paranti karuhunna séwang- séwangan, nyepeng pageuh adat kabiasaan karuhunna, upamana waé aya nu disebut Kampung Naga di Tasikmalaya, Kampung Dukuh di Garut, Ciptagelar di Sukabumi, jeung Kampung Cireundeu anu dibaca ku hidep di luhur. Jaba ti éta, masih kénéh réa budaya Sunda anu séjénna.

Budaya nu aya di unggal daérah di tatar Sunda ogé béda-béda. Sanajan sarua basa indungna basa Sunda, tapi basa Sunda nu dipaké di unggal daérah henteu kabéh sarua. Kitu ogé kasenianana nu kacida réana tur teu sarua di unggal daérah. Geura urang tataan sabagian, Sisingaan ti Subang, Kuda Rénggong ti Sumedang, Tarling Cirebon, Topéng Banjet ti Karawang, jeung réa deui nu séjénna. Sajaba ti kasenian, aya deui kadaharan, kayaning tahu ti Sumedang, tauco ti Cianjur, borondong ti Majalaya, dodol ti Garut, jeung réa deui nu séjénna.

Pakéan ogé loba nu nuduhkeun has daérah, kayaning motip batik nu teu sarua di unggal daérah. Loba daérah di tatar Sunda nu ngahasilkeun batik, kayaning Cirebon, Garut, Tasik, jeung daérah-daérah séjénna.

Basa, kasenian, kadaharan, nepi ka kabiasaan hirup sapopoé, upama ku urang dipaluruh kacida lobana tur pariasi. Beunghar pisan ku budaya bangsa urang mah. Sacara umum masarakat Indonesia ngabogaan rupa-rupa budaya. Béda-bédana budaya Indonesia téh lantaran bédabédana Sélér (suku) bangsa, ku lantaran kitu ti Sabang nepi ka Maroké budayana teu sarua. Kitu ogé masarakat Sunda, ngabogaan budaya nu teu sarua jeung masarakat séjén.

(sumber: Pamekar Basa)

ADAT ISTIADAT

Sélér bangsa naon waé jeung dimana waé ayana tangtu ngabogaan budaya séwang-séwangan, sakapeung méh sarua, sakapeung béda pisan. Rupa-rupa kacirina téh. Upamana tina pakéanana, kaseninanana, kadaharanana, wangun imahna, jeung adat-istiadatna.

Ari ngurus orok jaman behula tangtu bakal béda jeung ayeuna nu sarwa lengkep jeung modéren. Baheula mah éstu pakakasna gé sarwa basajan, boh pakakasna boh cara ngurusna. Baheula mah réréana nu ngalahirkeun diurusna ku paraji. Ayeuna mah ilaharna ku bidan atawa dokter, komo mun di rumah sakit mah pakakasna gé meni sagala aya. Tapi di sawatara daérah boh di kampung boh di kota.

Cara ngurus orok mimitina mah sok dipapagahan.  Anu mapagahanana biasana mah paraji. Sanggeus ngurus nu ngalahirkeun, biasana paraji gé ngurus orokna. Sajeroning ngurus orok, paraji méré conto jeung mapagahan ka indungna orok, pangpangna dara, nu can boga pangalaman ngurus orok, da munggaran pisan.

Ari anu dipapagahkeunana saperti cara ngamandian, cara ngabedongna, cara ngamongmongna, jeung nepi ka marancahanana. Lila-lila indung orok téh jadi biasa. Lamun orok heuay kudu téh sok dihalangan sungutna ku ramo, bari ngucap “sup baju ka kurungan.

Lamun orok sisidueun sok geuwat dijawab rada digebah, bari ngucap “maling cikur”. Lamun masih sisidueun kénéh, éta orok sok digebah deui bari nyarita “maling jahé”. Lamun orok tuluy baé sisidueunana, sok ditapelan pucuk daun seureuh, atawa rambu samak di antara halisna.

Baheula mah ngubaran orok nu sisidueun téh ku reuwas, nya éta ku cara digebah sangkan reuwaseun. Kumaha ari ayeuna? Tangtu teu sarua, ngan sabagian aya nu sok ngalaksanakeun éta kabiasaan. Malah teu kurang nu hasil. Orok eureun tina sisidueunana. Ari sisidueun téh alatan katiisan. Kiwari mah sok langsung waé awak orok téh dibalur ku kayu putih atawa minyak tawon sangkan haneut.

Lamun orok beresin sakali, sok ditembalan ku indungna ku ngucap “ceng sawan”. Lamun ngadua kalian beresinna, sok ditembalan ku indungna “hurip waras”. Nya kitu deui lamun orok kabesékan, ku indungna sok ditémbalan, pokna téh: “bong-bong jalan ka gedong”.

Palebah orok katerap panas tiris atawa ceurik teu pupuguh, pangheula-heulana dibura ku panglay, dipupuk ku gegejok jeung sawanan.

Kumaha di daérah hidep. Masih kénéh aya nu ngurus orok samodél conto di luhur? Sigana kiwari mah geus langka anu ngalakukeun kabiasaan saperti éta téh. Tapi upama aya, naha sarua jeung nu dicaritakeun di luhur? Naon bédana?

Meneran budakna lalaki. Kitu deui geus nincak mangsa nu meujeuhna disundatan ogé teu leupas tina adat kabiasaan. Di urang nepi ka kiwari geus jadi kabiasaan, lamun aya budak lalaki disundatan atawa dihitan sok diayakeun raraméan.

Gedé leutikna acara raraméan mah gumantung kana karep jeung kamampuh kolotna. Baraya indung bapana, ti nu jauh ti nu deukeut, biasana daratang. Nyambungan atawa mantu-mantu pagawéan. Kitu deui tatangga-tatanggana nu dareukeut. Komo lamun sukuran hitanan téh dibarengan ku pagelaran kasenian.

Keur nu salametan rada rongkah mah, saméméhna budak disunatan téh sok dibawa hélaran, dina iring-iringan seni kuda rénggong mun di Sumedang, atawa sisingaan mun di Subang. Tapi di daérah séjén gé sok rajeun aya nu nanggap kuda rénggong atawa sisingaan, ngahaja ngadatangkeun.

Budak nu rék dihitan téh katingali gagah tur gandang. Pakéanana ngempur hurung-hérang. Sajajalan dipirig ku tatabeuhan kendang penca, ditarompétan, diigelan, sorana kadéngé ka mana-mana. Beuki lila aleutan téh sok beuki panjang jeung beuki ramé. Katambah-tambah ku barudak nu kaliwatan sapanjang jalan, dibarung ku surak éak-éakan.

Kiwari mah di daérah pakotaan geus langka nu ngaréncéng-réncéng budak nu disunatan modél baheula téh. Ayeuna mah dina ayana gé langsung waé di gedong nu meunang nyéwa. Kitu ogé keur nu loba diut. Ari nu basajan mah cukup ku siduru isuk waé. Disundatanana gé baheula mah masih kénéh ku paraji, nu sok padanyebut béngkong. Ari paraji tukang ngurus nu ngalahirkeun mah disebutna indung beurang.

Kiwari gé kétang teu kurang nu ku paraji. Umumna nyundatan di pakampungan mah masih kénéh ku paraji. Di kota mah kolot budak nu disundatan téh aya nu ngangkir dokter ka imah, tapi réa ogé nu ngahaja datang ka tempat praktékna.

Kitu ogé dina mangsana kawinan. Prak-prakan upacara ngawinkeun di unggal daérah tara leupas tina adat istiadat. Ngan unggal daérah béda-béda. Lamun upacarana dibarengan ku kasenian, kasenianana ogé béda-béda. Aya wayang golék, wayang kulit, jaipongan, degung, tarling, atawa kasenian séjénna. Éta kabéh diayakeunana sabada acara nu poko, nya éta acara walimahan.

Salahsahijina upacara nyawér pangantén. Ieu ogé kagolong adat kabiasanaan atawa tradisi. Sabada dirapalan, pangantén téh diréndéngkeun dina korsi di buruan. Dipayungan ku payung hias, husus paranti upacara. Tuluy disawér.

Nyawér téh saenyana mah mapatahan atawa nganaséhatan pangantén, tapi bari ditembangkeun. Disaksian ku saréréa, sakur nu hadir, kolot budak.

Bari tembang, tukang sawér téh kadang-kadang ngawurkeun béas tina bokor, campur jeung duit logam, jeung konéng meunang ngeureutan. Ngawurkeunana kana payung upacara téa. Sora béas patingparalak. Duitna marurag, patinggorolong. Barudak parebut, pahibut mulungan duit. Upacara nyawér mah biasana didaragoan, pangpangna ku barudak. Ramé ari upacara nyawér mah, ramé ku nu marulungan duit, ramé ku nu saleuseurian, nimbulkeun rasa gumbira.

Dangdanan pangantén téh béda ti sasari. Didangdanan ku papakéan husus nu ngahaja meunang milih tukang rias. Nepi ka kiwari ogé rupa-rupa upacara pangantén diparaké kénéh di unggal daérah. Baju pangantén di unggal daérah ngabogaan ciri has séwang-séwangan.

Dipakékeunana baju pangantén téh pikeun ngabédakeun jeung nu séjén. Tamu nu datang gé sok langsung apal, nya di antara cirina téh baju pangantén téa. Pangantén dina poé kawinan mah jadi raja. Ari raja mah umumna sok maké papakéan nu béda ti nu séjén.

Sarua unggal daérah gé, adat kabiasaanana teu jauh ti kitu. Nya di sagédéngeun pikeun ngareuah-reuah, ogé pikeun ngamumulé adat budaya karuhun.

 

(Sumber: Pamekar Basa)


UPACARA ADAT DINA KAHIRUPAN URANG SUNDA

Adat istiadat nu diwariskeun ku karuhun urang Sunda masih dipiara jeung diajénan. Dina daur hirup manusa dipiwanoh upacara-upacara nu sipatna ritual adat seperti: upacara adat Mangsa hamil, Mangsa lahiran, Mangsa budak, kawinan, nalika maot, jsb. Kitu ogé dina kagiatan tatanén/pertanian jeung kaagamaan dipiwanoh upacara adat nu anéh jeung matak kataji. Éta kabéh pikeun némbongkeun ungkaban rasa sukur jeung ménta karaharjaan jeung kasalametan lahir batin dunya jeung ahérat. 

Istilah Husus pikeun nu Kakandungan dina Prosésna

1.   Kakandungan sabulan disebut ngahérang, hartina kandungan masih kaciri hérang sarta wujudna disebut alkah.

2.  Kakandungan dua bulan disebut lumenggang, hartina geus kentel sanajan transparan kénéh (ngalangkang) sarta wujudna disebut kasapah.

3.    Kakandungan tilu bulan disebut kumambang, hartina geus mengkel jeung buleud, wujudna pada nyebut nutpah.

4.    Kakandungan opat bulan disebut gumulung hartina geus pepel tur buleud wujudna disebut amarulah.

5. Kakandungan lima bulan disebut ngarupa/mangrupa nu hartina geus kaciri buleungkeukanna, wujudna disebut ahmad.

6.   Kakandungan genep bulan disebut usik hartina janin geus karasa usik, wujudna disebut kénéh ahmad.

7.  Kakandungan tujuh bulan disebut malik hartina posisina geus bisa malik, wujudna disebut muhamad.

8.  Kakandungan dalapan bulan disebut kumentar-kumentir hartina geus néangan jalan kaluar, wujudna masih disebut muhamad.

9.   Kakandungan salapan bulan disebut ngaruang-ruang hartina geus aya di jalan kaluar, wujudna masih disebut muhamad.

10.  Asup bulan kasapuluh orok dibabarkeun, miboga gelar Rosulluloh.

Upacara Mangsa Hamil

1.         Upacara hamil 4 bulan

2.         Upacara hamil 7 bulan/tingkeban

3.         Upacara hamil 9 bulan

4.         Upacara reuneuh mundingeun

Upacara 4 Bulanan

Baheula mah di priangan mun seug istri kakandungan 2 atawa 3 bulan téh can bisa disebut hamil, masih disebut nyiram/mengidam. Sanggeus liwat 3 bulan kakara disebut hamil. Upacarana Tilu Bulan jeung Lima Bulan dilakukeun pikeun méré nyaho ka tatangga jeung dulur yén éta istri téh geus bener-bener hamil.

Tapi ayeuna karéréanna ngalaksanakeun upacara dina waktu hamil nincak kana opat bulanna, sabab éta mangsa téh waktuna ditiupkeunna roh ka jabang bayi ku Allah SWT. Biasana ngalaksanakeun upacara opat Bulanan téh ku pangajian pikeun kasalamatan, biasana maca doa nurbuat jeung doa séjénna sangkan orok mulus, sampurna, séhat, jeung salamat.

Upacara 7 Bulanan/Tingkeban

Upacara Tingkeban nyaéta upacara nu dina waktu kakandungan 7 bulan. Ieu hal téh sangkan orok dina kandungan  jeung ibuna dina ngalahirkeunana salamet.

Tingkeban asal kecap tina tingkeb nu hartina tutup, maksudna si indung nu keur kakandungan tujuh bulan téh henteu meunang campur gaul jeung salakina nepi ka opat puluh poé sanggeus lahiran, jeung ulah baranggawé nu beurat-beurat, sabab orok nu dikandungna geus gedé, ieu hal pikeun nyingkahan tina hal-hal nu teu dipiharep. Dina ieu upacara biasana diayakeun pangajian maca ayat-ayat Al-Quran surat Yusup, surat Lukman jeung surat Maryam.

Upacara Hamil 9 Bulan

Upacara salapan bulan dilaksanakeun sabada umur kandungan nincak ka salapan bulan. Dina ieu upacara diayakeun pangajian kalawan maksud sangkan orok nu dikandung gancang lahir kalawan salamat, sabab geus waktuna lahir. Dina ieu upacara téh dibuar bubur lolos, salaku simbol tina ieu upacara nyaéta sangkan dibabarikeun dina waktu ngalahirkeun, lolos. Bubur lolos téh biasana dibagikeun jeung sangu tumpeng atawa kadaharan séjénna.

Upacara Reuneuh Mundingeun

Upacara Reuneuh Mundingeun dilaksanakeun lamun seug awéwé nu kakandunganna leuwih ti salapan bulan, malah aya nu nepi ka 12 bulan tapi can ngalahirkeun kénéh, awéwé nu kakandungan kieu téh disebut Reuneuh Mundingeun, siga munding atawa kebo nu reuneuh. Ieu upacara dilaksanakeun sangkan awéwé nu kakandungan gancang ngalahirkeun kalawan lulus banglus.

Ngalaksanakeunana beuheung éta awéwé téh dikangkalungan kolotok jeung ditungtun ku indung beurang sabari macakeun doa sarta dibawa ka kandang kebo. Lamun seug teu aya kandang kebo cukup ku ngurilingan imah tujuh kali.

UPACARA NGALAHIRKEUN JEUNG MANGSA OROK

1.         Upacara Miara Bali/Tembuni/Placenta

Bali/Tembuni/Placenta disebut dulurna orok ku sabab éta teu meunang dipiceun sambarangan, tapi kudu diayakeun upacara waktu ngubur atawa malidkeun ka walungan.

Babarengan jeung orok nu dilahirkeun, bali/tembuni/placenta nu kaluar biasana dirawat diberesihan jeung diasupkeun kana bokor/pendil dicampuran samara/bumbu-bumbu uyah, asem jeung gula beureum, tuluy ditutup maké lawon bodas nu geus dibéré angin ngaliwatan awi leutik (élékan). Pendil dibawa ku lawon panjang jeung dipayungan, biasana ku paraji pikeun dikuburkeun di buruan imah atawa deukeut imah.

Aya ogé nu dipalidkeun ka walungan dumasar adat. Upacara nguburkeun bali/tembuni/placenta dibarengan maca doa salamet jeung maca hadiah atawa tawasulan ka Syéh Abdul kodir Jaélani jeung ahli kubur. Di deukeut kuburan bali/tembuni/placenta téh hurungkeun lampu cempor/pelita nepi ka tali puseur orok leupas dina beuteungna. Upacara miara bali/tembuni/placenta dipimaksud sangkan éta orok salamet jeung jaga sangkan jadi jalma nu bagja.

2.         Upacara Nénjrag Bumi

Upacara Nénjrag Bumi nyaéta upacara nakolkeun halu kana taneuh tujuh kali di deukeuteun orok, atawa cara séjén nyaéta orok dikedengkeun diluhureun palupuh, tuluy indung beurang nénjrageun sukuna kana palupuh deukeuteun orok. Maksud jeung tujuan tina ieu upacara nyaéta sangkan orok jaga jadi budak nu teu babari reuwasan atawa sieun/borangan lamun ngadéngé sora nu ujug-ujug pikareuwaseun.

3.         Upacara Puput Puseur

Sanggeus orok leupas tali puseurna, biasana diayakeun salamatan. Tali puseur nu geus leupas téh ku indung beurang diasupkeun kana jero kanjut kundang. Satuluyna puseur orok ditutup ku duit logam/bénggol nu geus dibungkus kasa atawa kapas jeung ditalian kana beuteung orok, maksudna sangkan puseur orok henteu dosol, nonlol ka luar. Aya ogé nu sakalian ngalaksanakeun upacara jeung méré ngaran budak. Dina ieu upacara dibacakeun doa salamat, jeung disadiakeun bubur beureum bubur bodas.

Aya kapercayaan yén tali puseur (tali ari-ari) téh nganggap dulurna orok nu kudu dipiara bener-bener. Anapon dulur orok nu 3 deui nyaéta bali/tembuni/placenta, bungkus lawon, jeung kakawah. Tali ari-ari, bali/tembuni/placenta, bungkus lawon, jeung kakawah biasa disebut dulur opat kalima pancer, nyaéta opat sadulur jeung kalimana salaku puseurna nyaéta éta orok. Kabéhanana kudu dipiara kalawan sahadé-hadéna sangkan orok engkéna nalika déwasa bisa hirup rukun jeung dulur-dulurna (lanceuk jeung adina) nepi ka kahontal kabagjaan nu sanyatana.

4.         Upacara Ékah.

Kecap ékah asalna tina basa Arab, tina kecap aqiqatun “anak kandung”. Upacara ékah nyaéta upacara nebus jiwa budak nu mangrupa paméré ti Alloh SWT, atawa ungkaban rasa sukur lantaran geus dipaparin turunan/budak ku Alloh SWT, jeung miharep sangkan éta budak téh jaga jadi jalma nu saléh nu bisa nulung ka kolotna (indung-bapana) jaga di ahérat. Dilaksanakeunana ieu upacara téh biasana sanggeus orok umur 7 poé, atawa 14 poé, jeung meunang ogé sanggeus 21 poé. Alat-alatna nu kudu disadiakeun nyaéta domba atawa embé peunciteun, lamun budakna lalaki dombana kudu dua (iwal pikeun nu teu mampuh cukup hiji waé), jeung lamun budak awéwé ngan 1 waé dombana. Domba nu rék dipeuncit téh kudu nu alus, sangkan nyumponan sarat pikeun kurban. Satuluyna domba téh dipeuncit ku tukangna atawa Ajengan kalawan maca doa selamat, satuluyna mah diasakan jeung dibagikeun ka dulur jeung tatangga.

5.         Upacara Nurunkeun

Upacara Nurunkeun nyaéta upacara nu mimiti nalika orok di bawa ka buruan imah, maksudna pikeun mikawanoh lingkungan jeung ngawanohkeun ka tatangga, yén orok téh geus bisa digandong di bawa ulin/leuleumpangan di buruan imah. Upacara Nurunkeun dilaksanakeun sanggeus tujuh poé upacara puput Puseur. Ngalaksanakeunana mah bisa ngayakeun pangajian pikeun kasalametan jeung mangrupa hiburanna diayakeun tangkal tiwu atawa tangkal cau nu digantungan ku rupa-rupa kadaharan, kaulinan budak nu diteundeun di rohang tamu. Maksudna sangkan diparebutkeun ku tamu, utamana ku barudak.

6.         Upacara Cukuran/Marhabaan

Upacara cukuran dipimaksud pikeun meresihan buuk orok tina sagala rupa najis. Upacara cukuran atawa marhabaan ogé mangrupa ungkaban rasa sukur atawa tumarima kanyaah ti Alloh SWT nu geus méré hiji rundayan, nyaéta budak nu lahir kalawan salamet. Upacara cukuran dilaksanakeun nalika umur orok 40 poé.

Prakna mah orok téh dikedengkeun di tengah-tengah para uleman sarta digigirkeun bokor nu eusian cai jeung kembang 7 rupa ogé gunting nu digantungan kalung emas, cincin atawa gelang pikeun nyukuran buuk orok. Babarengan jeung éta hal para tamu uleman macakeun do’a jeung barjanji atawa disebut marhaban atawa pupujian, maksudna muji kana sipat-sipat nabi Muhammad saw. jeung macakeun doa nu boga ma’na kasalametan lahir batin dunya ahérat.

7.         Upacara Turun Taneuh

Upacara Turun Taneuh nyaéta upacara mimiti orok nincakeun sukuna kana taneuh, dilaksanakeunana sanggeus orok rada gedé. Sanggeus bisa ngorondang atawa léléngkah halu. Ieu upacara dipimaksud sangkan si budak mikawanoh kana urusan dunya jeung pikeun mikawanoh bakal jadi naon jagana, naha jadi patani, pedagang, atawa bakal jadi jalama nu boga pangkat.

Alat upacara nu disadiakeun nyaéta rupa-rupa kadaharan, kaén panjang pikeun ngais/ngagandong, samak atawa taplak bodas, paré sakeupeul, emas (kalung, gelang, cincin), duit lambaran ratusan, rébuan, jeung puluh rébuan.

 

UPACARA MANGSA BUDAK

1.         Upacara Gusaran

Gusaran nyaéta ngaratakeun huntu budak awéwé ku alat husus. Maksud upacara Gusaran nyaéta sangkan huntu budak awéwé téh rata jeung utamana sangkan katingalina geulis. Upacara Gusaran dilaksanakeun nalika budak awéwé geus umur tujuh taun. Jalanna upacara, budak awéwé sanggeus didangdanan diuk di antara para uleman, satuluyna macakeun doa jeung solawat ka Nabi Muhammad SAW. Tuluy Indung beurang ngalaksanakeun gusaran ka éta budak awéwé, sanggeus bérés tuluy disawér (dinaséhatan ngaliwatan sa’ir lagu). Sanggeus disawér, tuluy diteruskeun ku balakécrakan. Biasana dina upacara Gusaran ogé dilaksanakeun tindikan masang anting-anting, sangkan katingalina leuwih geulis.

2.         Upacara Sepitan/Sunatan

Upacara sunatan/hitanan dilakukeun kalawan maksud sangkan bobogaanna/alat vitalna beresih tina najis. Budak nu geus disunat dianggap geus ngalaksanakeun salasahiji sarat utama salaku umat Islam. Upacara Sunatan budak awéwé dilaksanakeun nalika masih kénéh leutik atawa orok kénéh, sangkan teu éraeun. Upacara sunatan dilasanakeun biasana nalika budak laki-laki umur 6 tahun.

3.         Meuncit Sato Béla

Naon baé sato na mah, rék hayam jago, domba jalu, atawa munding jalu. Tapi, biasana mah mun lain hayam, paling mahal domba atawa embé. Sato anu dipaké béla, dipeuncit bareng jeung nyunatan budak. Budak sempring disunatan, sato nu dipaké béla gérésél dipeuncit. Tujuanana supaya budak anu disunatan henteu ngarasa nyeri. Cenah, lantaran rasa nyerina dipindahkeun ka sato anu dipaké béla téa. matakna disebutnya ogé sato béla.

 

UPACARA ADAT KAWINAN SUNDA

1.         Upacara saacan akad nikah

Runtuyan ngalaksanakeun ieu upacara biasana nyaéta:

a.       Neundeun Omong: nyaéta datangna atawa nepunganana kolot lalaki/jajaka ka kolot istri pikeun silaturahim jeung neundeun omongan yén hiji waktu nu bakal datang anak gadisna bakal dilamar.

b.      Ngalamar: nanyaan atawa nyeureuhan nyaéta datangna atawa nepunganana lalaki/jajaka pikeun ngalamar/meminang si gadis, dina ieu kunjungan téh dibahas ogé rarancang/rencana waktu pernikahanna. Acara panutup dina ngalamar ieu, si nu ngalamar masrahkeun duit saalakadarna ka kolot si gadis salaku panyangcang atawa pengikat, kadang-kadang dilengkepan ku seureuh jambé salengkepna jeung kuéh-kuéh & buah-buahan. Ti waktu ieu si gadis geus kacangcang/terikat jeung disebutna jalma nu geus tunangan/bertunangan.

c.      Seserahan: nyaéta masrahkeun calon pangantén pameget ka calon mitoha pikeun dikawinkeun ka si gadis. Ieu acara téh dihadiran ku kulawarga, di samping masrahkeun calon pangantén pameget ogé barang-barang mangrupa duit, pakéan, perhiasan, kosmétik jsb., ieu hal gumantung kana kamampuhna pihak calon pangantén pameget/pria. Ieu upacara dilakukeun 1 atawa 2 poé saacan kawinan atawa aya ogé nu ngalaksanakeunana dina waktu kawinan/akad dikawitan.

d.       Ngeuyeuk Seureuh: hartina migawé jeung ngatur seureuh sarta dikait-kaitkeunana. Ieu upacara dilakukeun sapoé saacan kawinan, nu ngahdiran dina ieu nyaéta kadua calon pangantén, kolot calon pangantén jeung parauleman nu geus déwasa. Upacara dipingpin ku saurang kokolot, barang-barang pikeun ieu upacara, diantarana seureuh antingan, samangar buah jambé, mayang jambé, bako, kasang jinem/kaén, élékan, jsté. Sakumna barang ngandung ma’na/perlambang dina kahirupan rumah tangga. Upacara ngeuyeuk seureuh dipimaksud pikeun nganaséhatan kadua calon pangantén ngeunaan pandangan hirup jeung cara ngajalankeun kahirupan rumah tangga dumasar étika jeung agama, sangkan bungah jeung salamet. Upacara poko dina adat kawinan nyaéta ijab kabul atawa akad nikah.

2.         Upacara Adat sabada akad nikah

a.    Munjungan/sungkeman: nyaéta kadua pangantén sungkem ka kadua kolot pangantén pikeun ménta do’a réstu.

b.     Upacara Sawér (Nyawér): alat nu diperlukeun nyaéta bokor nu dieusian ku béas, konéng, duit logam (récéh), kembang, tékték 2 siki (seupaheun), jeung permén.

c.    Ngalaksanakeunana kadua pangantén diuk dina panopo/hareupeun imah handapeun cucuran hateup (panyawéran), upacara dipingpin ku juru sawér. Juru sawér ngawurkeun eusi bokor tadi ka kadua pangantén jeung ka parauleman dina sela-sela sair nu dihaleuangkeun. Anapon ma’na tina upacara nyawér nu dihaleuangkeun ku juru sawér, intina nyaéta méré naséhat ka pangantén sangkan silih pikanyaah, jeung ngadoakeun sangkan pangantén meunang karaharjaan jeung kabagjaan dina ngabina rumah tanggana, hirup rukun nepika puput umurna.

d.   Upacara Nincak Endog: upacara nincak endog nyaéta upacara sanggeus nyawér pangantén, lebah dieu geus disiapkeun alat-alat: ajug/lilin, sabeungkeut harupat (sagar enau) eusina 7 teukteuk, tunjangan atawa baréra (alat ninun tradisional) nu dibeungkeut ku kaén tinun poléng, élékan, endog hayam atah, kendi nu dieusian cai, jeung batu pipisan, sakumna ieu alat ngandung ma’na. Ngalaksanakeunana lilin dihurungkeun, pangantén istri meuleum tungtung harupat satuluyna dipiceun, sanggeus kitu pangantén lalaki nincak endog, sanggeus kitu sukuna disimpen dina luhureun batu pipisan pikeun dikumbah ku cai kendi ku pangantén istri jeung kendina langsung dibeubeutkeun kana taneuh nepika ancur. Ma’na tina ieu upacara nyaéta ngagambarkeun pangabdian saurang istri ka salakina. Anu teu apal kana maksudna mah, ieu téh teu meunang, da cenah teu parok deui jeung aturan agama, ari nincak endog téh ngandung harti anu jero, kolot baheula geus ngawawadianan masalah hubungan séx salaki pamajikan, dua-duana kudu pada ihlas, pamajikan teu meunang mondah kahayang salaki najan kumaha baé.

e.       Upacara Buka Pintu: ieu upacara téh dilaksanakeun sanggeus upacara nincak endog, pangantén istri asup ka jero imah, sedengkeun pangantén lalaki nungguan di luar, ieu hal nuduhkeun yén pangantén istri can daék mukakeun panto saacan pangantén lalaki ngucapkeun sahadat. Maksud ieu upacara pikeun ngayakinkeun bebeneran ageman agaman Islam. Sanggeus maca sahadat panto dibuka jeung pangantén lalaki sina asup. Tanya jawab antara duanana dilakukeun kalawan dibarengan ku nyanyian (tembang) nu dilakukeun ku juru tembang. Ieu tata cara buka pintu ku urang kudu dilenyepan, geuning kolot baheula mah tos ngajarkeun yén awéwé anu tos boga salaki teu meunang narima sémah kitu baé, majar téh bisi aya jurig nyiliwuri.

f.   Upacara Huap Lingkung : Kadua pangantén diuk ngarérédéng, nu istri belah kéncaeun pangantén lalaki, dihareupeun pangantén geus sadia sangu konéng jeung bakakak hayam. Mimitina bakakak hayam dicekel ku kadua pangantén, tuluy pabetot-betot. Saha nu meunang bagian nu gedé tandana bakal meunang rejeki nu gedé. Satuluyna kadua pangantén silih huapan nu disebut huap lingkung. Ieu upacara dipimaksud sangkan kadua pangantén silih pikanyaah kalawan haté nu ihlas. Sanggeus upacara huap lingkung kadua pangantén diuk di pelaminan diapit ku kadua kolotna pangantén pikeun narima ucapan pangwilujeng ti parauleman (acara resépsi).

UPACARA ADAT NGURUS MAYIT/MAOT

Gurat badagna mah runtuyuan upacara adat ngurus mayit bisa saperti kieu: ngamandian mayit, ngaboéhan/ngaboéhan mayit, nyolatkeun mayit, nguburkeun mayit, nyusur taneuh, jeung tahlilan nyaéta macakeun do’a jeung dzikir ka Alloh SWT. sangkan arwah jalma nu anyar maot téh dihampura sagala dosana sarta ditarima amal ibadahna, ogé ngadoakeun kulawargana nu ditinggalkeunana aya dina kasobaran jeung iman dina nyanghareupan cobaan. Tahlilan dilaksanakeun di imahna nu maot, biasana sore/peuting. Tahlilan ka-1 (poéna), ka-1 (dua poéna), ka-3 (tiluna), ....... Ka-7 (tujuhna), ka-40 poéna (matangpuluh), ka-100 poéna (natus), ka-sataun (haol/mendak taun), jeung ka-1000 poéna (néwu).





NOVÉL

Pedaran Ngeunaan Novél Novél nyaéta carita rékaan (fiksi) nu méré kesan kesan lir enya-enya kajadian tur ukuran panjang. Novél ogé kaasup wa...