Tingkesan Carita Pantun
Dina ieu lawungan pangajaran daring, hidep baris diajak mikawanoh sarta neuleuman hiji karya sastra nu umurna geus ratusan taun katukang, nyaéta carita pantun. Pikeun gambaran hidep ilo kalawan gemet ieu ringkesan carita pantun dihandap!
MUNDINGLAYA DI KUSUMAH
Prabu Silihwangi ngagaduhan dua urang garwa nyaéta Nyimas Téjamantri sarta Nyimas Padmawati nu jadi permaisuri. Ti Nyimas Téjamantri, Prabu Silihwangi ngéngingkeun saurang putra nyaéta Guru Gantangan. Sedengkeun ti permaisuri Nyimas Padmawati, raja ngénginkeun putra nu diwastaan Mundinglaya. Béda umur antara Guru Gantangan jeung Mundinglaya pohara jauhna. Waktu Guru Gantangan ditunjuk jadi bupati di Kutabarang sarta geus lakirabi, Mundinglaya masih kénéh budak leutik.
Alatan henteu miboga anak, Guru Gantangan miara anak kukut anu dibéré ngaran Sunten Jaya. Guru Gantangan ogé hayang ngurus jeung ngagedekeun Mundinglaya minangka anakna. Waktu Guru Gantangan ménta Mundinglaya ti praméswari Nyimas Padmawati, praméswari maparin putrana sabab uninga yén Guru Gantangan pohara mikanyaahna ka Mundinglaya.
Mangkat rumaja katangén pisan kategepan Mundinglaya. Katambih ku pasipatanana anu saé budi. Tebih pisan béntenna sareng Suntenjaya nu sipatna awon pisan. Kumargi Nyi Mas Ratna Inten nyaah pisan ka Mundinglaya, Suntenjaya janten sirik pisan ka Mundinglaya. Guru Gantangan ogé jenten timburu, gaduh sangki anu awon sareng ngaraos disapirakeun ku bojona. Pon kitu Suntenjaya asa kasilihkeun. nyaéta pisan nu ngarobih kanyaahna Guru Gantangan ka Mundinglaya janten kaceuceub nu ahirna Mundinglaya dikerem di pangbérokan Kutabarang, ku margi dianggap ngalakukeun lampah nirca, sanaos harita Mundinglaya téh masih kacida rumajana.
Di Pajajaran, puseur karajaan Sunda, harita téh nuju meujeuhna angkeub, halodo entak-entakan sareng loba jalmi nu kaserang kasawat. Katambih tumuwuhna pacéngkadan di lingkungan kulawarga karaton sabadana Mundinglaya dibérok.
Dina hiji waktos Nyi Mas Padmawati ngimpén ningali Layang Salaka Domas nu aya di Jabaning Langit kalayan dijaga ku Guriang Tujuh. Dina impénannana, aya wartos wiréhna sing saha anu tiasa ngéngingkeun éta layang, baris kénging kahormatan, kabagjaan, katengtreman, karaharjaan sareng kasalametan kanggo nagara miwah rahayatna. éta impénan dicarioskeun ka Prabu silihwangi. Prabu Silihwangi hémeng galihna henteu percanten bakal aya jalmi anu sanggem angkat ka Jabaning Langit bari nyandak Layang Salaka Domas tina kakawasaan Guriang Tujuh; asa pamohalan pisan.
Antukna Prabu Silihwangi ngayakeun gempungan di paséwakan kangggo nangtoskeun saha nu sanggem ka Jabaning Langit. Paséwakan diluuhan ku rahayat Pajajaran, Nyi Mas Téjamantri, Guru Gantangan sareng putrana, Suntenjaya. Tapi teu aya saurang ogé nu némbongkeun kasayagianana. Ki léngsér, ngusulkeun supados Mundinglaya nu aya di pangbérokan Kutabarang ogé ditaros.
Sanaos usulan ki Léngsér henteu disatujuan ku Suntenjaya sareng Guru Gantangan, nu ngariung rempug satuju kana usul ki Léngsér. Mundinglaya diusulkeun supados énggal dibébaskeun. Patih Gelap Nyawang sareng Kidang Pananjung nyuhunkeun idin ka Guru Gantangan supados ngaluarkeun Mundinglaya tina pangbérokan.
Saparantosna ngalakonan sadaya panalék ti balaréa, Mundinglaya kalawan henteu ngawagu langsung baé nampi sagala pancén ti ramana, Prabu Siliwangi. Patih Gelap Nyawang jeung Kidang Pananjung gasik tatahar kanggo miangkeun Mundinglaya ka Jabaning Langit.
Sababaraha dinten Mundinglaya dilatihan perang sareng rupi-rupi élmu gelut sinareng ngagunakeun rupi-rupi pakarang kanggo mayunan sagala hahalang dina lalampahanana. ogé henteu kakantun Mundinglaya diancrubkeun kana Leuwi Sipatahunan supados bérésih jiwana.
Dina dinten nu tos ditangtoskeun Mundinglaya angkat, kalawan pangésto ti ibu sareng ramana, diiring ku Gelap Nyawang sareng Kidang Pananjung, ogé ti sakumna rahayat Pajajaran.
Kumargi Mundinglaya henteu kungsi aangkatan ka luar Pajajaran, anjeunna henteu terang jalan. Sumerah ka nu Maha Kawasa, Mundinglaya angkat ngalangkungan leuweung geledegan kanggo ngajugjug Jabaning Langit. Dina lalampahan ka Jabaning Langit, Mundinglaya ngalangkung ka karajaan bawahan/karajaan alit nyaéta karajaan Muarabérés atanapi nagri Tanjung Barat (nu aya di Pasar Minggu Jaksel kiwari). Di éta nagri, Mundinglaya papendak sareng Déwi Asri. Déwi Asri nu dipiwanoh ogé minangka Déwi Kania atanapi Déwi Kinawati téh putrina Mental Buana incuna Munding Kawati. Mundinglaya sareng Déwi Asri kedal pasini jangji badé patepang deui saparantos Mundinglaya réngsé mancén tugas ti ingkang rama.
Salajengna Mundinglaya dijajap ku Patih Gelap Nyawang sareng Patih Kidang Pananjung ogé teuteup Déwi Asri. Patih Gelap Nyawang jeung Patih Kidang Pananjung gura-giru nyayagikeun parahu kanggo Mundinglaya ngajugjug Atas Angin. Dugi ka Pulo Putri. Patih Kidang Pananjung sareng Patih Gelap Nyawang dipiwarang nungguan Mundinglaya dugi ka réngséna ngemban pancén nyangking Layang Salaka Domas.
Lalakon lalampahan Mundinglaya salajengna sihoréng sanés nyorang jalan ngabulungbung nu caang padang narawangan, malihan jalan anu rembet, rumpil sareng loba cucuk rungga sareng rangrangna anu ngahalang-halang kana lajuna lalampahan Mundinglaya. Namung sanaos kitu anjeunna henteu unggut kalinduan. Tékadna buleud disarengan ku kasadaran wiréh anjeunna baris nyorang sagala hahalang.
Dina lalampahan anjeunna pendak sareng raksasa Jonggrang Kalapitung nu ngahalangan jalanna. Numung éta raksasa tiasa diayonan ku Munding Laya.
Réngsé ngayonan Jonggrang Kalapitung, Mundinglaya reureuh heula.
Ngumpulkeun deui lelembutanana nu kabéngbat ku urusan gelut. Mundinglaya nyangsaya kana tangkal katapang nyawang pilampaheun nu natrat na angen-angenna. Manahna manteng ka Nu Maha Agung sangkan laksana panedana. Sukmana kumalayang ngambah awang-awang.
Kalawan dijajap ku Jonggrang Kalapitung, Mundinglaya naék ka langit kahiji, kadua, katilu, sareng saterasna dipungkas dugi ka langit nu katujuh. Di langit ka tujuh Mundinglaya paamprok sareng Guriang Tujuh nu ngajaga layang salaka domas. Mundinglaya nyarioskeun maksadna wiréh anjeunna peryogi layang salaka domas kanggo nagarana nu nuju nyorang katunggaraan, pacéngkadan, kasawat sareng hahalodoan. Namung éta layang henteu dipasihkeun ku Guriang Tujuh.
Mundinglaya mesat keris. Namung dumadakan aya gelap ngabaranyay disarengan sora ngajegur matak katorékan. Mundinglaya tipental, ragrag ka langit kagenep ngalempréh teu empés-empés.
Di kahiyangan, para pohaci pating lalengis maridangdam. Utamina pohaci Wirumananggay nu kacida prihatinna ningali Mundinglaya ngalungsar ngababatang. Mundinglaya disangkéh terus diséndérkeun dina lahunan, lalaunan embun-embunanana ditiup bari diparancahan.
Saparantos Mundinglaya hirup deui, Nyi Pohaci mamagahan anjeunna supados henteu ngalawan ku cara nu heuras malih kedah ngalawan ku kasabaran, nurutkeun kumaha kahayangna. Mundinglaya naék deui ka langit katujuh. Pendak deui sareng Guriang Tujuh. Guriang Tujuh ngawitan ngahargaan kana karep Mundinglaya nu gaduh tékad badé ngadamel kasaéan. Layang Salaka Domas dipaparin ka Mundinglaya.
Di Kutabarang, Suntenjaya sasat jigrah saangkatna Mundinglaya ka Jabaning Langit. Asa mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas. Meungpeung Mundinglaya nuju suwung di nagara, Suntenjaya badé nganjang Déwi Asri kanggo diolo supados kersaeun dijantenkeun bojona. Sunten Jaya mapeg wadia balad miang ka Muarabérés.
Dina waktos nu harénghéng, Mundinglaya dugi ka Pajajaran teras ka Muarabérés. Sunten Jaya kasoran mundur ti Muarabérés. Salajengna Prabu Silihwangi ngangkat Mundinglaya janten raja di Pajajaran kalayan gelar Mundinglaya Dikusumah. Henteu lami ti harita Mundinglaya ngajodo sareng Déwi Asri. Pajajaran janten aman deui sareng subur makmur.
(https://su.wikipedia.org/wiki/Mundinglaya_Dikusumah)
Harti Carita Pantun
Wacana di luhur nyaéta hiji ringkesan carita pantun nu dianggap sakral jeung ritual ku urang Sunda. Disagédéngeun carita pantun Mundinglaya, aya deui carita pantun séjénna nu dianggap sakral, nyaéta Carita Pantun Ciung Wanara jeung Carita Pantun Lutung Kasarung sakumha tingkesan caritana parantos didugikeun dina pangjaran saméméhna.
Carita pantun atawa lakon pantun nyaéta carita nu biasa dilalakonkeun ku tukang pantun (juru pantun) dina pagelaran ruatan (ritual) nu disebut mantun. Biasana pagelaran pantun téh lumangsung sapeuting jeput ti mimiti bada Isa nepi ka Subuh (Iskandarwassid, 1992: 100).
Dina pagelaranana mah carita pantun téh aya bagian nu dicaritakeun jeung aya ogé bagian nu ditembangkeun kalawan dipirig ku kacapi. Carita nu dipantunkeun mah biasana sok diapalkeun ku Ki Jurupantun. Ku sabab kitu, carita pantun kaasup kana carita rahayat asli milik urang Sunda. Carita pantun sumebar sacara lisan. Éta sababna carita pantun mah jadi réa vérsina.
Gelarna carita pantun mah dimimitia ti abad ka-14. Alesanna sabab dina carita pantun mah umumna nyaritakeun ngeunaan kaayaan Karajaan Pajajaran. Aya ogé nu nganggap yén carita pantun téh gelar jauh ti saméméh Karajaan Pajajaran ngadeg. Alesanna sabab dina hiji carita pantun nu judulna Carita Pantun Ciung Wanara dicaritakeun kaayaan Karajaan Galuh. Kitu ogé dina Carita Pantun Lutung Kasarung dicaritakeun ngeunaan Karajaan Pasir Batang. Boh Karajaan Galuh boh Karajaan Pasir Batang, apan ngadeg jauh saméméh Karajaan Pajajaran. Patalina jeung éta hal, Rusyana (1981: 80) nétélakeun yén tempat jeung waktu nu dicaritakeun dina carita pantun umumna jaman Karajaan Galuh (nu ngadeg dina abad ka-8 jeung réngsé dina abad ka-13), jeung Karajaan Pajajaran (sabada Galuh nepi ka taun 1579). Katerangan nu pang kuatna jeung kana mikawanoh gelarna carita pantun, lalakon pantun, atawa seni mantun, aya dina naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian (1440 Saks; 1518 maséhi). Dina naskah nu kasebut aya opat lalakon pantun, nyaéta Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi, Haturwangi (Iskandarwassid, 1992: 100).
Struktur Carita Pantun
Nitén runtuyan caritana mah dina carita pantun téh aya nu disebut bagian rajah, aya bagian nu dicaritakeun, aya bagian nu didialogkeun jeung aya bagian nu ditembangkeun.
Rangkay/susunan carita pantun téh umumna mah geus tangtu, dimimitian rajah pamuka, mangkat carita, ngadéskripsikeun kaayaan karajaan jeung tokoh carita jeung lalampahanana, tuluy dipungkas ku rajah pamunah atawa rajah panutup (Rosidi, 1983: 33). Dumasar galurna, carita pantun ngawengku unsur-unsur (ngaruntuy) nyaéta pipisahan (iinditan/aangkatan) – ujian (inisiasi) – mulang deui. Galur carita mah apan bisa disebut nuclear unit (Kartini, 1984: 35). Nuclear unit nyaéta galur nu dina kanyataanana bisa mekar jadi sababaraha variasi, saperti kieu:
(1) Pipisahan (mungkin aya atawa henteu):
a. Datangna panggilan pikeun ngalalana
b. Nolak pikeun ngalalana
c. Bantuan gaib nu datang ka nu ngalalana.
(2) Ujian (Inisiasi):
a. Di jalan meunang cobaan nu bahaya
b. Patepung jeung nu nyalametkeun
c. Aya awéwé nu ngagoda
d. Apoteosis, pahlawan jadi sipat déwata
e. Anugerah utama
(3) Malikan/balik deui
a. Nolak balik
b. Ngagelarkeun diri sacara gaib
c. Bantuan/pitulung
d. Jadi panguasa dunya jasmani jeung rohani
e. Hirup bungah (bébas, laluasa) nepika ayana hikmah anugerah.
Disagédéngeun struktur alurna béda téh, carita pantun ogé mibanda ciri-ciri dina téhnik naratif nu béda jeung genre sastra lisan Sunda séjénna. Dina carita pantun kapanggih pola formula jeung formulaik, jeung dialog nu nyoko kana rumpakana rélatif angger ngawengku dalapan engang. Ku sabab kitu, dititén tina wangunna mah, carita pantun téh ngawengku puisi naratif. Tuluy dina awal caritana, carita pantun mah pasti dimimitian ku rajah bubuka. Salian ti kitu, unggal omongan carita jurupantun sok dipirig ku kacapi. Kitu deui, unggal ganti épisodeu sok ditepikeun ku omongan nu mibanda pola malikan deui (pola formula formulaik). Téhnik naratif dina carita pantun sipatna rélatif henteu angger, sok robah. Ieu hal, bisa jadi luyu jeung pasipatan carita pantun salaku sastra lisan nu nyanghareupan kana kaayaan nu tangtu atawa béda-béda.
Nu nalungtik Carita Pantun jeung hasil panalungtikanana
Carita pantung geus lila ditalungtik ku bangsa deungeun, utamana urang Belanda. Salian ti urang Belanda urang pribumi ogé ngayakeun panalungtikan, diantarana hasil panaluntikana:
(1) F.S. Eringa nalungtik Lutung Kasarung;
(2) Y.Y. Meyer gumpulkeun Lakon Bima Wayang, Lalakon Gajah Lumantung, Lalakon Kidang Pananjung, Lalakon Kuda Gandar;
(3) K.F. Holle nalungtik carita pantun Ratu Pakuan jeung carita Kuda Malela;
(4) C.M. Pleyte ngumpulkeun carita pantun Mundinglaya di Kusumah, Ciung Wanara, jeung Nyai Sumur Bandung;
(5) Ajip Rosidi (pamingpin Proyrk panalungtikan Pantun jeung Folklore Sunda) ngumpulkeun carita pantun: Buyut Orenyeng, Badak Pamalang, Budak Manyor, Bujang Pangalasan, Ciung Wanara, Kembang Panyarikan, Lutung Kasarung, Lutung Leutik, Munding Kawati, Panggung Karaton, jeung Mundinglaya di Kusumahn;
(6) Tini Kartini, spk. (1984) nalungtik Struktur Pantun Sunda: Alur.
Tina sajumlah carita pantun nu aya, carita Pantun Lutung Kasarung dianggap pangkeramatna (Rosidi, spk. 2000: 386). Salian ti kitu, carita Pantun Lutung Kasarung ogé pangpopilérna. Ieu hal, dumasar kana kanyataan yén (1) carita pantun Lutung Kasarung pernah dicatet ku Argasasmita tuluy dipublikasikeun ku C.M. Pleyte dina VBG LVIII (1910), (2) carita Pantun Lutung Kasarung dijadikeun bahan disertasi ku F.S. Eringa (1949), (3) carita Pantun Lutung Kasarung dijadikeun bahan carita gending karesmén ku R.T.A. Sunarya (1950), (4) carita Pantun Lutung Kasarung ditulis deui dina wangun prosa ku Ahmad Bakri (1975), (5) carita Pantun Lutung Kasarung dirobah kana wangun dangding ku Sayudi (1985), carita Pantun Lutung Kasarung dijadikeun bahan kasét rékaman Tembang Cianjuran, (7) carita Pantun Lutung Kasarung ditulis deui kana basa Indonésia ku Rustam St. Palindih (1979), (8) carita Pantun Lutung Kasarung ditulis deui kana basa Indonésia ku Ajip Rosidi nu judulna Lutung Kasarung (1958), (9) carita Pantun Lutung Kasarung ditulis deui kana basa Indonésia kalawan judulna Purba Sari Ayu Wangi (1961), jeung (10) carita Pantun Lutung Kasarung dijadikeun film munggaran Indonésia.
Niténan Pola/Struktur Carita Pantun
Tina carita pantun anu dicontokeun, duanana miboga pola nu maneuh. Pék ku hidep titénan sing nepi ka kaharti.
Ku cara nuturkeun pola nu digambarkeun dina diagram di luhur, hidep bisa kalayan gampang nyieun ringkesan carita pantun “Ciung Wanara”. Pék tuliskeun dina tabél ieu di handap!
CARITA PANTUN |
POLA/STRUKTUR CARITA |
||||
Satria ngalalana |
Ngarandapan Ujian |
Satria unggul perang |
Mulang tuluy ngadahup ka putri |
Ngadeg Raja |
|
.............. |
............. |
............... |
.............. |
............... |
............... |
Nganalisis Unsur-Unsur Intrinsik Karya Sastra
Teu béda ti nongton film atawa nongton sinétron, dina lebah maca karya sastra ogé, urang bakal manggihan sawatara unsur nu ngahirupkeun hiji carita nu dilalakonkeun, saperti: saha baé tokoh atawa palakuna, di mana lumangsungna éta kajadian nu dicaritakeun téh, kumaha leunjeuran caritana, jeung hal naon nu hayang ditepikeun ku pangarang sabada film atawa sinétronna ditongton. Satuluyna, sanggeus hidep maham kana eusi carita pantun “Lutung Kasarung”, pék analisis ku hidep babarengan jeung kelompok unsur-unsur intrinsiknana ku cara ngusian tabél di handap ieu
Unsur-Unsur Intrinsik Karya Sastra Dina Carita Pantun “Lutung Kasarung” |
||||
Téma |
Palaku |
Galur |
Setting |
Amanat |
…………… |
…………… |
…………… |
…………… |
…………… |
Tingkesan Pedaran Carita Pantun
Carita pantun atawa lakon pantun, nyaéta carita nu biasa dilakonkeun ku jurupantun dina pagelaran ruatan (ritual) nu disebut mantun. Dina pagelaran pantun aya bagian nu dicaritakeun, jeung aya bagian nu ditembangkeun bari dipirig ku kacapi.
Carita pantun gelar saacan abad ka-14 sabab dina Carita Pantun Ciung Wanara dicaaritakeun Karajaan Galuh jeung dina Carita Pantun Lutung Kasarung dicaritakeun Karajaan Pasir Batang. Kadua éta karajaan jauh sanggeus ayana Karajaan Pajajaran ngadeg. Bukti titulis ayana carita pantun nyaéta Naskah Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian (1440 Saka, 1518 Maséhi). Dina éta naskah dijelaskeun aya opat judul carita pantun, nyaéta Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi, jeung Haturwangi. Carita pantun nu kakoncara, nyaéta Carita Pantun Ciung Wanara, Lutung Kasarung, jeung Mundinglaya Di Kusumah.
Struktur/runtuyan carita pantun ngawengku rajah, aya bagian nu dicaritakeun, aya bagian nu didialogkeun, jeung aya bagian nu ditembangkeun. Carita pantun dimimtian ku rajah bubuka – mangkat carita – ngadéskripsikeun karajaan jeung tokoh-tokoh séntral nu dilalakonkeun - ditutup ku rajah panutup atawa rajah pamunah.