Minggu, 18 Oktober 2020

Pancakaki

 

Pancakaki nyaéta perenahna jelema ka jelema deui nu sakulawarga atawa nu kaasup baraya kénéh: Kumaha pancakakina Si A ka Si B? (indung, bapa, nini, aki, paman, bibi, anak, incu, buyut, alo, suan, jsté). Lian ti éta, pancakaki téh pikeun mapay perenahna babarayaan: Cing, urang pancakaki heula, perenahna kumaha saenyana Ujang jeung Emang téh?

Nilik kana konsépna mah pancakaki téh mangrupa budaya nu asalna dilarapkeun di lingkungan kulawarga. Upamana, naha hubungan antara égo jeung nu lian téh perenahna emang, alo, adi, lanceuk, dulur misan, aki ti gigir, jeung sajabana. Tangtu muguhkeun ieu hubungan téh kacida pentingna pikeun rupaning kaperluan, di antarana pikeun netepkeun urusan jatukrami, warisan, jeung réa-réa deui.

Tapi saterusna mah konsép pancakaki téh ngalegaan, lain ngan dilarapkeun dina hubungan kulawarga wungkul, tapi dina hubungan sosial nu leuwih lega (tingali Ajip Rosidi, 1996). Upamana, istilah-istilah kakulawargaan (modél bapa, ibu, akang, ceuceu, bibi, atawa emang) lain ngan digunakeun dina hubungan jeung dulur tapi jeung batur deuih. Upamana, istilah akang lain ukur sesebutan ka lanceuk lalaki, tapi ka lalaki nu lain dulur, biasana nu saluhureun.

Sangkan leuwih jéntré ngeunaan pancakaki, urang tilik deui ngeunaan carita wayang. Tangtuna waédina carita wayang sok mindeng kasebut ngaran tokoh wayang, nyaéta Gatotkaca jeung Arjuna. Hidep apal saha ari Gatotkaca? Gatotkaca téh anak Bima ti Arimbi. Ari Arjuna, adina Bima. Bima lanceuk Arjuna. Ku kituna Gatotkaca ka Arjuna, perenahna emang. Sabalikna Arjuna ka Gatotkaca, perenahna alo.

Boh Bima, boh Arjuna, boga indung ngaranna Déwi Kunti. Ari bapana Pandu Déwanata. Arjuna kawin ka Subadra, boga anak Abimanyu. Lantaran Arjuna anak Pandu Déwanata jeung Déwi Kunti; Pandu jeung Kunti ka Abimanyu perenahna incu. Ari Abimanyu ka Pandu Déwanata jeung Déwi Kunti, perenahna aki jeung nini.

Gatotkaca ogé sarua, ka Pandu Déwanata jeung Déwi Kunti téh perenahna aki jeung nini. Ari ka Subadra, ku sabab pamajikan emang (Arjuna), perenahna bibi. Saterusna Gatotkaca ka Abimanyu, perenahna kapiadi. Sabalikna Abimanyu ka Gatotkaca perenahna kapilanceuk. Sedengkeun Abimanyu ka Bima jeung Arimbi, perenahna ua. Sabalikna Bima jeung Arimbi ka Abimanyu, perenahna suan.

Abimanyu kawin ka Déwi Utari, boga anak Parikesit. Alhasil Parikesit téh buyutna Pandu jeung Kunti. Sesebutan sarua (buyut) ti parikesit ka Pandu jeung Kunti.

Hubungan kakulawargaan saperti nu ditataan bieu, disebutna pancakaki. Supaya leuwih gampang, titénan ieu bagan di handap!

 
              

Katerangan bagan diluhur:

Pandu Déwanata kawin ka Déwi Kunti. Jadi Pandu téh boga pamajikan Kunti, ku kituna Kunti ka Pandu téh perenahna salaki. Perkawinan Pandu jeung Kunti téh boga anak Bima jeung Arjuna. Bima kawin ka Arimbi boga anak Gatotkaca. Sedengkeun Arjuna kawin ka Subadra sarta boga anak Abimanyu. Satutuluyna Abimanyu anakna Arjuna ti Subadra téh kawin ka Utari sarta boga anak Parikesit. Alhasil Gatotkaca jeung Abimanyu téh incuna Pandu jeung Kunti, sedengkeun Parikesit mah Buyutna Pandu jeung Kunti. Arjuna téh adina Bima, Bima téh lanceukna Arjuna. Ku kituna Arimbi ka Arjuna téh adi beuteung, sedengkeun Subadra ka Bima dahuan ku sabab Bima téh lanceukna Arjuna salakina Subadra.

Utari téh pamajikan Abimanyu anak Arjuna ti Subadra, ku kituna Utari téh minantu Arjuna jeung Subadra. Sabalikna Utari ka Arjuna jeung Subadra indung bapana Abimanyu salakina nyaéta perenahna mitoha. Ari Abimanyu ka Bima mah ua/toa sabalikna Bima ka Abimanyu mah suan. Kulantara Gatotkaca téh anak uana Abimanyu nyaéta Bima perenahna Abimanyu ka Gatotkaca mah kapilanceuk, sabalikna Gatotkaca ka Abimanyu mah kapiadi. Sedengkeun Gatotkaca ka Arjuna adi Bima bapana pisan perenahna nya emang atawa paman, ari ka Subadra mah Gatotkaca téh nya bibi ku sabab pamajikan emangna Arjuna téa. Jst.

Ka handap:

1.     Anak  : turunan kahiji (turunan pertama)

2.     Incu    : turunan kadua, anak ti anak (cucu, turunan kedua, anak dari anak)

3.     Buyut : turunan katilu, anak ti incu (cicit, turunan ketiga, anak dari cucu)

4.     Bao    : turunan kaopat, anak ti buyut (turunan keempat, anak dari buyut)

Ka luhur:

1.     Bapa              : bapa sorangan (ayah)

2.     Indung           : indung nu ngalahirkeun sorangan (ibu)

3.     Aki                : bapa ti bapa/indung sorangan (kakek, ayah dari ayah/ibu)

4.     Nini               : indung bapa/indung ti bapa/indung (nenek, ibu dari ayah/ibu)

5.     Uyut              : bapa/indung ti aki/nini (ayah/ibu dari kakek/nenek)

6.     Bao               : bapa/indung ti uyut (ayah/ibu dari uyut)

7.     Janggawaréng  : bapa/indung ti bao (ayah/ibu dari bao)

8.     Udeg-udeg     : bapa/indung ti janggawaréng (ayah/ibu dari janggawaréng)

9.     Kakait siwur   : bapa/indung ti udeg-udeg (ayah/ibu dari udeg-udeg)

10.  Karuhun         : silsilah ka luhur nu geus maot (silsilah ke atas yang sudah meninggal)

11.  Sesepuh         : silsilah ka luhur nu masih hirup (silsilah ke atas yang masih hidup)

Dulur atawa baraya ti gigir:

1.     Lanceuk         : dulur saluhureun/abang/kakak laki-laki/awéwé.

2.     Adi                : dulur sahandapeun laki-laki/awéwé nu leuwih ngora

3.     Ua/toa          : dulur laki-laki/awéwé nu leuwih kolot (abang/kakak) ti bapa/indung

4.     Paman/emang : adina indung/bapa, dulur laki-laki sahandapeun (adi) ti bapa/indung

5.     Bibi               : adina bapa/indung (awéwé), anakna aki/nini

6.     Alo                : anakna lanceuk/kakak, keponakan

7.     Suan              : anakna adi, keponakan

8.     Incu teges      : anakna anak urang, anak minantu

9.     Anak teges     : anak sorangan

10.  Aki teges       : aki sorangan

11.  Nini teges      : nini sorangan

12.  Aki ti gigir      : adina atawa lanceukna aki/nini, kakek (abang/adi) ti aki/nini

13.  Nini ti gigir    : adina atawa lanceukna aki/nini nu awéwé

14.  Ua ti gigir      : anakna lanceuk aki/nini

15.  Kapilanceuk   : anakna ua/toa ti bapa/indung

16.  Kapiadi          : anakna emang/bibi ti bapa/indung

17.  Incu ti gigir    : incuna adi

18.  Emang ti gigir : anakna adi aki/nini (lalaki)

19.  Bibi ti gigir     : anakna adi aki/nini (awéwé)

Perkawinan:

1.     Salaki            : suami

2.     Pamajikan     : istri

3.     Mitoha           : mertua

4.     Minantu         : menantu

5.     Dahuan          : lanceuk salaki/pamajikan, abang/kakak kandung ti salaki/pamajikan

6.     Adi beuteung : adina salaki/pamajikan/adik ipar

Anak:

1.     Tunggal             : anak nu nganhiji-hijina

2.     Cikal                 : anak sulung, anak nu lahir pangheulana

3.     Panengah          : anak tengah, anak nu lahir ditengah-tengah

4.     Pangais bungsi   : lanceuk/abang/kakak ti anak bungsu, runtuyan kadua ti handap

5.     Bungsu              : anak bungsu, anak nu lahir pamungkas

 

Istilah Pancakaki Séjénna:

1.     Lanceuk sabrayna          : lanceuk/abang/kakak nu masih saturunan ti aki/nini

2.     Adi sabrayna                 : adi nu masih saturunan ti aki/nini

3.     Dulur pet ku hinis          : dulur kandung, dulur saindung/sabapa

4.     Dulur sabaraya              : dulur pisan, anakna emang/bibi jeung ua

5.     Dulur teges                   : dulur enya saindung sabapa

6.     Indung téré                   : pamajikan Bapa lain nu ngalahirkeun urang

7.     Bapa téré                      : salaki indung lain anu ngalantarankeun urang lahir

8.     Anak téré                      : anak sampakan ti lalaki/pamajikan

9.     Dulur patétéréan           : anak indung/bapa téré

10.  Baraya laér                   : baraya anu nurutkeun pancakaki geus jauh

11.  Teu hir teu walahir        : teu baraya saeutik-eutik acan

12.  Bau-bau sinduk             : baraya kénéh sanajan geus laér

13.  Baraya                          : sakur anu aya pancakakina

14.  Bésan                           : indung/bapana minantu

15.  Dahuan                         : salaki atawa pamajikanna lanceuk

16.  Mitoha/mertua             : indung/bapana salaki/pamajikan

17.  Dulur/baraya                 : sakur nu aya pancakakina

18.  Dulur landes                  : dulur/baraya deukeut kénéh

19.  Sapiriumpi/saanak-incu   : sakulawarga, sajumlahna anggota kulawarga

20.  Mintelu                         : dulur turunan katilu

21.  Beuti-pamelaran           : sékésélér atawa turunan

22.  Bondoroyot/kulawedet : kulawarga, salaki, pamajikan, anak, incu, jsté.

23.  Karuhun                        : luluhur jalma-jalma nu kungsi aya heulaeun urang, nu ngarundaykeun urang.

24.  Deungeun-deungeun      : nu lian, lain dulur urang

25.  Bibit buit                      : turunan asli

  26. Deungeun-haseum/teu hir teu walahir : teu dulur saeutik-eutik acan


NOVÉL

Pedaran Ngeunaan Novél Novél nyaéta carita rékaan (fiksi) nu méré kesan kesan lir enya-enya kajadian tur ukuran panjang. Novél ogé kaasup wa...