TÉATER JEUNG DRAMA
A.
TÉATER
Sacara étimologis, téater nyaéta gedong pintonan atawa auditorium. Harti
lega, téater nyaéta sagala tongtonan nu dipintonkeun di hareupeun jalma réa.
Dumasar harti heureut, téater nyaéta drama, lalakon hirup jeung kahirupan manusa nu dicaritakeun dina pintonan kalawan ngagunakeun guneman jeung
gerakan dumasar kana naskah nu ditulis dirojong ku dékor, musik, nyanyian,
tarian, jeung sajabana.
Téater salaku tongtonan ngawengku: téater modérn jeung téater tradisional.
Téater tradisional mah henteu ngagunakeun naskah. Sutradara ngan méré pancén pamaén
pikeun merankeun salasahiji palaku. Parapamaén di tungtut pikeun spontanitas dina
improvisasi. Contona longsér (Jawa
Barat), ludruk (Jawa timur), jeung ketoprak (Jawa tengah).
Téater modérn ngagunakeun naskah nu dicekel pageuh sarta dilaksanakeun
sagemblengna. Tata panggung, musik pirigan/pengiring, tata lampu, paguneman
jeung gerakan pamaén kudu dumasar naskah.
Téater téh nyaéta drama nu mangrupa pintonan lalakon dina panggung sarta mibanda opat fungsi, nyaéta 1) Wahana ritual, sabab mimitina mah gunana pikeun kagiatan ritual, kaagamaan, jeung sakral, 2) Alat hiburan, sabab téater di paké panglipur kalbu, ngaleungitkeun kasumpek haté, 3) Pintonan, sabab mangrupa pintonan hasil karya sastra, 4) Kedaling (éksprési), jadi ku ayana téater jalma bisa ngedalkeun eusi haténa, pikiran, jeung rasana ka jalma lian ku cara ngaragakeun atawa metakeun peran-peran nu tangtu.
Salian ti kitu, téater ogé bisa pikeun ngébréhkeun 1) lalakon (naskah), 2) pamaén, 3) sutradara, 4) pagelaran, 5) kru produser (production crew), 6) properti, jeung 7) nu lalajo (nongton).
B.
HARTI DRAMA
Drama téh nyaéta carita atawa lalakon nu
diwujudkeun dina wangun pagelaran pikeun dipintonkeun. Garapan utama drama mah
nyaéta ayana naskah nu jadi dadasar pintonan drama. Tapi aya ogé karangan drama
nu ngan wungkul diajangkeun pikeun bacaeun disebutna closet drama. Sok sanajan dina genre sastra Sunda mah nepi ka
kiwari can kasabit-sabit.
Karangan drama mibanda ciri-ciri; ngagunakeun kalimah langsung, palakuna leuwih
ti saurang, gelarna paguneman mangrupa omongan palaku nu silihtépas, naskah
drama biasana dibagi kana sababaraha babak atawa adegan.
Nepi ka kiwari gelarna drama di tatar Sunda geus aya deui drama dina wangun
séjén nyaéta monolog nu mangrupa omongan hiji jalma, padahal geus ti mimiti
dipikawanoh nu disebut drama suara atawa gending karesmén nyaéta drama nu
dialog-dialogna ditembangkeun atawa dikawihkeun. Jadi parapamaén kudu bisa
tembang atawa kawih, dina genre sastra séjén mah meureun disebutna téh kabarét.
Kiwari drama di tatar Sunda ogé aya nu disebut drama modérn atawa téater,
nu umumna ngalalakonkeun kalakuan manusa sacara réalistis. Sedengkeun ari
sandiwara mah kaasup drama lisan, hartina drama nu teu maké naskah. Biasana
ngalalakonkeun carita wayang, roman, babad, jeung desik (lalakon ti nagara
Arab, saperti carita Amir Hamzah).
Seni drama mangrupa hiji tongtonan hasil adu-manis tina seni séjénna, di antarana: 1) Seni sastra pikeun naskah carita, 2) Seni Lukis pikeun tata rias jeung tata panggung, 3) Seni musik pikeun musik panganteur, 4) Seni tari pikeun gerakan pamaén, jeung 5) Seni peran pikeun merankeun palaku/tokoh.
Sangkan bisa akting nu alus
Palebah dieu tangtuna hidep kudu bisa akting nu alus pikeun diajar drama
dina pangajaran basa Sunda, sok komo mun seug hidep boga karep jadi aktor nu
kaconcara siga sélébriti. Ku kituna aya sababaraha dadasar pikeun padoman
akting pikeun aktor nu alus, di antarana:
1. Pamolah teu kaku, teu dijieun-jieun (overacting),
2. Guneman (dialog) teu dijieun-jieun,
3. Ucapan (vokal) kudu écés,
4. Gambaran watek (karakterisasi) kudu kajiwaan,
5. Pasemon jeung rindat (éksprési beungeut) kudu wajar tur ngayakinkeun,
6. Bisa ngamangpaatkeun sakumna situasi pentas jeung properti,
7. Paham kana sababaraha hal, diantaran:
b. latihan maca,
c. ngawasa sarana pentas,
d. watek salaku motivasi pikeun plot,
e. bobot peran, jeung
f. madukeun kesan sacara gembleng.
Latihan ngaragakeun (maén peran)
Saméméh hidep prung merankeun drama, tangtuna waé kudu aya heula prosés
pikeun ngahontal akting nu alus téa. Hartina hidep kudu ngawasa sababaraha
téhnik ngaragakeun (maén peran/pemeranan), di antarana:
- Téhnik muncul nyaéta cara midang di panggung merankeun tokoh carita, kaayaan awak, tipe watek, sikep, gerak awak (gesture), jeung umur nu diperankeun.
- Téhnik ngeusian nyaéta cara pamaén merankeun drama bari ngajiwaan peran katut eusi caritana.
- Téhnik nyusun klimaks nyaéta cara nyuguhkeun puncak carita nepi ka nu lalajo ngarasa kahudang rasana (bungah, sedih, gereget, jsté).
- Téhnik méré tekenan nyaéta cara pamaén midangkeun carita ku cara nekenkeun babagian carita nu dianggap penting ku sora nu bedas, ngagorowok, jsté.
- Téhnik méré témpo nyaéta cara pamaén ngucapkeun dialog, naha gancang atawa anca, jsté.
- Téhnik wirahma maén nyaéta cara pamaén ngedalkeun dialog ku wirahma nu keuna, iraha sorana naék jeung iraha sorana turun.
Sangkan hidep nambahan pangaweruh ngeunaan drama, pikeun ngagampangkeun
nyangkem drama, hususna dina merankeun drama mah hidep bisa waé ku cara apal
heula kana unsur-unsur drama nyaéta:
1. Téma nyaéta poko pikiran nu aya dina eusi carita. Jadi hidep bakal bisa ngayahokeun lalakon drama naon nu bakal dipintonkeun sabada maca atawa ngalalajoan éta lalakon tepi ka tamat. Patali jeung eusi carita atawa lalakon tadi, téma drama bisa dipasing-pasing deui jadi drama komédi, drama tragédi, jeung mélodrama.
- Drama komédi nyaéta asalna tina istilah komédi nu dipaké pikeun drama nu pungkasan caritana kabagjaan pikeun palaku utama (happy ending).
- Drama tragédi nyaéta drama nu midangkeun adegan-adegan nu penting tur serieun sarta nu balukarna cilaka, sedih, asor, kaniaya pikeun palaku utama.
- Mélodrama nyaéta mimitina mah istilah mélodrama téh dipaké pikeun sakur pagelaran nu dipirig ku musik, kaasup opera. Kiwari mah dipaké pikeun drama nu réréana ngolah konflik batin, ngolah adegan nu ngagambarkeun gerak galura aworna rasa.
2. Palaku atawa “penokohan” dina drama téh ngaran-ngaran jalma katut pasipatan nu ngalalakon dina carita drama. Patali jeung kalungguhan dina carita drama, palaku bisa dibagi jadi tilu rupa, nyaéta
- Palaku utama nyaéta palaku nu nyekel peran utama dina carita ti awal nepi ka ahir, biasana ogé disebut palaku protagonis.
- Palaku pangbantu atawa pameran pangbantu nyaéta palaku nu peranna mantuan, marengan atawa jadi lawan pameran utama, biasana ogé disebut palaku antagonis.
- Palaku panambah biasa ogé disebut palaku figuran nyaéta palaku nu teu pati penting peranna, upama dibanding jeung palaku utama katut palaku pangbantu.
3. Latar téh aya dua rupa nyaéta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat
nu nuduhkeun di mana éta kajadian téh lumangsungna. Ari latar waktu mah nu
nuduhkeun iraha éta kajadian téh lumangsungna.
4. Alur, galur atawa plot nyaéta rakitan rupaning kajadian nepi ka ngawujud
jadi leunjeuran carita.
5. Amanat nyaéta pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca atawa ka
nu lalajo dina pintonan drama.
6. Dialog atawa paguneman nyaéta wangun poko dina drama. Sabab dina drama mah
nu jadi utama dina karangan drama téh apan tulisan dina wangun paguneman atawa
dialog.
7. Prolog nyaéta pangjajap kana carita drama nu ditepikeun saméméh
lumangsungna carita drama dipintonkeun. Eusina mah diantarana katerangan
ngeunaan tempat jeung waktu, ringkesan carita, jsb.
Épilog nyaéta bagian
pamungkas dina lalakon, nu eusina méré koméntar nu leuwih jauh ngeunaan ahir
carita, dialog nu diucapkeun ku salahsaurang aktor ka parapanongton dina ahir
pagelaran carita drama.
ISTILAH NU
NGADEUKEUTAN KANA DRAMA
a. Sandiwara. Ieu istilah
diciptakeun ku Mangkunegara
VII, asalna tina kecap basa Jawa sandhi ang
hartina rusiah, jeung warah nu ngandung harti pangajaran. Ku Ki Hajar Déwantara,
istilah sandiwara dihartikeun salaku pangajaran nu dilakukeun sacara teu langsung.
b. Lakon. Ieu istilah mibanda sababaraha harti, nyaéta (1) carita nu diperankeun dina drama, wayang, atawa film (2)
karangan nu mangrupa carita
sandiwara, jeung (3) kalakuan, kajadian,
peristiwa.
c. Tonil. Ieu istilah asalna tina basa Belanda toneel,
nu hartina pintonan/pertunjukan. Ieu istilah popilér sawaktu penjajahan Belanda.
d. Téater. Ieu istilah asalna kecapna tina basa Yunani theatron,
nu hartina mencrong seukeut. Hartina téater nyaéta (1) gedong pintonan/pertunjukan,
(2) hiji wangun seni sora nu ditepikeunana dilakukeun atawa dilakonkeun dina
wangun pintonan hareupeun balaréa.
e. Pentas. Hartina téras nu rada luhur, panggung, tempat pintonan/pertunjukan,
podium, mimbar, tribun.
f. Sendratari. Ieu akronim atawa wancahan tina seni drama jeung tari, hartina pintonan atawa pertunjukan nu dibarengan ku tatarian, sarta
dilakukeun ku sababaraha urang penari jeung nyaritakeun hiji carita, tapi henteu ngagunakeun paguneman.
g. Opera. Hartinya drama musik,
drama nu mintonkeun nyanyian jeung musik.
h. Operét. Opera leutik, singget, jeung pondok.
ISTILAH-ISTILAH
DINA DRAMA
a. Babak
Babak, mangrupa bagian tina lalakon drama. Dina hiji lalakon drama bisa jadi ngan hiji, dua atawa tilu babak malah bisa waé leuwih. Wates antara babak hiji jeung babak satuluyna ditandaan ku turunna layar atawa pareumna lampu pentas.
Lamun lampu dihurungkeun deui atawa layar diangkat deui biasana aya parobahan tata panggung nu ngagambarkeun sétting nu béda.
b. Adegan
Adegan nyaéta bagian tina babak. Hiji adegan ngan bagian tina runtuyan kaayaam dina babak.
c. Prolog
Prolog nyaéta bubuka dina carita drama. Eusi prolog biasana
ngeunaan ngawanohkeun parapalaku, konflik nu kajadian jeung sinopsis carita.
d. Épilog
Épilog nyaéta kecap panutup dina ahir carita. Eusina sakapeung mangrupa
kacindekan atawa atikan nu bisa diala tina tongtonan drama nu geus dipintonkeun.
e. Dialog
Dialog nyaéta kekecapan parapamaén. Dialog mangrupa hal penting, sabab salaku pangjajap carita/lalakon drama. Supaya dialog henteu matak pikaboseneun, ku kituna dina ngucapkeunana kudu dibarengan ku jiwa raga sacara émosional, salian ti kitu lafalanna kudu jelas jeung ngoncrang.
f. Monolog
Monolog nyaéta panguneman nu mangrupa omongan
hiji jalma.
g. Mimik/Pasemon
Mimik atawa pasemon nyaéta éksprési gerakan beungeut pikeun némbongkeun émosi nu karandapan ku pamaén.
h. Pantomim
Pantomim nyaéta éksprési gerakan awak pikeun némbongkeun émosi nu karandapan ku pamaén.
i. Pantomimik
Pantomimik nyaéta adu-manis éksprési gerakan awak pikeun némbongkeun émosi nu karandapan ku pamaén.
j. Géstur
Géstur nyaéta gerakan sakujur awak nu dilakukeun ku pamaén.
k. Bloking
Bloking nyaéta aturan
pindah tempat ti hiji tempat ka tempat séjén supaya pintonan pamaén leuwih alus.
l. Gait
Gait béda jeung bloking sabab mangrupa tanda-tanda husus dina cara leumpang jeung cara bagerak pamaén.
m. Akting
Akting nyaéta
gerakan-gerakan nu dilakukeun pamaén salaku aprésiasi peran nu diperankeun.
n. Aktor
Aktor nyaéta jalma nu ngalakukeun akting atawa pamaén drama. Sedengkeun pikeun aktor awéwé disebutna salaku aktris.
o. Improvisasi
Improvisasi nyaéta gerakan-gerakan atawa
ucapan-ucapan nu nyaimbangkeun supaya leuwih
ngahirupkeun peran.
p. Ilustrasi
Ilustrasi nyaéta pirigan sora-sora pikeun nguatan suasana nu keur digambarkeun. Istilah
ilustrasi ogé bisa disebut musik pirigan/pengiring.
q. Kontémporér
Kontémporér nyaéta carita atawa naskah nu sarwa bébas sarta nu henteu aya patalina jeung aturan.
r. Kostum
Kostum nyaéta pakéan para pamaén nu dipakéna dina waktu merankeun tokoh carita dina panggung.
s. Skénario
Skénario nyaéta runtuyan gurat badagna carita
drama nu rék diragakeun ku parapamaén.
t. Panggung
Panggung nyaéta tempat paraaktor merankeun drama.
u. Layar
Layar nyaéta lawon nu nutupan panggung beulah hareup nu bisa dibuka jeung ditutup luyu jeung kabutuhan.
v. Nu Lalajo/Penonton
Nu Lalajo/Penonton nyaéta sakabéh jalma nu hadir pikeun nyaksian pintonan drama.
w. Sutradara
Sutradara nyaéta jalma nu mingpin jeung pangtanggungjawabna
dina pintonan drama.download