CARITA PONDOK
ku Gusniawan Sastrawiguna, S.Pd., Gr.
Wangenan
Carita Pondok Sunda
Sabada
maca tilu conto carita pondok di luhur, naha Sadérék bisa nyindekkeun naon ari
carita pondok téh?
Carita
pondok téh carita nu pondok nu nyaritakeun hiji idé nu gembleng. Carita pondok
mah carita nu singget, padet, lengkep, gumulung, jeung utuh. Sakumna unsur tina
hiji carpon kudu pageuh kaiket dina ngahijina jiwa nu carita, pepel, jeung
lengkep. Malah ceuk kamandang Ajip Rosidi mah, carpon mah ulah kurang ulah
leuwih, komo bari teu urgén mah kana maksud sagemblengna nepi ka kudu dipiceun
(Tarigan, 1984: 176). Berg Esenwein dina bukuna What is the Short-Story?, méré wangenan yen. “A short-story is a brief, imaginative narrative, unfolding a single
predomination incident and a single chiep character, it contains a plot, the
détails of which are so compresses, and the whole tréatment so organized, as to
produce a single impression” (Koswara, 2003).
Éta
wangenan téh disaluyu jeung pamadegan Sumardjo jeung Saini K.M. (1988: 30) nu
ngébréhkeun yén “carita pondok téh carita nu winangunna prosa turta ukuranna
rélatif pondok. Ukuran pondok téh hartina sakeudeung upama dibaca, ukur
mikabutuh waktu kurang ti sajam. Salian ti éta, disebut pondok téh pédah ieu génré ukur mibanda éfék tunggal,
karakter, plot, jeung Sétting nu
kawatesanan, henteu loba rupana, jeung alurna teu kompléks.”
Isnéndés
(2010: 29) nyebutkeun yén carita pondok téh karangan tinulis fiksi atawa rékaan
nu galur caritana rélatif basajan. Hal éta lantaran jumlah kajadian caritana
henteu réa; museur kana hiji kajadian, tur palakuna ukur dua atawa tilu urang.
Salian ti éta, jejer jeung latar (Sétting)
carita pondok mah napak dina alam kahirupan kiwari, béda jeung dongéng.
Nugroho Notosusanto dina Tarigan (1984: 176) nétélakeun yén carita pondok téh carita nu panjangna kurang-leuwih 5000 kecap nu museur jeung lengkep sagemblengna. Tapi dina tradisi literasi Sunda mah carita pondok ilahar panjangna 7.500 kecap. Dina kasusastraan Sunda, carpon téh ukuran karanganana ku kaca (halaman) nyaéta antara 4-6 kaca 1,5 spasi. Di Barat merenah disebut short short story. Upama make standar Manglé nu disebut carita tilu bagian téh ilaharna 10-15 kaca, carita dua bagian téh biasana 7-10 kaca. Carita dua bagian ieu nu meujeuhna disebut short story di Barat, sedengkeun carita tilu bagian éta leuwih merenah disebut long short story (malah di leuwih ti 15 kaca) (Isnéndés, 2010: 29).
Ciri-ciri
Carita Pondok Sunda
Ciri-ciri
carita pondok nyaéta kieu.
1.
ciri
utamana: lengkep, utuh, inténsif (brevity,
unity, intensity);
2.
unsur
utamana: adegan, tokoh, jeung gerak (scene,
character, action);
3.
basana
kudu seukeut, sugestif, jeung matak ngirut nu maca (incisive, suggestive, alert);
4.
kudu
ngandung interprétasi boh langsung boh teu langsung;
5.
ngahudang
éfék tunggal ka nu macana;
6.
kudu
matak kataji, keuna kana manah nu satuluyna keuna kana pamikiran;
7. kudu
aya detil-detil jeung kajadian nu dihaja pikeun nimbulkeun pertanyaan dina
pikiran nu maca;
8.
kajadian
dina carita pondok kudu ngawasa jalan carita
satuluyna;
9.
palakuna
utamana kudu museur; saurang;
10. nimbulkeun kesan; nepi
ka tuluy dipiinget;
11. gumantung kana hiji situasi;
12. imprésina tunggal;
13. éfékna museur; buleud;
14. ngasongkeun émosi tunggal;
15. Jumlah kekecapan kurang
tina 10.000 kecap (Morris; Lubis; Brooks; Notosusanto dina Tarigan (1984: 177-178).
Rupa-rupa Carpon
Dina
paragraf saméméhna geus dijéntrékeun, aya tilu rupa carita pondok upama
ngeunteung ka Barat mah, nyaéta short-short-story,
short-story jeung long short-story. Sanajan
tiluanana gumulung dina carita pondok, tapi tina wangunna nu katara,
istilah-istilah ieu nu bisa nerangkeunana.
Wangenan
ieu téh jadi rupa carpon mun nilik tina ukuran lobana kecap. Ieu hal téh
diilhaman ku kamandang Richard Summers nu nétélakeun yén:
“There are two reguler length for
short-stories: 3.000 to 3.500 words --- and 5.000 words --- the latter more common. A few magazines
prefer the 6.000 to 8.000 words story. Novélletes are stories running anywhere from 12.000 to 30.000 words, while so
colled magazines “Novéls”--- often extended short-stories --- vary from 35.000
to 60.000 words. The everage Novél in book form is usually about 100.000 words
in length.”
Tah
kitu wangenan carita pondok téh. Bapa miwah Ibu guru tiasa milari literature
séjén pikeun mikapaham jeung lenyepan kana carita pondok.
Salian
ti rupa-rupa carita pondok disawang tina wangunna, aya klasifikasi carita
pondok dumasar kana ajénna, nyaéta carita pondok sastra jeung carita pondok
hiburan. Carita pondok nu kaasup kana nu mibanda ajén sastra tangtuna carita
pondok nu nyumponan norma-norma tungtutan tina seni sastra. Anapon carita
pondok nu kaasup carita hiburan tujuanna ukur ngahibur wungkul.
Struktur
Carita Pondok Sunda
Struktur
carita pondok Sunda teu jauh jeung Novél Sunda. Unsur-unsur utama nu aya dina carita pondok: téma,
galur, penokohan. Salian ti éta lantaran carpon mah carita nu pondok, ku kituna
sangkan mincut nu maca, puseur sawangan (sudut
pandang) tokoh kacida pentingna dina carpon. Satuluyna basa kudu mikat nu
maca, jadi unsur basa jadi hal nu penting dina carita pondok.
Dina
carita pondok, aya pertanyaan-pertanyaan nu bisa dijadikeun padoman pikeun
ngarakrak éksprésif-sugéstifna hiji carita pondok. Ieu pertanyaan téh bisa
dilegaan deui ku urang dina prak-prakanna.
1.
Téma
a.
Naon
Téma carita pondok?
b.
Naha
éta téma ajeg, saluyu jeung bebeneran nu dipuhit ku masarakat réa?
2.
Puseur Sawangan
a.
Tina
puseur sawangan saha éta carita pondok téh dicaritakeunana?
b.
Naha
éta puseur sawangan téh konsékwén dina éta carita?
3.
Tokoh
a.
Naha
tokoh jeung penokohan dipintonkeun langsung ku
pangarangna? Boh nyaritakeun sifat-sifatna atawa pikiran- pikiranna?
b. Naha
tokoh jeung penokohan dipintonkeun sacara teu langsung, misalna tina dialog,
paripolah, jeung réaksi-réaksi tokoh?
c. Naha
éta tokoh-tokoh téh réal; nyata? Naha éta tokoh téh digambarkeunna hirup atawa sabalikna?
d. Naon
sabenerna nu dipikahayang ku para tokoh dina carita pondok, ku naon maranéhna
hayang ngahontal tujuanna?
e.
Kumaha
patalina para tokoh jeung téma carita?
4.
Galur
a. Kajadian
naon nu dipilih pikeun ngayonan carita?
b. Naha
aya hubungan nu wajar jeung hadé antara téma jeung rupa- rupa insidén nu geus
dipilih pikeun jalanna carita?
c. Naha
insidén éta nu disebut jeung dipilih pikeun ngayonan jalanna carita? Naha
henteu kajadian séjén, misalna, nu diasongkeun dina éta carita supaya jalan
caritana béda?
d. Naha
éta kajadian-kajadian téh disusun sahadé-hadéna nepi ka aya puseur jeung tujuan
nu rék dihontalna?
e. Naha
éta kajadian-kajadian téh wajar, hirup, jeung ngandung maksud nu merenah dina
sagemblengna carita?
5.
Basa
a. Naha
basa nu dipaké dina éta carita pondok seukeut, lincah, jeung sugéstif; ngandung
daya nu mangaruhan ka nu maca?
b. Gaya
basa naon waé nu digunakeun dina éta carita pondok?
c. Naha
dipakéna gaya basa téh wajar jeung hirup atawa artifisial jeung nganyari-nyari?
Éta
pertanyaan-pertanyaan nu bisa dijadikeun padoman ku urang dina ngarakrak unsur
carita pondok bari dilegaan jeung dirinci deui nepi ka hal-hal bubukna.
Kamekaran
Carita Pondok Sunda
Carita
pondok Sunda mimiti gelarna awal abad ka-20, dina majalah Parahiyangan taun 1929. Sataun
ti harita, taun 1930, gelar buku kumpulan carpon Sunda munggaran nu judulna Dogdog Pangrewong karya pangarang nu
inisialna G.S., sedengkeun nu medalkeunna Balai Pustaka.
Numutkeun
Rosidi (1966: 102) upama urang maca judul éta buku, katitén yén pangarang kalawan sadar henteu
nempatkeun maneh salaku pangarang, tapi ukur jadi pangréwong, néwo-néwo
wungkul. Malah dina panganteurna, pangarang nétélakeun yén nulis carita lucu
teh pikeun panglipur lara nu macana.
Ieu buku kumpulan
carpon téh eusina
tujuh carita lucu. Lulucon nu ditulis ku G.S. dina carita-caritana patali jeung
suasana alam harita
jeung sawanda jeung
dongéng-dongéng samodél “Si Kabayan”.
Hal éta katitén dina carpon nu judulna “Angeun LOdéh”. Tapi sanajan kitu, dina
carpon séjénna G.S. hasil nyampakkeun éksistensi dirina salaku pangarang nu
mahér dina guguyon, ogé mahér ngagambarkeun watek jeung suasana ku
paguneman-paguneman hégar.
Gelarna
carpon Sunda méh bareng jeung
gelarna carpon di Jawa nu dimuat dina majalah Kejawén taun 1929 – 1930. Dina éta majalah sering midang carita
humor atawa prosa singget nu ditilik tina struktural mah mirip jeung carpon.
Kitu deui dina gelarna carita pondok dina sastra Indonésia méh saentragan, tapi
genep taun béh dieu, taun 1936. Éta kumpulan carpon téh judulna Téman Duduk karya
M. Kasim. Ku kituna, carita pondok
dina sastra Sunda jeung Jawa leuwih tiheula genep taun batan carita pondok dina
basa nasional.
Kumpulan
carita karya G.S. atawa M. Kasim, duanana bisa dianggap rawayan nu matalikeun
dunya dongéng-dongéng lucu nu populér di masarakat rakyat nu geus hirup
mangabad-abad dina wangun lisan, jeung dunya
carpon, nu kaasup genré sastra
modéren dina sastra Sunda jeung sastra Indonésia. G.S. dan M. Kasim salaku
perintis, nu mitembeyan nu nulis carpon, boh dina basa Sunda boh dina basa
Indonésia (Rosidi, 1966: 103).
Tilu
puluh taun ti harita, taun 1959 gelar buku kumpulan carpon Sunda nu judulna Carita Biasa karya R.A.F., disusul ku Hujan Munggaran (1960) karya Ajat
Rohaédi, jeung Papacangan (1960)
karya Rusman Sutiasumarga. Kitu deui dina sastra Indonésia, ti sabarang gelarna
Téman Duduk (1936) karya M. Kasim
disusul ku kumpulan carpon séjénna, Kawan
Bergelut (1938) karya Suman Hs, Dari
Lembah Kahidupan (1940) karya Hamka, Dari
Avé Maria ke Jalan Lain ke Roma (1948) karya Idrus, Yang Terhempas dan Yang Terkandas (1951) karya Rusman Sutiasumarga,
Si Jamal (1950) karya Mohtar Lubis, Kerétakan dan Ketegangan (1956) karya
Achdiat K. Miharja, jeung réa-réa deui. Nepi ka kiwari ratusan buku kumpulan
carpon geus dimedalkeun.
Prosés
asupna carpon kana pentangan sastra Sunda mulus jeung teu aya nu nolak ku masyarakat Sunda, tétapi langsung
ditarima dina kahirupan sastra Sunda, malah
nepi ka kiwari mekar kalawan nyugemakeun. Média nu jadi lahan sumebarna carita pondok nya dina majalah, koran, jeung internét, kiwari mah.
Misalna waé, baheula aya majalah Sunda: Warga
(1951), Sunda (1952),
Candra (1954), Kujang (1956), Manglé (1957), Kiwari (1957), Sari (1962), Langensari (1963), Mingguan Sunda (1966),
Hanjuang (1971),
Gondewa (1972), Giwangkara (1973), dan Galura
(1974). Tina média ieu, carpon-carpon Sunda dimuat jeung dipublikasi nepi
ka dipikawanoh ku masarakat pamacana. Média nu masih hirup nepi ka kiwari nya Manglé, Giwangkara, Kujang, jeung Galura. Ditambahan ku Suara Daérah, Cupumanik, Sunda Midang, jeung
réa-réa deui nu teu kacatet.
Ieu
béréndélan pangarang carpon Sunda di antarana waé: Syarif Amin, M.A. Salmun,
Caraka, Ki Umbara, Wahyu Wibisana, Iskandarwassid, M. Rustandi Kartakusumah,
Duduh Prawiraatmaja, Saini K.M., Karna Yudibrata, Min Resmana, Yus Ruyana,
Abdulah Mustappa, Ahmad Bakri, Kis WS., Djohar Éfsa, Usép Romli H.M., Adang S.,
Éddy D. Iskandar, Godi Suwarna, Béni Setia, Taufik Faturohman, Budi Rahayu
Tamsyah, Ahmad Bakri, Cécép Burdansyah, Ahmad Hadi, Ano Karsana, jeung réa-réa
deui. Anapon pangarang wanoja di antarana: Tini Kartini, Ningrum DjulAéha, Aam
Amilia, Ami Raksanagara, Sum Sudarsono, Holisoh M.É., Yooke Tjuparmah, Tétty S.
Nataprawira, Mumun Munayah, Tétti Hodijah, Nita Widiati, Risnawati, Chyé Rétty
Isnéndés, E.D. Jénura, Tiktik Rusyani, Firda Aulia, Dian Wulan, jrrd.
Para
pangarang téh guyub dina organisasi-organisasi sastra, saperti: PPSS, PATREM,
kiwari aya P13 nu diasuh ku Aam Amilia.
Tabel
Medalna Carpon Sunda
|
D
E K A D E |
|||||||
|
1930-an |
1940-an |
1950-an |
1960-an |
1970-an |
1980-an |
1990-an |
2000-an nepi ka kiwari |
|
Aya |
- |
Aya |
Aya |
- |
Aya |
aya |
Aya |
Tabel 2.3 Hadiah Rancagé pikeun Karya Sastra Sunda Genré Carita Pondok
|
No |
Judul
Buku |
Pangarang |
Tahun |
|
1 |
Jajatén
Ninggang Papastén |
Yus Rusyana |
1989 |
|
2 |
Halimun
Peuting |
Iskandarwassid |
1990 |
|
3 |
Serat
Sarwasatwa |
Godi Suwarna |
1996 |
|
4 |
Nu
Harayang Dihargaan |
Darpan A. |
1999 |
|
5 |
Geus
Surup Bulan Purnama |
Yous Hamdan |
2006 |
|
6 |
Oléh-oléh
Pertempuran |
Rukmana HS |
2007 |
|
7 |
Sanggeus
Umur Tunggang Gunung |
Usép Romli HM |
2010 |
|
8 |
Halis
Pasir |
Us Tiarsa |
2011 |
|
9 |
Nadran |
Ahmad Bakri |
2016 |
Panutup
Carita
pondok téh karangan tinulis fiksi atawa rékaan nu galur caritana rélatif
basajan. Hal éta lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa; museur kana hiji
kajadian, tur palakuna ukur dua atawa tilu urang. Salian ti éta, jejer jeung
latar (Sétting) carita pondok mah
napak dina alam kahirupan kiwari, béda jeung dongéng.
Ciri-ciri
carita pondok aya patalina jeung hakékat karya sastra carita pondok. Tilu rupa
carita pondok upama ngeunteung ka Barat mah, nyaéta short-short- story, short-story jeung long short-story. Sanajan tiluanana gumulung dina carita pondok,
tapi tina wangunna nu katara, istilah-istilah ieu bisa nerangkeun naon bédana.
Rupa carita pondok dumasar kana ajénna, aya carita pondok nu ajénna nepi kana
karya sastra, aya ogé ngan ukur nepi ka
carita pondok nu ajénna hiburan wungkul.
Struktur
carita pondok Sunda teu jauh jeung Novél Sunda. Unsur-unsur utama nu aya dina
carita pondok: téma, galur, penokohan, latar, puseur implengan, jeung basana nu
matak kataji.
Carita pondok
Sunda mimiti gelarna
awal abad ka-20,
dina majalah Parahiyangan taun 1929. Sataun ti
harita, taun 1930, gelar buku kumpulan carpon
Sunda munggaran nu judulna Dogdog
Pangréwong karya pangarang nu inisialna G.S., sedengkeun nu medalkeunna
Balai Pustaka. Carita pondok dina sastra Sunda leuwih tiheula genep taun batan
carita pondok dina basa nasional; Téman
Duduk nu gelarna taun 1936.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar